“Kiwari ku téhnologi nu linuhung parobahan-parobahan sosial jeung pangatikan, tangtu urang kudu parigel ngigelanana, intina mah pangjejer nu anyar kudu bisa leuwih gancang ngulisik pikeun mapakanana”
BANDUNG, bewarajabar.com — Numutkeun Kadisdik Jabar, Dewi Sartika, nguningakeun ka bewarajabar yén ayana PGRI téh geus jadi hiji kakuatan pikeun dinas pendidikan, lantaran ningkatna kaparigelan guru teu leupas tina uyubna PGRI.
Dibénjérbéaskeun ku Kadisdik Jabar, Dewi Sartika, yén nu diajengkeun ku PGRI ka disdik téh mangrupa hiji répérénsi pikeun Disdik dina nangtukeun jeung ngarumuskeun saniskara nu aya pakuat-kaitna jeung guru.
“Kaasup ti antarana nu patali jeung parobahan-parobahan kahareupna jeung nu bakal dipigawé ku Disdik Jabar, tangtu urang salawasna miboga kordinasi jeung miharep ayana uyub sinareng guyub ti PGRI,” pokna.
Nu dipiharep ku PGRI Jabar, kapangurusan anyar PGRI wanci 2019-2024 engké, tina euyeubna Konprof ieu bisa nyiptakeun jejer anyar nu leuwih anyar. Lian ti numutkeun Kadisdik Jabar, pangjejer nu anyar bisa miboga pamanggih ngeunaan parobahan-parobahan kahareupna, jeung pamingpin anyar nu leuwih kréatip sarta leuwih gancang adaptasina.
“Kiwari ku téhnologi nu linuhung parobahan-parobahan sosial jeung pangatikan, tangtu urang kudu parigel ngigelanana, intina mah pangjejer nu anyar kudu bisa leuwih gancang ngulisik pikeun mapakanana,” pokna.
“Lian ti éta Ketua PGRI Jawa Barat Dr. H.K. Edi Parmadi M.MPd ka bewarajabar, miharep sangkan pangjejer PGRI nu anyar enyaan bisa nyiptakeun jejer nu bisa nuluykeun program nu can kungsi kapigawé tur miara program nu geus anggeus dipigawé,” walerna ringkes. (AMAT)