Karawang, Bewarajabar.com — Gending Sari, salah sahiji grup seni Sunda di Karawang nu geus dipikawanoh ku warga Sunda di Tatar Pasundan, utamana ku warga Karawang jeung sabudeureunna. Awalna, Gending Sari mangrupa pintonan Seni Calung nu sok ditanggap di acara hajatan (kariaan), ulang taun jeung acara resepsi sejenna.
Kiwari ieu grup seni biasa makalangan manggung di Tatar Pasundan lian ti mangrupa pintonan Seni Calung oge mangrupa pintonan Seni Degung, Upacara Adat Pernikahan Sunda, jsb.
Pingpinan Gending Sari, Ajang Supriatna, S.Pd. nalika ditepungan ku wartawan Bewarajabar.com, di Perumahan Karawang Jaya, Desa Gintungkerta, Kecamatan Klari, Karawang, netelakeun, Gending Sari ngadeg taun 1982 nalika anjeunna lulus SPG terus makalangan manggung nepi ka ayeuna dirina jadi guru oge seniman tur “icikibung” dina seni, salila 37 taun.
Pintonan Calung Gending Sari, teu beda jeung pintonan seni calung Karawang sejenna, nyaeta mangrupa bodoran jeung lagu-lagu Sunda. Bodoranna mirip bodoran Seni Topeng Banjet nu ngagunakeun basa wewengkon Karawang.
Pintonan Degung Gending Sari, lian ti midangkeun lagu-lagu wanda degung klasik oge midangkeun lagu-lagu wanda “degung jaipong”. Kadangkala pintonana mangrupa “jaipongan” make “penari jaipong”, dangdutan, campur sari, jsb. gumantung kahayang panongton nu menta lagu.
Pintonan Upacara Adat Pernikahan Sunda, di Gending Sari jeung grup seni Sunda sejenna di Karawang beda jeung grup seni di Tatar Pasundan umumna, di Gending Sari aya tokoh Nini Lengser nu maturan Aki Lengser. Tokoh Ki Lengser pejabat kerajaan dirobah jadi aki-aki tukang ngabodor sarta dibaturan ku nini-nini, nyaeta Aki Lengser jeung Nini Lengser.
Harega pintonan Gending Sari, paket Calung, Degung jeung Upacara Adat Pernikahan Sunda pikeun umum, di Karawang antara 14-15 juta, di luar Karawang antara 18-20 juta. “Kanggo rerencangan seniman mah pangaosna benten deui,” ceuk Ajang Spriatna, S.Pd. di ahir obrolan.
Discussion about this post