Bewarajabar.com — Kangaranan barudak unggal waktu nu dipigawe iwal ulin. Estu teu mikiran nanaon. Teu nolih kana pangabutuh jeung kasusah kolot. Taun 70 han, kaulinan barudak diantarana ucing-ucingan jeung susumputan.
Dina ulin ucing-ucingan, pikeun nangtukeun nu jadi ucing ngayakeun pilihan heula, milih nu eleh. Pilihanna mangrupa hompimpah.
“Hompimpah alaihim gambreng. Ma Ipah make baju rombeng.” Diantara opatan atawa limaan ngasongkeun dampal leungeun, namprak atawa nangkub. Lamun salah saurang beda, umpamana nangkub, nu sejenna namprak. Nu dampal leungeunna nangkub jadi ucing.
Lamun nu bedana duaan, misalna tina lima budak nu duaan namprakkeun dampal leungeun, nu tiluan nangkub. Nu duaan ngalakukeun sutijah atawa suten nangtukeun nu eleh pamungkas pikeun jadi ucing. Curuk, lambang jelema eleh ku jempol. Jempol, lambang gajah eleh ku cinggir. Cinggir, lambang sireum eleh ku curuk.
Nu eleh jadi ucing, ngudag-ngudag baturna. Nu sejenna lalumpatan, sieun keuna ku ucing. Mun aya nu keuna, nu keuna jadi ucing anyar. Nu tadi jadi ucing, henteu jadi ucing deui. Kitu jeung kitu poho kana waktu, nyaho-nyaho geus burit.
Dina susumputan, nu neangan nu nyumput (si eleh) ditangtukeun ku cara sarua jeung ucing-ucingan, hompimpah jeung sutijah heula. Susumputan aya dua rupa; cara meungpeun jeung cara numpukkeun tepe (sesemplekan kenteng).
Cara meungpeun, si eleh meungpeun dina tihang, bari nanya, “Enggeus encan?” … “Caaan!” jawab baturna bari nyarumput.
“Geus?” nu meungpeun nanya deui. Baturna jempling. Tuluy si eleh neangan. Si Taslam kapanggih, “Hong Taslam!” si Momoh kapanggih, “Hong Momoh!” Kitu ceuk si eleh nepi ka kapanggih kabeh.
Lamun memeh kapanggih kabeh, salah saurang nu nyumput rerencepan ngadeukeutan tihang paranti meungpeun sarta teu kanyahoan, terus nyabak tihang bari nyebut, “Gunjreng!” nu neangan teh meungpeun deui. Lamun si eleh tea budak cibleu atawa limpeu, terus wae teu eureun-eureun neangan nu nyumput.
Susumputan cara numpukkeun tepe ampir sarua jeung cara meungpeun. Bedana, cara numpukkeun tepe, memeh neangan nu nyumput si eleh henteu meungpeun heula, tapi numpukkeun tepe tujuh atawa sapuluh siki. Salah saurang baturna nenggor tepe. Tepe mancawura, waktu si eleh numpukkeun tepe, baturna lalumpatan nyarumput.
“Gunjrengna” henteu nyekel tihang, tapi rerencepan ngadeukeutan tumpukan tepe. Tepe disepak mancawura deui. Si eleh ngumpulkeun tepe deui nepi ka rek ceurik lamun kitu wae teu eureun-eureun.