Karawang, bewarajabar.com — Abad Ka-15 Karawang mangrupa leuweung jeung rawa. Jaman Karajaan Pakuan Pajajaran nu puseurna di Bogor, Karawang mangrupa wewengkon nu jadi jalur utama patali marga pikeun ngahubungkeun Karajaan Pakuan Pajajaran jeung Galuh Pakuan nu aya di daerah Ciamis.
Harita lega wilayah Karawang nyaeta nu ayeuna jadi Karawang, Bekasi, Subang, jeung Purwakarta. Taun 1579 Masehi, Karajaan Pakuan Pajajaran runtuh. Tuluy taun 1580 ngadeg karajaan anyar nu ngagem agama Islam di tanah Pajajaran, nyaeta Karajaan Sumedanglarang.
Karajaan Sumedanglarang dipingpin ku raja nu jenenganna Prabu Geusan Ulun. Dina mangsa pamarentahan Prabu Geusan Ulun, puseur pamarentahan pernahna di Dayeuhluhur kalayan wilayah kakawasaanna ngawengku: Sumedang, Galuh, Limbangan, Sukakerta, jeung Karawang.
Karajaan Sumedanglarang mangrupa karajaan nu subur ma’mur jaman harita nepi ka Prabu Geusan Ulun tilar dunya taun 1608 sarta diganti ku putrana nyaeta Ranggagempol Kusumahdinata.
Sajeroning kitu, di Jawa Tengah ngadeg Karajaan Mataram nu dipingpin ku Sultan Agung (1613-1645). Mangsa pamarentahanna, Sultan Agung mibanda tekad pikeun ngawasa sakuliah Pulo Jawa sarta ngusir Walanda nu puseur pamarentahanna di Batavia.
Taun 1620 Ranggagempol Kusumahdinata nu aya hubungan kulawarga jeung Sultan Agung, nyerenkeun kakawasaan Karajaan Sumedanglarang ka Karajaan Mataram. Ku kituna ku Sultan Agung Ranggagempol Kusumahdinata tuluy diangkat jadi bupati di tanah Sunda.
Salila jadi bupati di tanah Sunda, Ranggagempol ngalaksanakeun kawajibanna kalawan hade nepi ka tilar dunya taun 1624. Tuluy anjeunna diganti ku adina nyaeta Ranggagede. Digantina Ranggagempol ku Ranggagede nimbulkeun papaseaan antara kulawarga. Putra Ranggagempol Kusumahdinata anu ngarasa disapirakeun pedah teu diangkat jadi putra mahkota sarta teu ngaganti tahta bapana, ngayakeun pemberontakan.
Dina ngalakukeun pemberontakanna putra Ranggagempol menta bantuan ka Sultan Banten supaya nalukkeun Karajaan Sumedanglarang. Minangka imbalanna, putra Ranggagempol jangji rek mikeun sakabeh kakawasaan Karajaan Sumedanglarang ka pamerentahan Karajaan Banten. Tuluy Karajaan Banten ngirim bala tentarana pikeun nohonan pamenta putra Ranggagempol sakalian ngarebut deui palabuan Sunda Kelapa nu geus dikawasa ku Walanda.
Asupna tentara Banten ka Karawang kaembus ku pihak Sultan Agung pingpinan Karajaan Mataram. Ku kituna taun 1624 Sultan Agung ngutus Aria Wirasaba ti Mojo Agung, Jawa Timur pikeun ngabebaskeun Karawang ti Banten dibarengan 1000 prajurit bari nyiapkeun logistik ku cara ngabangun gudang-gudang beas. Lian ti eta, Sultan Agung oge ngutus Aria Wirasaba naliti rute serangan Mataram ka Batavia ngaliwatan jalur Banyumas.
Diutus ku Sultan Agung pikeun mereskeun sagala urusan di Karawang, Aria Wirasaba dibantuan ku pasukanna ngadegkeun 3 desa di Karawang, nyaeta, Desa Parakansapi, Desa Adiarsa jeung Desa Waringinpitu.
