Bandung, bewarajabar.com — Kurang leuwih 1.028.000 pelaku UMKM (Usaha Mikro, Kecil & Menengah) di Provinsi Jawa Barat bakal narima BLT (Bantuan Langsung Tunai) Rp 2,4 juta ti pamarentah pusat sarengsena SK (Surat Keputusan) ditarima ku Dinas KUK (Koperasi & Usaha Kecil).
Tujuanna, ku ayana eta bantuan para pelaku UMKM bisa produktif deui paska dampak pandemi Covid-19. Diharepkeun roda perekonomian masarakat di Jawa Barat bisa gerak deui, sanggeus morosot tumuwuhna ekonomi.
Nitenan eta hal, Sekretaris Komisi III Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Provinsi Jawa Barat Yunandar Rukhiadi Eka Perwira nembrakkeun, eta kebijakan cukup hade pikeun ngarangsang pelaku UMKM sangkan bisa deui ngamimitian usahana. Ngan, mere eta BLT kurang efektif mun seug henteu dibarengan ku rojongan pamarentah dina nyiptakeun pasarna sarta mecut pikeun ngarojatkeun daya beli masarakat.

Sabab mun seug henteu, ceuk Yunandar, dihariwangkeun eta BLT justru bakal mgaposisikeun pelaku UMKM jadi konsumen. Lantaran produk nu djieun dikonsumsi ku sorangan atawa nambru lantaran teu laku. Nu antukna tujuan tina ayana eta BLT henteu jalan sakumaha nu diharepkeun.
Ku ayana eta bantuan, sabenerna hade. Aya perhatian ti pamarentah pusat pikeun ngadorong para pelaku usaha produktif deui. Tapi, terus terang henteu efektif, mun seug euweuh lengkah terusanna ti pamarentah daerah. Lantaran pasualanna lain saukur modal tapi market jeung daya beli. “Contona kieu, maranehna nyepeng duit Rp Rp 2,4 juta dipake produksi. Saperti tukang gorengan, lamun teu payu panan didahar ku sorangan. Atawa mangrupa barang mun teu payu numpuk di gudang,” ceuk Yunandar, sawatara waktu katukang.
Yunandar nambahkeun, pasualan daya beli sakuduna bisa dibereskeun ku pamarentah daerah. “Jadi terus terang, ceuk kuring mah Bansos teh lengkah kurang komprehensif. Sakuduna nyoba muka market nu leuwih lega. Salah sahijina nyieun market place. Mana komo kiwari di market place, sakabeh penjualan ningkat nepika 400 persen. Eta lolongkrang sakuduna bisa dimaksimalkeun,” tandesna.








































































Discussion about this post