Gunana eunteung nyaéta pikeun nilik nalika mémérés diri. Kukituna ieu guaran teu leuwih ti pieunteungeun sangkan urang Sunda Kiwari bisa leuwih ngaronjatkeun sikep sabilulungan, sikep waspada, bari tetep soméah ka sémah.
Sabada Pakwan Pajajaran Burak, karajaan Sunda teu bener-bener carem. Sumedang Larang bisa dianggep sabagé panerus warisna sabab kaamanatan makuta Binokasih Sanghyang paké. Mangké ku beuki ngangsregna Mataram Islam, Sumedang Larang serah bongkokan. Ti dieu riwayat karajaan Sunda bener-bener carem.
Salian ti Banten jeung Caruban, Mataram ngawasa sakabéh wewengkon urut karajaan Sunda. Masarakat Sunda nu aya di wewengkon éta ngalaman akulturasi budaya antara Sunda jeung Jawa. Tapi cicirén kasundaanana anu leuwih onjoy. Justru puseur dayeuh Banten jeung Caruban anu leuwih deukeut kana budaya Jawa, utamana dina perkara basa.
Puseur dayeuh Banten mangsa harita ayana di Serang, anapon karatonna di wewengkon Banten Lama ayeuna. Salian ti Serang, dimana Cilegon jadi salah-sahiji wewengkonna harita, wewengkon lian kasultanan Banten ieu maké basa Sunda warisan Salakanagara. Kasebut di antarana nyaéta Lebak, Tangerang, jeung Pandeglang.
Di Serang sorangan dina mangsa harita, aya wewengkon anu maké basa Sunda, nyaéta wewengkon Wahanten Girang. Sarua, anu dipakéna basa Sunda Salakanagara. Nyaéta basa Sunda anu deukeut-deukeut ka basa Sunda urang Kanékés atawa basa Sunda loma urang parahyangan.
Nepika dieu aya salah sahiji kacindekan yén warisan Salakanagara anu tetep pageuh napel di urang Sunda Kiwari nyaéta perkara basa. Sok sanajan dihurup atawa dirempug ku basa Sanskerta, basa Kawi, jeung basa Melayu Kuno, basa Sunda Salakanagara teu carem. Perkara loba kosakecap anu kaserep tina mangrupa-rupa basa kasebut, teu ngajadikeun basa Sunda kelebuh.
Sabada leupas tina kakawasaan Mataram, urang Sunda asup kana kakawasaan pajajah Eropa. Sok sanajan kabéh wewengkon Nusantara aya dina cangkereman pajajah, tapi puseur pajajahan ayana di Tatar Sunda. Dina mangsa ieu urang Sunda teu sapinuhna bisa dijajah, utamana dina perkara ageman jeung kabudayaan.
Kalolobaanana urang Sunda dina mangsa pajajahan Eropa, geus ngagem Islam. Saterusna dina perkara kabudayaan kaasup basa, urang Sunda teu leungiteun kabinangkitan. Anu leungit ti urang Sunda nalika éta aya, nyaéta kasantanaan pulitik. Urang Sunda teu bisa pisan ojah dina perkara pulitik kajaba upama daék lélétak ka kaom pajajah.
Dina jaman kamerdékaan, nanasiban urang Sunda can bisa sapinuhna menyat sacara sosial-pulitik. Deukeut ka puseur dayeuh nu mangrupa puseur kakawasaan, Tatar Sunda haben dipaké palagan adu regeng kapentingan pulitik. Di antara anu kacatet nyaéta antara 1949 – 1963 mahabu perang RI ngalawan NII. Nepika aya babasan kieu : Nu perang Karno jeung Karto, nu korban Karna jeung Karta.