Basa libur sakola Si Degong diajak nganjang ku bapana ka kapininina di Guro Dua Karawang. Bapana mulang deui ka lembur. Ari Si Degong mah henteu, rek reureuh heula saminggu, pedah pere. Eta cenah, asa ku kataji ku rupa-rupa kasenian daerah asal Karawang. Hayang leuwih wanoh ka Padepokan Pancakomara pingpinan Dalang RH Cecep Supriyadi. Oge hayang nyaho leuwih jero ngeunaan kasenian-kasenian sejenna nu aya di Karawang. Kayaning topeng banjet, kiliningan, tanji moderen wanda jaipong, ujungan jeung rea-rea deui.
Harita malem Minggu. Beja sumebar, yen dina peuting eta di Ciampel aya nu hajat nanggap Topeng Pendul. Atuh kacida atoheunana Si Degong ngadenge eta beja. Gura-giru nyampeur Agus, batur anyarna di Karawang.
“Gus, urang lalajo, yu!”
“Lalajo naon?”
“Topeng, di Ciampel.”
“Hah??? Jauh atuh Ciampel mah. Ilok daek maneh ka ditu?”
“Na ku naon belok? Teu hujan pan?”
”Yeeeh, lain belok. Ilok, ilok. Ilok daek teh hartina piraku daek, sageuy daek, naha daek. Naha daek lalajo sakitu jauhna?”
“Ooooh,….” Si Degong ngahuleng. Sok teu pati ngarti mun ngobrol jeung Agus dicampuran basa wewengkon Karawang.
“Teu nanaon jauh ge. Aya ieuh keur ongkos mah.”
“Nya hayuh ari daek onaman,” ceuk Agus bari saged dangdan.
Maranehna tumpak “mikro” butut, murah meriah majar teh. Naek ti Cinangoh turun di Kopel Klari. Diteruskeun kana ojeg kurang leuwih tujuh kilo meter jauhna.
“Ciampel, Mang,” ceuk Agus ka tukang ojeg.
“Ciampelna dimana?”
“Nu hajat, nanggap Topeng Pendul.”
“Oh, di Kaum. Hayu, tilu rebu, Jang.”
“Euleuh, geuning mahal?”
“Dobel atuh ongkosna, Jang. Sabab geus peuting ieu teh. Tambah ongkos lampu jeung tara aya muatan deuih balikna peuting mah.”
“Tambah ongkos kasieun deuih nya Mang? Mangkaning ngaliwatan Makam Leuweung Jati deukeut walungan Ciwiu,” Agus nambahan, bari rada reuwas manehna ge, ngadon nyingsieunan sorangan.
Ojeg ngabetem. Dina hatena ngaenyakeun kana omongan Agus. Manehna kungsi ngadenge beja, di walungan Citarum lebah Ciwiu, teu jauh ti Karamat Leuwi Goong aya siluman buaya buntung.
Di imah Bapa Wijaya, agen koran di Kaum Ciampel, jalma-jalma mani ngaliud. Teu sirikna datang ti unggal tempat. Ti suklakna ti siklukna. Ceuk paribasa tea mah, ti nanggerang lila caang ti nanggoek lila poek. Nu ti Udug-udug ngajugjug, ti Kutapohaci nyungsi. Malah ti peuntaseun Citarum ge, ti Cimahi, wetaneun Ciampel, teu sirikna maksakeun datang. Najan kudu numpak parahu.
Hajatna Bapa Wijaya tetela rongkah. Sagala kasenian diayakeun. Kaasup malem eta malem Minggu. Topeng banjet pingpinan Abah Pendul bakal makalangan ngahibur warga Ciampel jeung sabudeureunna.
Si Degong nangtung panghareupna, nyaksian bodor Si Parto, bodor andelan Abah Pendul. Ngomongna ceplas-ceplos. Leumpangna dingdet, dipairan ku kendang ngablaktuk. Blaktuk! Blaktuk! Blaktuk! Teu sirikna dengdek-dengdek Si Degong, siga nu gehgeran nyaksian Si Parto.
Sanggeus mintonkeun tarian tradisional, topeng diteruskeun kana ngalalakon. Pintonan caritana jiga Lenong Rumpi. Panggungna di taneuh. Pamaenna bisa ngobrol jeung nayaga. Maenna kadang-kadang ka luar pakalangan. Dina carita, aya nu ngudag musuhna, musuh lumpat ka nu dagang diudag, ngurilingan pakalangan diberik.
Atuh Si Degong olohok. Naha pamaen jadi campur jeung lajoan. Komo basa nyaksian kahebatan Upas Enon jeung Wakil Oyang, dina lalakon, ulin silat ngagunakeun bedog seukeut, Si Degong mani calangap kasima. Suku nini-nini katincak ge teu karasaeun. Nyaho-nyaho geus ngagerewek eta nini-nini teh.
“Aduh, Ujang! Na teu kajeuleu suku nini?”
“Alah, punten Nini, punten.”
Nepi ka janari leutik topeng rame keneh. Si Degong mah geus nundutan nagkeup tuur, diuk dina taneuh sisi pakalangan. Agus teu mirosea, pogot weh kana lalakon.
“Bedegong siah!” Upas Enon ngabentak rampog nu geus taluk.
“Korejat Si Degong hudang, jleng luncat ka pakalangan. Hut-het menca sabisa-bisa. Geerrr! Nu lalajo sarurak, bari sareuri ting barakatak. Aneh aya nu lalajo milu maen. Si Degong sadar, ngelemes kaeraan, beungeutna beureum. Koloyong ka sisi, gog cingogo cara tadi. Lenggut nundutan.
“Mana katerangan?” Wakil Oyang nanya ka rampog.
Korejat deui Si Degong hudang. Nangtung capa-cipi kana saku calana. Gebeg manehna ngagebeg.
“Aduh, Gus, cilaka urang.”
“Aya naon, Gong?” Agus nu ti tadi nyaksian lalakon kaget.
“Dompet murag mereun tadi basa dina ojeg.”
“Hahhh??? Mangkaning uing teu mawa duit!”
Leketey duanana leuleus. Kabayang bakal sangsara. Piraku kudu leumpang mah ti Ciampel ka Karawang, anu jauhna tujuh belas kilo meter! Ras inget ka Makam Leuweung Jati. Ras deui ka dedemit walungan Ciwiu nu ngamuara ka Citarum. Nging Si Degong ceurik. Agus bati bingung. Kapaksa kudu nungguan beurang. Sugan aya mobil pasir nu miang ka kota, rek numpang.
Lajoan beuki pogot, teu mirosea maranehna, nu sangsara……….dihaja.
Katerangan:
*)Ieu carita “setting”-na taun 80 han katompernakeun, basa ongkos ojeg Kopel Klari-Kaum Ciampel Rp 1.000,-/ 1.500,-, kiwari Rp 15.000,-/20.000,-
*)Taun 80 han aya keneh mobil mikro nambangan, trayekna Cikarang-Cikampek.
*)Mobil pasir = mobil nu muat keusik meunang ngagali di tanah wewengkon Ciampel nu dijual ka tempat sejen.