Karawang, bewarajabar.com — “Green canyon” atawa “ngarai hijau” nyaeta jurang lungkawing nu pinuh ku tatangkalan atawa ceuk urang Karawang mah taneuhna nu “nyerengkedong” (legok ka jero, melengkung), handapeun jurangna walungan atawa “torowongan walungan”, taneuh nu di luhurna minangka “cukang”.
Di Dusun Cipaga, Desa Medalsari, Kecamatan Pangkalan, Karawang, aya “green canyon” (cukang taneuh) nu mirip jeung “green canyon” nu aya di Desa Kertayasa, Kecamatan Cijulang, Pangandaran.
Kecap “green canyon” mangrupa “plesetan” (salah ucap) tina kecap “grand canyon”. Ku kituna “green canyon” nu aya di Dusun Cipaga sok aya oge nu nyebut atawa nu nulis “grand canyon” boh di koran boh di media sosial. Padahal, “grand canyon” mah ngaran salah sahiji curug (air terjun) di Colorado, Amerika Serikat.
Lamun rek ka “green canyon” di Dusun Cipaga, ti puseur kota Karawang ngajugjug ka Kecamatan Pangkalan di tatar kidul Karawang. Jalanna, bisa ngaliwatan jalan “interchange” tol Karawang Barat nu tembus ka jalan sisi irigasi Kalimalang, ngaliwatan Kecamatan Telukjambe Timur jeung Kecamatan Telukjambe Barat, mapay jalan jurusan pasar Loji Kecamatan Tegalwaru.
Lian ti eta, lamun make sepeda motor, bisa jalan ka kawasan industri KIIC nu terus ka jalan Trans Heksa, ngaliwatan kawasan makam San Diego Hills jeung kasawan industri anyar di tapel wates tanah Perhutani leuweung Kutatandingan antara Kecamatan Telukjambe Barat jeung Pangkalan, kaluar di wilayah Kecamatan Pangkalan.
“Green canyon” di Dusun Cipaga, najan pernahna di tapel wates Karawang-Bogor, sarta kaereh ka Kecamatan Pangkalan, tapi, jalanna asup heula ka wilayah Kecamatan Tegalwaru, nyaeta, memeh pasar Loji, Desa Cintalaksana Kecamatan Tegalwaru, mengkol ka katuhu, ngaliwatan Desa Cigunungsari jeung Cipurwasari Kecamatan Tegalwaru, ahirna anjog ka Desa Medalsari Kecamatan Pangkalan, tempat “green canyon” di Dusun Cipaga.