Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Panineungan 10 Taun Katukang Sawala Guru Basa Sunda sa-Jawa Barat di Kampus Unpad

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
20 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Panineungan-10-Taun-Katukang-Sawala-Guru-Basa-Sunda-Sa-Jawa-Barat-di-Kampus-Unpad
Share on FacebookShare on Twitter

Bewarajabar.com — Perwakilan  Guru Basa Sunda ti tingkat SD, SMP, SMA sa-Jawa Barat nu jumlahna ampir 200-an, ngalaksanakeun sawala (lokakarya) di Ruang Serba Guna (RSG) Gedung 2 Kampus Unpad (Universitas Padjadjaran), Jl. Dipati Ukur 35 Bandung, Kemis (22/9/2011) anu kaliwat. Ieu acara dideudeul (difasilitasi) ku Unpad, tur dibuka  ku Rektor Unpad Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA kalayan dihadiran Gubernur Jabar, H. Ahmad Heryawan, Lc.

 Rektor Unpad Ganjar Kurnia, dina sambutanna netelakeun, ieu sawala mangrupa lanjutan tina kagiatan Kongres Basa Sunda di Bogor sawatara waktu katukang. Inyana miharep ieu sawala bisa ngaragum naon wae pasualan-pasualan para guru di tempatna sewang-sewangan dina ngajarkeun basa Sunda, sarta hasilna direkomendasikeun (diusulkeun)  ka pihak nu aya pakuat-pakaitna (Dinas Pendidikan, Tim Pengembang Kurikulum, Penerbit, jsb.).

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Sawala dibagi 3 kelompok, guru SD, guru SMP jeung guru SMA, dibingbing (dipandu) ku masing-masing pemandu, nyawalakeun pasualan guru ti daerahna sewang-sewangan dumasar makalah nu geus diragum ku panitia. Hasil sawala ti masing-masing tingkat sakola dipagunemkeun dina pleno kalayan dipairan ku sarerea. Pasualan  hasil sawala tur direkomendasikeun, diantarana anu direkomendasikeun ku para guru SD, nyaeta:

Widang Kurikulum: (1) SKKD perlu dibebenah deui (a. Perelean heula pandeurina SKKD kudu jelas. b. Watesan materi kudu jelas, c. Materi nu ambahanan lega diajarkeun di unggal kelas (guguritan), d. Materi nu dipikaresep ku budak dilobaan (kakawihan), e . Redaksiaonal SKKD ulah nimbulkeun tafsiran anu beda, f.Aksara Sunda diasupkeun kana kurikulum, g. Jam pangajaran ditambahan; (2) Sosialisasi SKKD leuwih dironjatkeun,  supaya SKKD dipibanda,  dipiweruh, dipikawanoh, dipikapam guru ngaliwatan rupa-rupa pelatihan, seminar, loka karya, jsb.. (3) Perlu ayana kurikulum basa Sunda husus pikeun daerah-daerah  nu aya di daerah Pantura saperti Depok, Bekasi, Indramayu, jeung Cirebon (4) Kalungguhan pangajaran basa Sunda satata jeung pangajaran sejena sarta di-UN-keun di Jawa Barat (5) Basa Sunda diajarkeun di unggal tingkatan sakola ti tingkat TK-SMA /SMK  kaasup RSBI jeung SBI (6) Dina ngarevisi boh SKKD boh buku ajar salian ti peran akademisi (ahli basa Sunda UPI/UNPAD) perelu oge ngalibetkeun unsur Pengawas  jeung unsur guru anu dipilih/ditunjuk sacara selektif. Pertimbanganana lantaran arinyana anu paham lapangan gawe.

Widang Bahan Ajar: 1.Pamarentah nyayagikeun buku wajib pikeun pangajaran basa Sunda nu luyu jeung SKKD sarta luyu jeung kamekaran jiwa budak. (2) Buku-buku ajar anu geus medal perelu diverifikasi tur diniley ulang lantaran rea keneh buku ajar anu sanyatana kurang hade, teu luyu jeung pameredih kurikulum sacara standar nasional.(3) Pikeun pangarang buku pangdeudeul, eusi buku kudu diluyukeun jeung SKKD. (4). Nyadiakeun media pangajaran nu leuwih euyeub.

Widang Metode: (1) Perluna latihan pikeun guru supaya  leuwih jembar pangaweruh  ngeunaan metode pangajaran. (2) Pamarentah nyadiakeun pedoman ngeunaan model-model pembelajaran basa Sunda. Widang Evaluasi: (1) Perluna latihan pikeun guru supaya  leuwih jembar pangaweruh  ngeunaan Kontruksi tes. (2) Naskah evaluasi kudu luyu jeung SKKD katut indikatorna.

Widang Guru: (1) Aya guru basa Sunda di SD ti jurusan Basa Sunda. (2) Ningkatkeun pangaweruh katut kaparigelan guru dina ngajarkeun basa Sunda ngaliwatan pelatihan jeung penataran. (3) Mere pangajen ka guru SD nu boga prestasi dina pangajaran basa Sunda supaya jadi motivasi pikeun guru. (Sunta Atmaja)

Tags: artikel basa sundabahasasundaBasa Sundabasa wewengkon Karawangberita basa sundabudayasundacarita basa sundaDisparbud Kabupaten KarawangFestival Teater Pelajar Basa SundakatasundaKomunitas Seniman Muda KarawangMancanagaramilangkala Kabupaten Karawangngabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare196Tweet123
Previous Post

Uji Kelayakan dan Kepatutan, Komjen Pol Listyo Sigit Perkenalkan Konsep Presisi Jika Jadi Kapolri

Next Post

Pimpin Apel Siaga Bencana, Ini Pesan Dansat Brimob Polda Jabar

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Pimpin Apel Siaga Bencana, Ini Pesan Dansat Brimob Polda Jabar

Pimpin Apel Siaga Bencana, Ini Pesan Dansat Brimob Polda Jabar

Tim SAR Brimob Polda Jabar Terjun Langsung Membantu Warga Membersihkan Puing-puing Pasca Banjir Bandang Gunung Mas Bogor

Tim SAR Brimob Polda Jabar Terjun Langsung Membantu Warga Membersihkan Puing-puing Pasca Banjir Bandang Gunung Mas Bogor

Dari Pintu Ke Pintu Personil Brimob Polda Jabar Berikan Edukasi dan Pemahaman Kepada Masyarakat untuk Menjaga Protokol Kesehatan

Dari Pintu Ke Pintu Personil Brimob Polda Jabar Berikan Edukasi dan Pemahaman Kepada Masyarakat untuk Menjaga Protokol Kesehatan

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.