Karawang, bewarajabar.com — Kontingen olah raga dayung Thailand jeung Myanmar teu ngadahar catering ti panitia salila SEA Games ka-26, taun 2011. Maranehna masak sorangan di imah salah saurang warga Kampung Ciampel Desa Mulyasari Kecamatan Ciampel, Karawang, nu pangdeukeutna ka gudang parahu dayung.
Catering ti panitia ku kontingen Thailand jeung Myanmar dibagikeun ka panitia lokal nu lolobana warga Ciampel. Unggal poe, juru masak maranehna, nu rata-rata anggota marinir, ti hotel di Bekasi datang ka Ciampel langsung popolah nyieun pasakan nagarana, nu rata-rata bahan dasarna daging hayam, endog hayam jeung emih. Bungbuna meh sarua jeung bungbu pasakan Sunda, ngan beda cara nyampurna.
Biasana maranehna pesen bahan-bahan pasakan ka warung. Kumaha maranehna ngayakeun “komunikasi” jeung warga Ciampel? Lolobana mah make basa “Saun the Sheep”, basa isarah. Para atlit rata-rata teu bisa basa Inggris. Nu rada bisa basa Inggris teh menejerna, tapi pan urang Ciampelna “rada teu bisa”.
Nalika diajak ngobrol basa Inggris ku nu nulis, atlit Thailand olohok, teu ngartieun. Dijawab teh ku pendampingna, TNI asal Banten nu tugas di Karawang, sarta kungsi tugas di Thailand salila 10 taun. “Teu tiasaeun basa Inggris, Pa. Abdi ge kirang tiasa. Pami basa Thailand abdi tiasa,” ceuk eta TNI.
Aya beja pangna maranehna teu ngadahar catering teh memang kitu elmuna, utamana kontingen Myanmar. Maranehna, mun di Sunda mah ngelmu “buhun”. Balandongan nu disewa, teu meunang dipake tempat parkir. Memeh maen para atlit digembleng heula, diparancahan ku “dukunna”. Manehna neundeun sasajen di cai situ.
Hasilna, luar biasa. Contona, dina final parahu naga, parahu Myanmar dina anggang 200 meter deui ka finish, tadina katilu, ujug-ujug ngabelesat ngudag nepi ka jadi pangheulana, ngelehkeun nu sejenna. Hasil ahir sagemblengna, Myanmar juara kahiji lomba dayung dina ieu SEA Games. Sual percaya jeung henteu mah gumantung ka diri masing-masing, nu jelas kitu hasilna. Kitu ceuk salah saurang warga Ciampel.