Desa Parakansapi nyaeta hiji desa nu kiwari pernahna di tapel-wates Karawang jeung Purwakarta nu harita mah kaereh ka Kecamatan Pangkalan Karawang, tuluy robah jadi kaereh ka Kabupaten Purwakarta sarta kakerem cai nalika dibangun Bendungan Ir. H. Juanda Jatiluhur.
Desa Adiarsa nyaeta wewengkon nu kiwari jadi Kecamatan Karawang Barat. Ngaran Adiarsa kiwari dipake ngaran Kelurahan Adiarsa Barat jeung Kelurahan Adiarsa Timur. Puseur Desa Adiarsa bihari nyaeta nu kiwari sabudeureun Alun-alun Kelurahan Karawang Kulon sarta jadi peuseur kota nalika Karawang awal ngadeg.
Desa Waringinpitu, nyaeta desa nu kiwari jadi Desa Telukjambe sarta robah jadi Kecamatan Telukjambe tur mekar jadi 3 kecamatan, nyaeta: Kecamatan Telukjambe Barat, Kecamatan Telukjambe Timur jeung Kecamatan Ciampel.
Tapi, kusabab kurangna komunikasi antara Aria Wirasaba jeung pihak Karajaan Mataram. Sultan Agung tuluy nganggap yen Aria Wirasaba geus gagal dina ngalaksanakeun tugasna.
Pikeun ngajaga kaamanan wilayah Karajaan Mataram di beulah kulon, taun 1628-1629 Sultan Agung marentahkeun bala tentarana pikeun nyerang VOC (Walanda) di Batavia. Tapi serangan teh gagal sabab medan perangnna kacida beuratna.
Saterusna, wilayah Karawang ku Sultan Agung dijadikeun puseur logistik sarta butuh pingpinan nu pinter tur ahli oge mampuh ngadorong masarakat pikeun ngabangun pasawahan. Tuluy, Sultan Agung marentah Wiraperbangsa ti Galuh dibarengan 1.000 prajurit pikeun ngabebaskeun Karawang ti pangaruh Banten sarta dijadikeun puseur logistik. Wiraperbangsa oge diutus pikeun nyiapkeun serangan ka VOC (Walanda) di Batavia.
Wiraperbangsa hasil ngalaksankeun pancen tugas ti Sultan Agung. Ku kituna Sultan Agung maparin pangajen ku cara ngangkat Wiraperbangsa jadi wadana (satingkat bupati) di Karawang. Lian ti eta, Wiraperbangsa oge dipaparin gelar Adipati Kertabumi III sarta dipaparin keris nu dingaranan Karosinjang.
Sanggeus dipaparin pangajen sarta niat mulang deui ka Karawang pikeun ngajalankeun tugasna, Wiraperbangsa sindang heula ka Galuh ngalongok kulawargana. Nalika Wiraperbangsa aya di Galuh, anjeunna tilar dunya memeh mulang deui ka Karawang.
Jabatan Bupati Karawang diteruskeun ku putrana, nyaeta Raden Singaperbangsa nu mibanda gelar Adipati Kertabumi IV. Ku Sultan Agung Raden Singaperbangsa dilantik jadi Bupati Karawang munggaran tanggal 14 September 1633 Masehi, 10 Maulud 1043 Hijriah.
Tujuan Sultan Agung ngalantik Singaperbangsa jadi Bupati Karawang nyaeta pikeun ngagampangkeun komunikasi antara daerah di kakawasaan Karajaan Mataram. Poe ditetepkeunna Singaperbangsa jadi Bupati Karawang mangrupa poe ngadegna Kabupaten Karawang.
Nalika Wiraperbangsa ditugaskeun ku Sultan Agung nyiapkeun bala tentara jeung logistik ku cara muka lahan pasawahan di Karawang kalayan hasilna mucekil, daerah Karawang mekar jadi daerah pasawahan nu loba ngahasilkeun pare. Ti harita Karawang kakoncara daerah nu panglobana ngahasilkeun pare sarta kiwari Karawang kakoncara jadi Kota Pangkal Perjuangan jeung Gudang Pare atawa Leuit Jawa Barat.