BANDUNG, bewarajabar.com — Teu kurang ti 1031 anggota PGRI sa-Jawa Barat miluan Konprénsi PGRI nu dipuseurkeun di Trans Studio Bandung, kitu nu diuningakeun ku Ketua PGRI Prof. Jabar Dr. H.K. Edi Parmadi M.M.Pd dina sambutanana.
Dina éta Konprof PGRI téh dua urang piketuaeun diwawarkeun ti antarana nyaéta H. Dede Amar jeung Dadang Suntana.
Diprédiksi jang saheulaanan H. Dede Amar leuwih punjul dina pamilihan sora ngaleuwihan Dadang Suntana salaku ripalna, dumasar kana peunteunan langsung bewarajabar dilapangan.
Ditepungan di éta patempatan, H. Dede Amar nguningakeun ka bewarajabar, réhna pangjejer anyar engkéna bakal rancak gawé bareng antara anggota milénial, sénior jeung tengah tuwuh.
“Kuring miharep Anggota PGRI boga kahayang pikeun parobahan, jeung sapamagodos ngarah PGRI bisa méré nu panghadéna pikeun guru, guru nu miboga martabat,” wuwuhna.
Ceuk Dede, PGRI rék méré nu pangalusna keur guru, lian ti éta nu patali jeung rencana kawijakan pamaréntah nu rék ngarobah diayakeunana UN. PGRI bakal ngawal dilaksanakeunana téh enyaan dumasar kana kahayang masarakat.
“Sakabéh anggota RI, tempat mulang sakabéh guru téh nyaéta PGRI, hayu urang babarengan ngajadikeun jeung némbongkeun roh babarengan guru téh, di mana waé anggota PGRI ayana rék palebah ranting, cabang, kabupatén/kota, tur tingkat nasional pikeun nyiptakeun nu dipiharep ku unggal guru,” pungkas H. Dede Amar. (Amat)
Discussion about this post