Panutup
Tina asal sakecap dina basa Sanskerta, nyaéta kecap “Sunda”, bisa ngajadi mangpirang-pirang jinis banda dina basa lian.
Nalika kecap Sunda diserep ku basa Inggris, jadi sun nu hartina panonpoé. Nalika kecap Sunda asup ka Nusantara, dipaké jadi ngaran karajaan, ngaran sélér, ngaran paparan, ngaran ageman, ngaran budaya, nepika ngaran selat. Dina urusan méré ngaran, bisa jadi bangsa lian anu nindak, urang Sundana sorangan tarima beresih.
Pikeun urang Sunda anu ngagem Islam, anu iman kana qada jeung qadar, tangtu hampang-himping dina narima kanyataan yén Sunda téh lain kecap babandaan urang, tapi babandaan bangsa Hindi. Sahampang narima kanyataan yén kangjeng nabi sanés wangsa Sunda, tapi urang daék narima sacara ikhlas.
Ngajadi urang Sunda mangrupa takdir anu urang tarima beresih, papastén ti Allah anu teu bisa dihayang-hayang atawa diembung-embung. Tapi dina perkara nasib, urang wenang ngihtiaran.
Saupama kiwari urang ngarasa yén nanasiban Sunda sabagé hiji wangsa téh kurang alus, nya perlu pikeun narékahan sangkan menyat. Sababaraha pasipatan ki Sunda anu kurang hadé perlu dioméan. Anapon pasipatan anu hadé kari diriksa, sukur-sukur upama bisa dironjatkeun.
Geus lila dina basa Indonesia aya istilah “kearifan lokal”, anu remen pagegrug wangenanana jeung istilah “kebudayaan lokal”. Padahal éta mangrupa dua hal anu béda.
Miturut kana basa Indonesia, sakaligus ihtiar pikeun terus ngawangun jatidiri ki Sunda, sigana pantes saupama urang Sunda mibanda “Kawijaksanaan Sunda”. Sabagé urang NKRI, urang boga “Kearifan Lokal”, anapon sabagé urang Sunda, urang mibanda “Kawijaksanaan Sunda”.
Naon waé ari Kawijaksanaan Sunda téh? Keun mangké urang guar sacara husus.
Tutug.
Pamuga aya gunana.
Rakéan Santanawangi
Yayasan Sawala Kandaga Kalang Sunda