Karawang, Bewarajabar.com — Saluran irigasi Tarum Utara Timur lebah Kampung Kalenjeruk Desa Sukamekar (memeh dimekarkeun kaereh ka Desa Pacing) Kecamatan Jatisari, Karawang, sungapanna Bendungan Walahar di Kecamatan Klari. Kiduleun ieu walungan, kahalangan lembur Kalenjeruk, aya walungan gede nu alami. Ieu walungan teh ngaranna Kalibawah. Disebut Kalibawah jigana pedah beungeut caina handapeun irigasi atawa handapeun sawah sabudeureunna.
Puguh walungan alami, tatangkalan nu tumuwuh di sapanjang sisi walungan katempona geueuman ku nu kakara datang ka ieu tempat mah. Tangkal loa, tangkal awi jeung tatangkalan sejenna nu ngaroyom ka walungan diwawaas tempat nyiruruk dedemit cai.
Tapi, ku warga Kampung Genteng mah, kampung wetaneun Kalenjeruk nu teu pati anggang ti Kalibawah, ieu walungan teh dipake liliwatan unggal poe. Maranehna sok ngojay atawa ngaraas mun rada saat, meuntas Kalibawah ngalongok sawahna di beulah kidul. Padahal legana Kalibawah meh sarua jeung legana Citarum lebah Karawang.
Nu matak nambahan keueung teh ti Kalibawah ngidul, kaereh ka Desa Pacing, sawah ngaplak kacida legana. Jadi, mun urang aya di sisi kidul walungan, jauh ka lembur, anggang ka imah warga, iwal ti hiji imah nu eusina aki-aki jeung nini-nini, nyaeta Aki Konang jeung Nini Konang. Ieu imah teh malah nambahan keueung pikeun nu kakara mah. Kitu oge bareto taun 70-80 han. Ayeuna mah geus euweuh aki-aki jeung nini-nini teh.
Tong boroning nu kakara, nu mindeng ngajojo ieu tempat tetep keueung mun sorangan mah. Model Pa Ukar warga Desa Pacing (kiwari tos tilar dunya), geus mang taun-taun ari pakanci sok nguseup di Kalibawah. Angger weh keueung. Mun ngadenge sora hayam kokotak atawa embe ngaberele kakara kaubaran hate, ngandung harti suasana aman, majar teh. Naha geuning kitu?
Kaalaman ku rencang Pa Ukar, kajadianna kieu, Pa Cahir jeung Pa Mahin, warga Desa Pacing, karesepna ngaheurap (di wewengkon Karawang istilahna ngajala). Geus puluhan taun aranjeunna biasa ngaheurap di Kalenpacing jeung di Kalibawah. Pangalaman di cai rupa-rupa, aya nu ngalaman palawanganna kaasupan lentah sagala.
Hiji mangsa Pa Cahir jeung Pa Mahin ngaheurap di Kalibawah. Mun ngaheurap teh ari cai keur rada saat mah sok turun ka walungan. Beungeut cai biasana semet harigu atawa semet beuheung. Saperti biasa Pa Cahir nebarkeun heurapna ka tengah. Tuluy heurap teh ditarik lalaunan bari ngabayangkeun hasil nu baris mucekil, jigana.
Keur jongjon narik heurap, batu cadas nu ditincakna maju ka girang. Anjeunna reuwas. Ras inget heurap sok soek gurawah mun ngaheurap lebah dinya wayah kitu. Gura-giru Pa Cahir mere isarah ka Pa Mahin pikeun hanjat. Horeng eta teh nu ngageugeuh di dinya, ceuk kokolot mah, ngabejaan ulah ngala lauk kamalinaan, lain waktuna, geus meujeuhna mulang da geus sareupna.
Nu ngageugeuh teh mun ditilik ciri-cirina mah buhaya (di Karawang disebut baya). Teuing buhaya kajajaden teuing buhaya biasa nu aya lebah dinya. Wujudna teu perenah ka tempo, iwal karasa tonggongna waktu ditincak jeung katempo tapak nyoekeun heurap nu gurawah. Dibayangkeun warugana kacida gedena.
Aya eta oge nu ngawenehan buhaya sajodo lebah sasak Kalenjeruk beh girangna. Nu ieu mah jigana buhaya biasa, ukuranna normal saperti buhaya nu sok diingu model nu diternak di Blanakan Subang.
Lamun keur nguseup sorangan di Kalibawah ngadenge sora hayam kokotak atawa embe ngaberele, ceuk Pa Ukar, hartina aman, euweuh buhaya. Mun aya buhaya mah hayam jeung embe teh moal wanieun ngalanto ka lebah dinya.