Karawang, Bewarajabar.com — Asep Supriyadi, nenehna Asep Sehu, putra Dalang Isak Tanuwijaya warga Desa Balonggandu Kecamatan Jatisari, Karawang. Dalang kondang teureuh ti bapa teh neuleuman elmu padalangan di Bandung ti taun 1987 nepi ka taun 1990. Taun 1990 munggaran ngadalang, manggung di tatar Karawang. Saterusna manggung di kota-kota luar Karawang, diantarana di Bogor, Sukabumi, Tangerang jsb.
Asep lahir di Balonggandu Jatisari taun 1970 nalika ramana meumeujeuhna rame pada nanggap ku nu hajat di Karawang jeung sabudeureunna. Harita rombongan wayang golek nu dipingpin ku ramana kasohor “Wayang Golek Tehnik” , nyaeta wayang golek nu direka pintonanana. Jaman harita “tehnik” model kieu karasa aneh ku warga di pilemburan Karawang.
“Wayang Golek Tehnik”, pintonan wayang golek nu direka ku lampu-lampu bohlam jeung neon aneka warna make listrik tanaga “genset” (generator set). Pintonan (setting) carita mirip sandiwara (tunil). Ampir unggal adegan direka ku ilustrasi mangrupa gambar jeung nu sejenna. Tokoh wayang nu ngapung jeung pakarang nu ngabelesat direka ku gambar jeung lampu.
Taun 2010 Asep gabung jeung Radio ADS 105,2 FM di Kotabaru, Karawang, jadi penyiar tur kordinator Seni Sunda. Mun siaran di radio dirina jadi tokoh “Cepot Milenium” nu pada mikapogot ku “kaum dangu” / “para pamiarsa” (fan) ADS. Di ieu radio Asep Supriyadi warga Desa Cikalongsari Kecamatan Jatisari teh leuwih laluasa mekarkeun “inspirasina” dina seni utamana wayang golek nu jadi kalangenanana.