Ku: Sunta Atmaja Wartawan Bewara Jabar
Urang Jepang, profesor widang kaindonesiaan di Universitas Nanzan, Mikihiro Moriyama, meunang gelar doktor ngeunaan Sunda hasil mertahankeun sastrakanta (disertasi) nu dijudulan “New Spirit: Sundanese Publishing and the Canging Configuration of Writing in Nineteenth Century West Java”, di Rijkuniversiteit Leiden, Walanda.
Sawatara taun katukang, sanggeus mulangkeun panineungan di tatar Sunda, Mikihiro nulis makalah nu judulna “Naha Basa Sunda Hudang Deui?”
Eusina ngeunaan kamekaran basa Sunda sanggeus Orde Baru runtag jeung pangaruh basa Indonesia kana kamekaran basa Sunda ti jaman kolonial, Orde Lama, Orde Baru, nepi ka ayeuna. Oge ngeunaan kawijakan pamarentah ayeuna dina ngamumule tur mekarkeun basa daerah.
Eta makalah ditulis dina basa Inggris tur dipublikasikeun dina internet, sumebar ka mana-mana, sarta kabaca ku salah sahiji lembaga di Perancis nu hayang nyalametkeun basa-basa di Afrika, hususna di Mali. Mikihiro diondang ku eta lembaga pikeun jadi panyatur dina seminar.
Nurutkeun Mikihiro, dumasar hak asasi basa, hiji basa mibanda hak pikeun hirup nu kudu dipiara tur dimumule ku sakabeh pangeusi dunya. Ulah nepi ka basa internasional ngadeseh basa nasional, basa nasional ngadeseh basa lokal (basa daerah), basa lokal ngadeseh basa wewengkon.
Urang Sunda di tatar Sunda ti kulawarga nu nyunda ti barang hideng ngagunakeun basa indung nyaeta basa Sunda. Maranehna ngagunakeun basa Sunda dialek sewang-sewangan nu disebut basa wewengkon. Sanggeus sawawa tur campur gaul sarta diajar, maranehna ngagunakeun basa lulugu atawa basa Sunda nu umum dipake di tatar Sunda. Tapi, aya oge nu saumur-umur ngagunakeun basa wewengkon.
Salah sahiji basa wewengkon di tatar Sunda nyaeta basa Sunda Wewengkon Karawang. Lian ti basa Sunda Wewengkon Karawang, di Karawang oge aya basa wewengkon sejenna di antarana, basa Cirebon Wewengkon Karawang nu umumna disebut basa “Jawa” nu lolobana digunakeun ku warga Kecamatan Cilamaya Wetan jeung basa Melayu Betawi Wewengkon Karawang nu lolobana digunakeun ku warga Kecamatan Batujaya.
Basa Sunda Wewengkon Karawang atawa basa Wewengkon Karawang mangrupa basa Sunda nu kapangaruhan ku lingkungan sabudeureunna, diantarana kapangaruhan ku basa Melayu Betawi jeung basa “Jawa” (basa Cirebon Wewengkon Karawang). Contona, di Karawang nyebut “nalapung bal” teh “nendang bola”, kapangaruhan ku basa Melayu Betawi, nyebut “bendungan” teh “bodeman” kapangaruhan ku basa “Jawa”.
Sawatara kecap basa Sunda Wewengkon Karawang dialarapkeun dina kalimah, diantarana: ablung = luncat ancrub ka walungan atawa émpang. “Barudak, ngebak téh sing ati-ati, ulah ablung sambarangan beusing kana rungga!”; ngebak = mandi di émpang atawa walungan bari ulin, lain rék beberesih. “Dasar barudak, tengah poé éréng-éréngan ngadon ngarebak di walungan.”; rintug, ngarintug, ngarentug = ngahurup. “Ari dirintug ku lobaan mah sakumaha jagona ogé tangtu éléh.”; sajélébék = sagebing. “Dasar jelema korét, tibang ménta kayu sajélébék keur nyieun jojodog meuni ngomong waé.”; silanglang = ngojay bari nangkarak. “Ngeunaheun ngojay di ditu mah, dék silanglang gé bisa.”; tamblag = lalayak, kadaharan lumayan tina adonan tipung dikalapaan tuluy diléakkeun dina katél kawas dadar endog, ngan teu maké minyak. “Lumayan ngopi jeung tamblag ogé, tamba lapar teuing.”
Nyoko kana hak asasi basa yen hiji basa boga hak pikeun hirup, ti mimiti basa wewengkon, basa daerah, basa nasional nepi ka basa internasional, basa Sunda Wewengkon Karawang nu mangrupa basa indung di Kabupaten Karawang, kudu tetep lumangsung sarta dimumule minangka kabeungharan budaya daerah oge pakaya budaya nasional. ***