Perlu dipiharti ku sakumna ki Sunda anu ha’at kana sajarah, yén saméméh kabudayaan barat ngawasa Nusantara, kabudayaan buhun leuwih ti heula aya.
Karajaan Salakanagara ngadeg ti abad ka-2 Masehi, saterusna diganti ku Tarumanagara abad ka-4 Masehi.
Dina jaman Tarumanagara ieu mimiti kakoncara sebutan “Sundapura” nyaéta ngaran puseur dayeuh Tarumanagara.
Saterusna karajaan Tarumanagara diteruskeun ku karajaan Sunda anu kacida panjang umurna. Kasebut ogé ngaran Pajajaran anu jadi ngaran kacapangan tina “Pakwan Pajajaran”, anu nuduhkeun ngaran puseur dayeuh karajaan Sunda.
Kabudayaan buhun urang Sunda mangsa bihari mangrupa akulturasi tina kabudayaan lokal jeung kabudayaan Hindi. Istilah Hindi didieu lain pikeun nyebut agama Hindu tapi nuduhkeun kana kabudayaan hiji bangsa.
Istilah saperti Nusantara, Jawadwipa, Salakanagara, Tarumanagara, Sundapura nepika Sunda, sakabéh ogé nuduhkeun kana ayana pangaruh gedé ti bangsa Hindi anu ngagunakeun basa Sanskerta.
Nepika dieu bisa dicindekkeun yén istilah “Sunda” téh teu bisa dimonopoli ku sukubangsa atawa sélér anu kiwari disebut sabagé “urang Sunda”.
Urang Sunda teu bisa ngamonopoli istilah “Sunda” sabab bangsa lian leuwih tiheula mibanda, ogé leuwih tiheula ngalarapkeun.
Peryoga hal sarupa kieu diteuleuman sangkan ki Sunda mibanda kawijaksaan enggoning terus bajoang ngudag jatidiri.
Di luhur geus dijéntrékeun yén saméméh karajaan Sunda aya karajaan Salakanagara. Masarakat anu nyicinganana urang sebut sabagé “urang Salakanagara”. Arinyana téh karuhun “urang Sunda”. Boh urang Sunda anu nyicingan karajaan Sunda, ogé nepika ayeuna nyaeta urang Sunda jaman kiwari.