Bewarajabar | Bandung – Drs. Dudun Holidin anu nelah Mang Dudun, keur di Angkatan Muda Silihwang (AMS) Kosogoro, jeung Golkar geus teu bireuk deui.
Inyana kaasup tokoh anu dipikaserab ku baladna. Umur geus nyedek ka 59 tahun.
“Pamungkas abdi ancrub dina politik lamun taun ieu teudiparengkeun deui, seja istirahat pikeun ngabakti ka Gusti, margi tetela geus teu diizinan ngabakti ka Nagri.”
Kitu saurna nalika Silaturahmi kulawarga besarna di bumina Jl. AdiTulip No.6 Komplek Adipura 2. Poe Jumaah, Tanggal 2 Juni 2023.
Dina spandukna diserat DIBELA MOAL CODEKA, DIPERCAYA MOAL SULAYA. Lain janji kiwari tapi tibaheula sajeroning ngojay dina sagara politik, Mang Dudun resep ngabela kanu leutik nyaah ka balad, ngayun ka musuh.