Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Situ Cipule Tempat Lomba Dayung SEA Games Ka-26, Warga Ciampel Asa Kagunturan Madu

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
25 Oktober 2020
in Warta Sunda
0
Situ Cipule Tempat Lomba Dayung SEA Games Ka-26, Warga Ciampel Asa Kagunturan Madu

Situ Cipule tempat lomba dayung dina SEA Games ka-26 taun 2011, (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, bewarajabar.com — Situ Cipule dipake lomba dayung dina SEA Games ka-26,  mangrupa bagian tina puseur kagiatan SEA Games di Palembang jeung Jakarta, 11-22 November  2011. Kangaranan aya kagiatan olah raga tingkat Asia Tenggara, pantes mun ieu situ loba nu ngajugjug. Jalma-jalma daratang ti mana-mana, lalajo acara nu kacida rohakana. Rebuan jalma ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang, ngajugjug puseur kagiatan lomba di Situ Cipule lebah Kampung Ciampel, Desa Mulyasari Kecamatan Ciampel.

Situ Cipule nu pernahna di sisi Citarum sapanjang Kampung Cipule, Kampung Kaum, Kampung Ciampel jeung Kampung Kampungsawah teh ti mimiti SEA Games, tempat nu pang ramena nyaeta lebah Kampung Ciampel, tempat finish lomba, henteu di Kampung Cipule cara sawatara kagiatan waktu katukang.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

[irp]

Ku ayana eta kagiatan, warga Ciampel jeung sabudeureunna asa kagunturan madu kaurugan meunyan putih  majar teh, utamana nu daragang, dumeh  daganganna laku, bakat ku loba jalma. Nu jelas, poe katilu SEA Games, poe Minggu, nu ngecer bengsin “ledis”, dibareuli ku nu make motor nu kacida lobana.

Kitu deui nu ngalola parkir kandaraan. Di unggal lolongkrang tempat, diantara imah warga nu aya sisi situ dipake tempat parkir. Maranehna milu kabanjiran rejeki. Unggal tempat rata-rata beubeunangan leuwih ti sajuta dina poe eta.

Tapi, pikeun nu mawa kandaraan mah lain kagunturan madu kaurugan menyan putih. Lolobana maranehna “kagunturan kesang, kaurugan ku kabingung” …. balukar macet. Dua titik macet nyaeta, lebah jalan ngajugjug puseur kagiatan (Kampung Ciampel) sapanjang lembur-lembur sisi situ (Kampung Cipule, Kampung Kaum, Kampung Ciampel, Kampung Kampungsawah) jeung sabudeureun Bendungan Walahar (tapel-wates Desa Kutapohaci Kec. Ciampel jeung Desa Walahar Kec. Klari).

[irp]

Situ Cipule tempat lomba dayung dina SEA Games ka-26 taun 2011, (Poto: Sunta Atmaja)

Di jalan teu jauh ka lokasi lomba, aya awewe asal ti Subang mawa budak leutik boncengan dina motor jeung salakina. Ku sabab macet, hawa panas, budak teh ceurik.  Eta awewe turun tina motor, seseleket leumpang mapay sisi jalan ngajugjug lokasi lomba. Reureuh di pos ronda sisi jalan. Amprok deui jeung salakina sanggeus 4 jam. Kitu diantarana salah sahiji kajadian nu dicaritakeun ku salah saurang warga Ciampel.

[irp]

Lebah Bendungan Walahar, kandaraan motor rata-rata meuntas bendungan kudu ngantri antara 2-3 jam. Kandaraan nu mulang ti lokasi jeung nu ngajugjug lokasi “bentrok” ngabalukarkeun macet ti memeh lohor nepi ka bada magrib.

Nu ngecer bengsin tea, di sapanjang jalan antara Desa Kutapohaci jeung Desa Mulyasari, dagangan bengsinna “ledis” teh ku sabab laku jeung teu bisa balanja deui ka pompa bensin nu pangdekeutna di Klari, sabab macet, boh jalan kaler boh jalan kidul.

[irp]

Aya 3 madhab asal datangna jalma-jalma ngajugjug Situ Cipule, ti kaler, ti kidul jeung ti kulon. Ti kaler, nu ngaliwatan Bendungan Walahar, asalna ti nu datang ngaliwatan jalan Pantura, ti gerbang tol Karawang Timur jeung ti warga kalereun jeung wetaneun Ciampel model Klari, Telagasari, jsb.. Ti kidul, nu ngaliwatan Bendungan Curug, asalna ti nu datang ngaliwatan Purwakarta atawa ti Klari nu jalan kidul. Ti kulon, nu ngaliwatan jalan sapanjang Kalimalang, asalna ti nu datang ngaliwatan gerbang tol Kawasan Industri (Karawang Timur 2), ti Telukjambe, jsb.

Nu ti luar kota lolobana datang ti gerbang tol Kawasan Industri tuluy mapay jalan sisi Kalimalang. Mun teu macet di lembur lebah lokasi, ti Bandung sajam leuwih, ti Jakarta kurang ti sajam biasana nepi ka lokasi.

[irp]

Kecamatan Ciampel, tempat Situ Cipule, mangrupa pamekaran ti Kecamatan Telukjambe nu ayeuna Telukjambe teh dimekarkeun deui jadi Telukjambe Timur jeung Telukjambe Barat. Bihari, mun nyarita sual Ciampel biasana jalma sok nanya, “Di mana Ciampel teh”, sabab jarang nu apal. Kiwari, Ciampel  kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapria, majar teh, dumeh diberitakeun wae  di koran, di TV, di internet, jsb.

Tags: Desa KutapohaciLomba Dayung SEA Games Ka-26Situ Cipule
SendShare196Tweet123
Previous Post

Tak Kenal Bosan, Brimob Polda Jabar Berikan Sosialisasi Prokes Kepada Warga Sumber Cirebon

Next Post

Basa SEA Games di Situ Cipule Kontingen Thailand jeung Myanmar Teu Ngadahar Catering

RelatedPosts

Kutapohaci Benteng Pertahanan Dewi Pare di Tatar Kidul Karawang
Warta Sunda

Kutapohaci Benteng Pertahanan Dewi Pare di Tatar Kidul Karawang

23 Oktober 2020
Next Post
Basa SEA Games di Situ Cipule Kontingen Thailand jeung Myanmar Teu Ngadahar Catering

Basa SEA Games di Situ Cipule Kontingen Thailand jeung Myanmar Teu Ngadahar Catering

Antanan-Rambat-Ubar-Nyeri-Sirah

Antanan Rambat Ubar Nyeri Sirah

sayur-asem-make-asem

Sayur Asem Make Asem

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.