Sabtu, Oktober 31, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Artikel

Mahasiswa UPI Ngabakti di Lembur Sorangan

Indri Destiani by Indri Destiani
17 Juli 2021
in Artikel, Warta Sunda
0
Mahasiswa UPI Ngabakti di Lembur Sorangan
Share on FacebookShare on Twitter

Kab. Ciamis, Bewarajabar — Sanajan sasalad corona masih kénéh ngadodoho, UPI teu weléh ngalaksanakeun program rutin taunan nu wajib dikontrak ku mahasiswa semester ahir. Kusabab tuhu kana aturan Pamaréntah, Universitas Pendidikan Indonesia ngalarapkeun kawijakan KKN sacara daring. Ieu KKN téh dilaksanakeun di lemburna séwang-séwangan kalawan téma “Membangun Desa Melalui Bidang Pendidikan dan Ekonomi dalam Iplementasi MBKM Pada Masa Pandemi Covid-19”

Dina raraga ngawangun Désa sangkan leuwih nanjeur, pihak UPI ngagembor-gemborkeun sababaraha program kerja nu kudu dipigawé. Mahasiswa diwenangkeun milih salasahiji antara widang atikan jeung widang ékonomi. Ku kituna salasahiji mahasiswi semester 6, Indri Destiani, ti Departemen Pendidikan Bahasa Sunda UPI babakti di lemburna sorangan, nyaéta di Désa Karangkamulyan, Kecamatan Cijeungjing, Kabupatén Ciamis, Jawa Barat. Anjeunna mokuskeun kana widang atikan, kalawan sasaran kagiatanna nyaéta Sakola, Guru, Siswa sarta para sepuh siswa. Ieu kagiatan lumangsung ti 1 Juli nepi ka 30 Juli 2021.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

[irp]

Luyu jeung pedoman KKN Tematik UPI 2021, nu nekenkeun mahasiswa teu meunang ancrub langsung ka masarakat, ku kituna aya sababaraha program nu dilaksanakeun via daring nu ngabalukarkeun teu bisa pateuteup langsung jeung sasaran kagiatan. Anapon kitu, ieu kagiatan téh lumangsung kalawan lancar jeung meunang aprésiasi ti Kepala Sekolah jeung Guru SDN 2 Karangkamulyan.

Kiwari, dina mangsa pandemi mémang sagala kawatesanan. Tapi dina matéakeun babakti di lembur sorangan téa, Indri ngalakukeun pendampingan siswa ka tatangga sabudeureun imahna. Anapon bentuk babaktina nyaéta ngaping, maturan, jeung nyieun kagiatan siswa salila libur di imah. Ieu program téh dikasangtukangan ku kahariwang  manéhna kana kaulinan barudak jaman ayeuna, barudak leuwih milih ngomé hp jeung tiktokan tibatan ulin jeung babaturan sapantaranana. Pikeun narékahan pasualan nu jiga kitu, Indri ngayakeun kagiatan program “Libur Produktif”, nyaéta kagiatan nyieun kerajinan, Lomba mewarnai, jeung ngawanohkeun kaulinan barudak nu geus dipohokeun.

[irp]

Lian ti éta, Indri miboga program penguatan pembelajaran daring ku cara mantuan guru SDN 2 Karangkamulyan dina nyieun média pangajaran sarta mantuan administrasi sakola. Tujuan dijieunna média pangajaran dipiharep bisa numuwuhkeun minat diajar siswa.

Ngaronjatkeun karep diajar siswa mangrupa perkara nu penting. Komo dina mangsa pandemi mah, pangajaran nu dilakukeun sacara daring atawa PJJ bakal nyieun siswa stress jeung teu ngarti kana matéri nu ditepikeun. Anapon cara pikeun  ngungkulan éta pasualan téh salasahijina ku cara nyieun média jeung video pembelajaran.

Numutkeun Bu Rita salasahiji Guru SDN 2 Karangkamulyan, negeskeun yén minat diajar siswa salila pembelajaran daring téh ngurangan pisan.

[irp]

“Pami online mah tara sadaya ngerjaken tugas Néng, malih mah aya nu ku sepuh dikerjakeunna téh, atuh nu janten pinter mamahna sanés siswana”. Ceuk Wali Kelas, Kelas 4.

Anapon tina 22 siswa nu ngerjakeun tugas téh ngan aya 8 urang. Numutkeun salasahiji sepuh siswa, éta hal téh balukar tina kurangna sarana prasarana, sinyal jeung kuota, sarta kurangna pangaweruh dina ngagunakeun téhnologi.

Saterusna, program nu geus kalaksanakeun ku Indri nyaéta pendampingan ka para sepuh siswa. Téhnisna ngaliwatan grup Whatsapp. Dijieunna ieu program pikeun ngawadahan para sepuh siswa tina kabaluwengan perkara diajar online, ogé pikeun ngapungkeun sababaraha informasi ngeunaan cara ngatik budak salila pandemi.

Situasi pandemi saperti kieu teu ngurangan inovasi jeung kréativitas mahasiswa UPI dina ngajalankeun program KKN. Dipiharep ku ayana mahasiswa nu babakti di lemburna sorangan bisa méré bongbolong ngeunaan masalah nu keur karandapan.

Tags: berita basa sundaDepartemen Pendidikan Bahasa Sunda UPIKKNUniversitas Pendidikan IndonesiaUPIWarta Sunda
SendShare199Tweet125
Previous Post

TNI-Polri Distribusikan 30.000 Paket Sembako untuk Warga Solo

Next Post

Oded Ajak Warga Kota Bandung Berkurban

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Tindak Lanjut Audiensi Komisi D DPRD Kota Bandung Bahas Usulan Hibah
Regional

Tindak Lanjut Audiensi Komisi D DPRD Kota Bandung Bahas Usulan Hibah

11 November 2024
Next Post
Oded Ajak Warga Kota Bandung Berkurban

Oded Ajak Warga Kota Bandung Berkurban

Antisipasi Dinamika, Evaluasi PPKM Darurat Lebih Awal

Antisipasi Dinamika, Evaluasi PPKM Darurat Lebih Awal

Antisipasi Dinamika, Evaluasi PPKM Darurat Lebih Awal

ASN Pemkot Bandung Mencari Syafaat Lewat Tadarus Alquran

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI
Regional

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

PWI Jabar mendorong pers aktif mencegah penipuan AI melalui verifikasi informasi, edukasi publik, dan penguatan literasi digital masyarakat.

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026
e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026
PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.