Garut, Bewarajabar.com. Drs Mahdar Suhendar, M.Pd kapilih deui jadi Ketua PGRI (Persatuan Guru Republik Indonesia) Kabupaten Garut masa bakti XXII periode 2020-2025. Eta hal dumasar hasil rekapitulasi suara pemilihan dina Konferensi PGRI Garut, di Aula Sumber Alam Cipanas Garut, Rebo (02/12/2020) nu kaliwat.
Mahdar ngebrehkeun syukuran kanu Maha Kawasa Allah SWT nu nangtukeunnana, syareatna para pangurus cabang katut ranting masih ngajenan kana kamampuhanna katut rengrengan. “Muga muga ku kapilihna deui. Insya Allah eta kapercayaan bakal diamngpaatkeun saluyu jeung kamampuhan aktivitasna,” pokna.
Nurutkeun Mahdar, pikeun program nu bakal datang tangtuna bakal sinergi jeung pamarentah, saluyu jeung amanat Bupati Garut yen PGRI katut Dewan Pendidikan kudu mampuh ngaronjatkeun IPM (Indeks Pembangunan Manusia). Lantaran PGRI ngarupakeun organisasi gede nu anggotana jalma jalma profesional.
Ku kituna, ceuk Mahdar, PGRI tetep bakal ngajalin komunikasi jeung pihak-pihak nu aya patula patalina, lantaran tuntutan dina mangsa nu bakal datang loba keneh tugas nu kudu direngsekeun. Utamana ngeunaan kakurangan guru nu tangtuna Bupati bakal ngabantuna, mana komo bakal diankatna sajuta P3K (Pegawai Pemerinrah dengan Perjanjian Kerja).
”Ku kituna bakal komunikasi jeung Komisi I nu kabeneran rek miang ka Menpan. Rek nitipkeun sangkan nu diutamakeun pikeun P3K nyaeta para guru honor nu geus ngabdikeun diri welasan taun. Lain harti tei ngajenan kanu karek lulus, tapi hargaan maranehna nu geus hareubeul,” tandes Mahdar.
Mahdar miharep sakumna anggota cabang bisa tetep sinergi antara pangurus cabang jeung rengrengan pangurusna. “Lantaran di PGRI henteu ngandelkeun power, tapi tetep kolektif kolegial, kebijakan sakumna pihak, dina kapangurusan bakal ngarekrit nu ngarora ti pangurus cabang asup ka pangurus kabupaten,” pokna.