Aya paribasa uyah mah tara téés ka luhur. Kukituna bisa jadi sagala pasipatan urang Sunda Kiwari, boh hadéna boh goréngna, mangrupa téésan ti urang Salakanagara sabagé karuhun.
Saméméh jadi karajaan, wewengkon Salakanagara téh mangrupa kabuyutan anu lega, diluluguan ku Ki Buyut Tirema. Sok sanajan ukur kabuyutan, tapi ambahan kamasarakatanana geus kawilang maju salian ti lega. Kasebut aya wewengkon Merak nu asalna tina kecap mérak, nyaéta ngolah pérak jadi mangrupa-rupa pakakas jeung papaés.
Di jaman kiwari, wewengkon Merak jadi hiji palabuan di Cilegon. Harti Salakanagara sorangan nyaéta nagri pérak. Tapi kecap nagri atawa nagara didieu teu saharti jeung “negara”, da can jadi karajaan. Legana Salakanagara kurang-leuwih saprovinsi Banten kiwari.
Urang Salakanagara kawentar sabilulungan. Tah pasipatan ieu contona aya di urang Banten, urang Kanékés, urang Kampung Naga, jeung urang Ciptagelar.
Urang Salakanagara kawentar soméah ka sémah. Atuh ieu mah pasipatan urang Sunda sacara kum. Bakating ku soméah, nepika remen kaleungitan kawaspadaan yén bisa waé sémah téh boga niat deleka.
Urang Salakanagara téh égalitér, éta wé Ki Tirema waé daék narima Dewawarman sabagé minantu, padahal inyana urang Hindi. Dewawarman ieu anu ahirna ngobah Salakanagara jadi karajaan, tur inyana jadi raja nu munggaran. Ieu mangrupa wiwitan wewengkon Tatar Sunda jadi ajang pulitik bangsa deungeun.
Salakanagara terus maju nepika anjog ka jaman Dewawarman VIII. Dina jaman ieu aya buron perang ti Hindi anu ngaranna Jayashingawarman kabur ka Salakanagara. Dihiapkeun ku Dewawarman VIII nepika ieu buron téh bisa ngadegkeun karajaan Tarumanagara. Enya, urang Sunda Kiwari ogé kitu, samalah jauh leuwih parna.
Walanda anu jadi patalukan Perancis waé dihiapkeun bumén-bumén di Tatar Sunda, atuh nulungan anjing kadempét.
Réngsé jaman Salakanagara bras ka jaman Tarumanagara, terus bras ka jaman karajaan Sunda. Arinyana ogé tangtuna kaasup karuhun urang Sunda Kiwari. Ari urang Sunda Kiwari nyaéta anu hirup sabada Pajajaran Burak.
Di antara watek urang karajaan Sunda anu kacatet dina sajarah nyaéta kolu akur jeung batur nalika gétréng jeung dulur. Antukna batur mibanda kasempetan pikeun nyokot kauntungan. Éta anu kateuleuman tina lalakon Padrao Sunda Kalapa.