Bewarajabar.com — Perwakilan Guru Basa Sunda ti tingkat SD, SMP, SMA sa-Jawa Barat nu jumlahna ampir 200-an, ngalaksanakeun sawala (lokakarya) di Ruang Serba Guna (RSG) Gedung 2 Kampus Unpad (Universitas Padjadjaran), Jl. Dipati Ukur 35 Bandung, Kemis (22/9/2011) anu kaliwat. Ieu acara dideudeul (difasilitasi) ku Unpad, tur dibuka ku Rektor Unpad Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA kalayan dihadiran Gubernur Jabar, H. Ahmad Heryawan, Lc.
Rektor Unpad Ganjar Kurnia, dina sambutanna netelakeun, ieu sawala mangrupa lanjutan tina kagiatan Kongres Basa Sunda di Bogor sawatara waktu katukang. Inyana miharep ieu sawala bisa ngaragum naon wae pasualan-pasualan para guru di tempatna sewang-sewangan dina ngajarkeun basa Sunda, sarta hasilna direkomendasikeun (diusulkeun) ka pihak nu aya pakuat-pakaitna (Dinas Pendidikan, Tim Pengembang Kurikulum, Penerbit, jsb.).
Sawala dibagi 3 kelompok, guru SD, guru SMP jeung guru SMA, dibingbing (dipandu) ku masing-masing pemandu, nyawalakeun pasualan guru ti daerahna sewang-sewangan dumasar makalah nu geus diragum ku panitia. Hasil sawala ti masing-masing tingkat sakola dipagunemkeun dina pleno kalayan dipairan ku sarerea. Pasualan hasil sawala tur direkomendasikeun, diantarana anu direkomendasikeun ku para guru SD, nyaeta:
Widang Kurikulum: (1) SKKD perlu dibebenah deui (a. Perelean heula pandeurina SKKD kudu jelas. b. Watesan materi kudu jelas, c. Materi nu ambahanan lega diajarkeun di unggal kelas (guguritan), d. Materi nu dipikaresep ku budak dilobaan (kakawihan), e . Redaksiaonal SKKD ulah nimbulkeun tafsiran anu beda, f.Aksara Sunda diasupkeun kana kurikulum, g. Jam pangajaran ditambahan; (2) Sosialisasi SKKD leuwih dironjatkeun, supaya SKKD dipibanda, dipiweruh, dipikawanoh, dipikapam guru ngaliwatan rupa-rupa pelatihan, seminar, loka karya, jsb.. (3) Perlu ayana kurikulum basa Sunda husus pikeun daerah-daerah nu aya di daerah Pantura saperti Depok, Bekasi, Indramayu, jeung Cirebon (4) Kalungguhan pangajaran basa Sunda satata jeung pangajaran sejena sarta di-UN-keun di Jawa Barat (5) Basa Sunda diajarkeun di unggal tingkatan sakola ti tingkat TK-SMA /SMK kaasup RSBI jeung SBI (6) Dina ngarevisi boh SKKD boh buku ajar salian ti peran akademisi (ahli basa Sunda UPI/UNPAD) perelu oge ngalibetkeun unsur Pengawas jeung unsur guru anu dipilih/ditunjuk sacara selektif. Pertimbanganana lantaran arinyana anu paham lapangan gawe.
Widang Bahan Ajar: 1.Pamarentah nyayagikeun buku wajib pikeun pangajaran basa Sunda nu luyu jeung SKKD sarta luyu jeung kamekaran jiwa budak. (2) Buku-buku ajar anu geus medal perelu diverifikasi tur diniley ulang lantaran rea keneh buku ajar anu sanyatana kurang hade, teu luyu jeung pameredih kurikulum sacara standar nasional.(3) Pikeun pangarang buku pangdeudeul, eusi buku kudu diluyukeun jeung SKKD. (4). Nyadiakeun media pangajaran nu leuwih euyeub.
Widang Metode: (1) Perluna latihan pikeun guru supaya leuwih jembar pangaweruh ngeunaan metode pangajaran. (2) Pamarentah nyadiakeun pedoman ngeunaan model-model pembelajaran basa Sunda. Widang Evaluasi: (1) Perluna latihan pikeun guru supaya leuwih jembar pangaweruh ngeunaan Kontruksi tes. (2) Naskah evaluasi kudu luyu jeung SKKD katut indikatorna.
Widang Guru: (1) Aya guru basa Sunda di SD ti jurusan Basa Sunda. (2) Ningkatkeun pangaweruh katut kaparigelan guru dina ngajarkeun basa Sunda ngaliwatan pelatihan jeung penataran. (3) Mere pangajen ka guru SD nu boga prestasi dina pangajaran basa Sunda supaya jadi motivasi pikeun guru. (Sunta Atmaja)