Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Basa Sunda Wewengkon Karawang Salah Sahiji Basa Indung Nu Kudu Tetep Lumangsung

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
25 Oktober 2020
in Warta Sunda
0
Basa Sunda Wewengkon Karawang Salah Sahiji Basa Indung Nu Kudu Tetep Lumangsung
Share on FacebookShare on Twitter

Ku: Sunta Atmaja Wartawan Bewara Jabar

Urang Jepang, profesor widang kaindonesiaan di Universitas Nanzan, Mikihiro Moriyama, meunang gelar doktor ngeunaan Sunda hasil mertahankeun sastrakanta   (disertasi) nu dijudulan “New Spirit: Sundanese Publishing and the Canging Configuration of Writing in Nineteenth Century West Java”, di Rijkuniversiteit Leiden, Walanda.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Sawatara taun katukang, sanggeus mulangkeun panineungan di tatar Sunda, Mikihiro nulis makalah nu judulna “Naha Basa Sunda Hudang Deui?”

Eusina ngeunaan kamekaran basa Sunda sanggeus Orde Baru runtag jeung pangaruh basa Indonesia kana kamekaran basa Sunda ti jaman kolonial, Orde Lama, Orde Baru, nepi ka ayeuna. Oge ngeunaan kawijakan pamarentah ayeuna dina ngamumule tur mekarkeun basa daerah.

Eta makalah  ditulis dina basa Inggris tur dipublikasikeun dina internet, sumebar ka mana-mana, sarta kabaca ku salah sahiji lembaga di Perancis nu hayang nyalametkeun basa-basa di Afrika, hususna di Mali. Mikihiro diondang ku eta lembaga pikeun jadi panyatur dina seminar.

Nurutkeun Mikihiro, dumasar hak asasi basa, hiji basa mibanda hak pikeun hirup nu kudu dipiara tur dimumule ku sakabeh pangeusi  dunya. Ulah nepi ka basa internasional ngadeseh basa nasional, basa nasional ngadeseh basa lokal (basa daerah), basa lokal ngadeseh basa wewengkon.

Urang Sunda di tatar Sunda ti kulawarga nu nyunda ti barang hideng ngagunakeun basa indung nyaeta basa Sunda. Maranehna ngagunakeun basa Sunda dialek sewang-sewangan nu disebut basa wewengkon. Sanggeus sawawa tur campur gaul sarta diajar, maranehna ngagunakeun basa lulugu atawa basa Sunda nu umum dipake di tatar Sunda. Tapi, aya oge nu saumur-umur ngagunakeun basa wewengkon.

Salah sahiji basa wewengkon di tatar Sunda nyaeta basa Sunda Wewengkon Karawang. Lian ti basa Sunda Wewengkon Karawang, di Karawang  oge aya basa wewengkon sejenna di antarana, basa Cirebon Wewengkon Karawang nu umumna disebut basa “Jawa” nu lolobana digunakeun ku warga Kecamatan  Cilamaya Wetan jeung basa Melayu Betawi Wewengkon  Karawang nu lolobana digunakeun ku warga Kecamatan Batujaya.

Basa Sunda Wewengkon Karawang atawa basa Wewengkon Karawang mangrupa basa Sunda nu kapangaruhan ku lingkungan sabudeureunna, diantarana kapangaruhan ku basa Melayu Betawi jeung basa “Jawa” (basa Cirebon Wewengkon Karawang). Contona, di Karawang  nyebut “nalapung bal” teh “nendang bola”, kapangaruhan ku basa Melayu Betawi, nyebut “bendungan” teh “bodeman” kapangaruhan ku basa “Jawa”.

Sawatara kecap basa Sunda Wewengkon Karawang dialarapkeun dina kalimah, diantarana: ablung = luncat ancrub ka walungan atawa émpang. “Barudak, ngebak téh sing ati-ati, ulah ablung sambarangan beusing kana rungga!”; ngebak = mandi di émpang atawa walungan bari ulin, lain rék beberesih. “Dasar barudak, tengah poé éréng-éréngan ngadon ngarebak di walungan.”; rintug, ngarintug, ngarentug = ngahurup. “Ari dirintug ku lobaan mah sakumaha jagona ogé tangtu éléh.”; sajélébék = sagebing. “Dasar jelema korét, tibang ménta kayu sajélébék keur nyieun jojodog meuni ngomong waé.”; silanglang = ngojay bari nangkarak. “Ngeunaheun ngojay di ditu mah, dék silanglang gé bisa.”; tamblag = lalayak, kadaharan lumayan tina adonan tipung dikalapaan tuluy diléakkeun dina katél kawas dadar endog, ngan teu maké minyak. “Lumayan ngopi jeung tamblag ogé, tamba lapar teuing.”

Nyoko kana hak asasi basa yen hiji basa boga hak pikeun hirup, ti mimiti basa wewengkon, basa daerah, basa nasional nepi ka basa internasional, basa Sunda Wewengkon Karawang nu mangrupa basa indung di Kabupaten Karawang, kudu tetep lumangsung sarta dimumule minangka kabeungharan budaya daerah oge pakaya budaya nasional. ***

Tags: artikel basa sundabasa Cirebon Wewengkon Karawangbasa indungBasa Sundabewarajabarngamumule basa sundapendidikan basa sundarebo nyunda
SendShare197Tweet123
Previous Post

Brimob Polda Jabar Kembali Semprotkan Disinfektan, Kali Ini Masjid Nurul Ikhlas Tanjungsari Yang Jadi Sasaran

Next Post

Bagikan Masker Gratis, Bentuk Kepedulian Brimob Polda Jabar Kepada Warga Gempol

RelatedPosts

BAZNAS Jabar Salurkan 500 Paket Sembako untuk Warga Terdampak Banjir Kabupaten Bandung
Regional

BAZNAS Jabar Salurkan 500 Paket Sembako untuk Warga Terdampak Banjir Kabupaten Bandung

5 Desember 2025
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Next Post
Bagikan Masker Gratis, Bentuk Kepedulian Brimob Polda Jabar Kepada Warga Gempol

Bagikan Masker Gratis, Bentuk Kepedulian Brimob Polda Jabar Kepada Warga Gempol

Tak Kenal Bosan, Brimob Polda Jabar Berikan Sosialisasi Prokes Kepada Warga Sumber Cirebon

Tak Kenal Bosan, Brimob Polda Jabar Berikan Sosialisasi Prokes Kepada Warga Sumber Cirebon

Situ Cipule Tempat Lomba Dayung SEA Games Ka-26, Warga Ciampel Asa Kagunturan Madu

Situ Cipule Tempat Lomba Dayung SEA Games Ka-26, Warga Ciampel Asa Kagunturan Madu

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.