Jakarta, Bewarajabar.com — Menteri Agama Fachrul Razi nerbitkeun surat edaran ngeunaan Panduan Penyelenggaraan Kegiatan Keagamaan di Rumah Ibadah Dina Ngawujudkeun Masyarakat Produktif jeung Aman Covid dina Mangsa Pandemi.
Menag Fachrul Razi ngebrehkeun yen surat edaran ieu teh diterbitkan salaku respon kana ngarasa sonona umat sangkan bisa balik deui migawe ibadah di rumah ibadahna sewing-sewangan ku cara tetep tumut protokol kesehatan, utamana dina raraga nyegah sumebarna Covid-19 jeung panyalindungan masarakat ti risiko ancamanana.
“Rumah Ibadah kudu jadi conto panghadena pikeun nyegah Sumebarna Covid-19,” ceuk Menag di Jakarta, Saptu (30/05).
Ceuk pamanggihna, surat edaran nu ngawengku panduan dilaksanakeunana kagiatan kaagamaan di rumah ibadah dina mangsa pandemi, nu lazimna dipigawe ku cara babarengan atawa kolektif. Di jerona aya aturan kagiatan kaagamaan inti jeung kagiatan kaagamaan sosial di rumah ibadah, dumasar kana kaayaan saenyana dina nyanghareupan pandemi Covid-19 di lingkungan rumah ibadah nu dipimaksud, lain saukur dumasar kana status Zona nu lumaku di eta wewengkon.
“Sok sanajan hiji wewengkon statusna Zona Kuning, lamun seug di eta lingkungan rumah ibadah teh kanyahoan aya kasus nularna Covid-19, kukituna rumah ibadah nu dimaksud teh teu meuna aya ibadah berjamaah/kolektif,” ceuk Menag teges.
Menag muguhkeun yen rumah ibadah nu meunang untuk ngayakeun kagiatan berjamaah/kolektif nyaeta nu dumasar kana fakta lapangan oge angka R-Naught/RO jeung angka Effective Reproduction Number/RT, aya dina wewengkon/lingkungan nu aman tina Covid-19. Hal eta teh ditunjukkeun ku Surat Keterangan Rumah Ibadah Aman Covid ti Ketua Gugus Tugas Provinsi/Kabupaten/Kota/Kecamatan saluyu jeung tingkatan rumah ibadah nu dipimaksud, sanggeus aya koordinasi jeung Forum Komunikasi Pimpinan Daerah setempat babarengan jeung Majelis-majelis Agama jeung instansi nu patali di wewengkon sewing-sewang.
“Surat Keterangan akan dicabut lamun kahareupna aya kasus nularna di lingkung eta rumah ibadah atawa kapanggih ayana kateupanujuan kana protokol nu geus ditetepkeun,” pokna.
Pikeun miboga surat keterangan wewengkon/lingkungan rumah ibadahna aman tina Covid-19, ceuk Menag, nu ngurus rumah ibadah bisa ngajukeun permohonan surat keterangan ku cara sahambalan-sahambalan ka Ketua Gugus Kecamatan/ Kabupaten/Kota/Provinsi luyu jeung tingkatan rumah ibadahna. Anapon rumah ibadah nu bisa ngampihan loba jalma jeung mayoritas jamaah atawa nu makena ti luar wewengkon/lingkunganna, pangurus bisa ngajukeun surat keterangan aman Covid-19 langsung ka pingpinan daerah luyu jeung tingkatan eta rumah ibadah.
SE ieu rumah ibadah oge ngatur kawajiban pangurus atawa nu miboga tanggungjawab rumah ibadah. Aya 11 kawajiban nu diatur, nyaeta:
a. Nyiapkan patugas nu migawe jeung ngawas diterapkeunana protokol kesehatan di sabudeureun rumah ibadah;
b. Bebersih jeung migawe desinfeksi tuluy-tuluyan di sabudeureun rumah ibadah;
c. Ngawatesan lobana panto/jalur kaluar-asup rumah ibadah sangkan diterapkeunana pengawasan protokol kesehatan teh gampang;
d. Nyadiaan fasilitas ngumbah leungeun/sabun/hand-sanitizer na panto paranti asup jeung kaluar rumah ibadah;
e. Nyadiakeun alat pengecekan suhu na panto asup pikeun sakabeh nu rek asup ka rumah ibadah. Lamun katohyan aya nu rek asup rumah ibadah panas awakna > 37,5°C (2 kali pamariksaan nu jarakna 5 menit), teu meunang asup ka jero rumah ibadah;
f. Nerapkeun pembatasan jarak ku cara mere tanda husus dina teras/korsi, minimal jarak sameter;
g. Ngatur lobana jamaah/nu make rumah ibadah nu ngariung mungpulung babarengan, pikeun ngawatesan jaga jarak;
h. Nyingketkeun wanci dipigawena ibadah tanpa ngurangan katangtuan kasampurnaan ibadah;
i. Masang imbauan penerapan protokol kesehatan di sabudeureun rumah ibadah dina tempat-tempat nu gampang katinggali;
j. Nyieun surat pernyataan siapna nerapkeun protokol kesehatan nu geus ditangtukeun; jeung
k. Ngaberlakukeun penerapan protokol kesehatan ku cara husus pikeun jamaah tamu nu nganjang ti luar wewengkon rumah ibadah.
Lian ti eta, ieu SE oge ngatur kawajiban masarakat nu rek migawe ibadah di rumah ibadah. Aya salapan poin, nyaeta:
a. Jamaah aya dina kaayaan sehat;
b. Ngayakinkeun yen rumah ibadah nu dipake teh geus miboga Surat Keterangan aman Covid-19 ti pihak nu boga wewenang;
c. Make masker ti saprak kaluar ti imah jeung salila aya di sabudeureun rumah ibadah;
d. Ngajaga kebersekaan leungeun ku mindeng ngumbah leungeun make sabun atawa hand sanitizer;
e. Nyinglar paantel, samisal sasalaman atawa silih rangkul;
f. Ngajaga jarak antar jamaah minimal 1 mater (sameter);
g. Nyinglar tina lila-lila teuing cicing di rumah ibadah atawa ngariung di sabudeureun rumah ibadah, salian pikeun kapereluan ibadah nu wajib;
h. Ngalarang migawe ibadah di rumah ibadah ka barudak leutik jeung warga nu geus kolot nu pamohalan katepaan panyakit, oge nu keur gering bawaan nu gede risikona tinggi kakeunaan Covid-19;
i. Milu paduli kana diterapkeunana pelaksanaan protokol kesehatan di rumah ibadah nu luyu jeung katangtuan.
Lamun rumah ibadah rek dipake pikeun kagiatan sosial kaagamaan, samodel akad tikah/ngarapalan, samistina lian ti ngacu kana katangtuan di luhur, oge kudu tumut kana aturan ieu:
a. Mastikeun sakabeh nu hadir aya dina kaayaan sehat jeung negatif Covid-19;
b. Ngawates lobana nu hadir maksimal 20% (dua puluh persen) tina kapasitas rohangan jeung teu meunang leuwih ti 30 urang; jeung
c. Riungan dipigawe dina mangsa nu saefisienna.
“Perkara-perkara nu can diatur dina panduan ieu, bakal diatur hususon ku Direktorat Jenderal Bimbingan Masyarakat jeung Majelis-majelis Agama nu aya patalina jeung hal ieu. Ieu Panduan rek dievalusi sangkan cocog jeung perkembangan pandemi Covid-19,” tandesna.
(Sumber dari humas pusat dikirim oleh pranata humas jabar Hj.Tuti Herawati, SHI.)