Bandunng, bewarajabr..com – Naha make aya acara Bandung ulin? Naon bedana jeung ulin Bandung ?.
Bandung ulin hiji acara pikeun nembrakeun deui kaulinan urang lembur anu kiwari geus kasilih ku kaulinan modern anu jolna tina budaya asing.
Barudak geus teu waranoh urusan kaulinan zaman baheula. Keur ngawanohkeun kaulinan urang lembur anu pangaruhna keur dunya atikan gede pisan Kota Bandung ngayakeun festival Bandung Ulin. Festifal ieu geus lila sabenerna mah dilaksanakeun tanggal 28 Agustus 2019. Kaulinan urang lembur kacida gede pisan pangaruhna kana perkembangan pisik jeung mental generasi. Teu eleh ku kaulinan modern. Samalah kapan kaulinan modern mah loba madzorotna tinimbang manfaatna. Prinsip kaulinan modern mah nganteur karesep barudak. Ari kaulinan urang lembur mah prinsipna ngadidik budak.
Contona jajangkungan anu dijieun tina ruas awi. Anu kiwari disebut enggrang ngalatih syaraf kasaimbangan budak sabab teu bisa langsung make jajangkungan lamun teu make prosĕs diajar heula. Samalah anu kakara diajar mah kapan loba labuhna tinimbang bisa nangtungna. Atuh lamun geus bisa kudu ngajaga kasaaimbangan. Kitu karakter kaulinan urang lembur. Sajaba eta aya nu disebut katepel. Ieu oge ngalatih konsentrasi budak fokus kana sasaran sangkan batu leutik anu dina katepĕl bisa keuna kanu sasaran. Papanggalan ogĕ sarua teu aya nu langsung bisa malĕdogkeun panggal tapi kudu makĕ prinsip-prinsip anu tumali jeung pelajaran fisika urusan gerak jeung kasaimbangan gerak.
Kaulinan modern mah teu perlu lila adaptasi modĕl maĕn game dina HP langsu bisa satutas budak ningalikeun. Tapi diajar jajangkungan teu cukup ningalikeun tapi kudu ngarasakeun kumaha ngajaga kasaimbangan awak.
SMP Gema Pancasila boga eskul pertanian anu dibina ku pa Udin Alinurdin. Lain ukur melakna ogĕ ngokolakeun hasil tatanĕn jadi kulinĕr has Sunda. Ku hal ieu sakalian ka dayeuh SMP Gema Pancasila oge ngeusi stand Pamĕran ku olahan siswa diantarana ranginang, opak, kicimpring tina sampeu, jeung gendar tina bĕas. Sajaba ti pepelakan urban farming oge diringkid. Pepelakan dina poly bag kayaning cĕngĕk, tomat, saledri, bawang daun, surawung jeung sajabana.
Hasil karya barudak dipamĕrkeun. Teu mawa kekembangan sabab teu ngajarkeun melak kekembangan di Gema Pancasila diarahkeun kana hal anu produktif tur sanggup nohonan bubutuh kahirupan. Lamun saledri jeung daun diurus tangtu alus katĕnjona saperti kembang. Sajaba ti ĕta bisa dimanfaatkeun di dapur.
Biasa lamun SMP Gema Pancasila pamĕran sok tara kabawa balik deui. Pon kitu harita oge memeh acara anggeus barang nu dipamĕrkeun geus parongpong. Teu dibikeun tapi dijual tur payu sabab aralus atuh kadahareun oge ngareunah. Samalah pa Udin katempuhan kudu mawa heula barang ka sakola sabab dina stand geus beak sedengkeun gegeden dinas pendidikan pesen kalawan mere harga anu onjoy. Muga ieu pameran jeung acara tĕh jadi pagalaman keur barudak dimana geus sawawa mangkĕ.
Maranĕhna sanggup noong kahirupan jeung ngamanfaatkeun kasempetan pikeun bisa ngolah hirup sangkan jadi hurip. Leuwih ti kitu bisa ngeusi kamerdekaan kalawan kagiatan anu pistif sangkan bangsa jadi produktif teu gumantung ka bangsa sejen.