Karawang, bewarajabar.com — Teu jauh ti tapel wates Desa Mulyasari jeung Desa Kutapohaci Kecamatan Ciampel Kabupaten Karawang, aya dua walungan nu ngamuara ka Citarum. Pernahna kira-kira di tengah-tengah antara Bendungan Curug jeung Bendungan Walahar, nyaeta, walungan Cilewung jeung Ciwiu.
Walungan Cilewung di tungtung Kampung Parakanterus Desa Kutapohaci, muarana dipapaes ku leuweung awi nu caraneom. Kalereunna makam Leuweung Jati. Loba kajadian aheng kaalaman ku nu ngaliwatan ieu makam, di antarana tukang sayur nu biasa balanja sore, sarta mulang janari kana sapedah, lebah Leuweung Jati sapedahna aya nu memetot.
Kiduleun Cilewung, lebah tikungan Citarum aya walungan Ciwiu, ka ereh ka Desa Mulyasari. Ceuk kokolot warga Mulyasari, jaman DI/TII ieu tempat sok dipake meuncitan jalma.
Sawatara taun ka tukang, mindeng kajadian, nu tumpak motor dipegat begal teu jauh ti walungan Ciwiu. Sanggeus aya ojeg Parapatan Kopel Klari dibegal, sarta begalna kacerek, kaungkab yen begal teh nu sok megat jalma deukeut walungan Ciwiu tea. Ti harita tara kabejakeun deui aya jalma nu dipegat begal.
Nurutkeun warga Mulyasari di sabudeureun muara walungan Cilewung jeung Ciwiu, lebah tikungan Citarum nu caina tenang najan keur banjir, sok kawenehan aya sapasang panganten tumpak parahu. Cenah eta teh dedemit, nyaeta dedemit Leuwi Goong, arwah panasaran. Kajadianna, baheula aya rombongan panganten nu meuntas tumpak parahu, titeuleum lebah dinya, taya nu salamet saurang oge. Jigana panganten teh panasaran, marakayangan.
Enya henteuna eta carita teu bisa langsung dibuktikeun. Nu jelas bukti, anggap weh dedemit, nyaeta begal ojeg tea nu geus kacerek. Ditambah jeung paling kabel telepon nu musingkeun sarerea. Kabel telepon lebah antara walungan Cilewung jeung Ciwiu sawatara waktu ka tukang mindeng pegat dibadog “dedemit” alias paling. Kasalusur teh dumeh aya urang Ciampel nu jadi polisi di Bandung mendakan nu ngajual kabel telepon ngaku asalna ti Ciampel. Geus beunang mah palingna, kabel teh tara pegat deui.
Saprak Karawang tatar kidul jadi puseur kota industri sarta situ Cipule di Desa Mulyasari jadi rame dipake tempat lomba dayung, lebah Cilewung jeung Ciwiu jadi rame. Lebah Cilewung kiwari aya tempat “pemancingan” jeung rumah makan “lesehan”. Lebah Ciwiu aya pameuntasan “parahu eretan” tempat meuntas nu ngajugjug “sasak eceng” deukeut makam karamat “Leuwi Goong”.