Karawang, Bewarajabar.com — Mary Yuranda, mojang Aceh nu waktu umur tujuh taun papisah ti kulawargana balukar caah tsunami taun 2004, kiwari patepung jeung kulawarga katut barayana sanggeus tujuh taun hirup jadi galandangan.
Mary Yuranda, nu kiwari umurna 14 taun, tembong aya di kafe di kota Meulaboh di provinsi Aceh, keur neangan kolotna. Tepung jeung supir taxi nu aya di dinya, manehna ditulungan dibawa mulang ka imahna poe Rebo (21/12/11) anu kaliwat sanggeus manehna nyebutkeun ngaran desa jeung ngaran akina, tokoh agama nu kamashur di desana.
Tepung lawungna Mary jeung kulawargana mungkas siksaan dirina salila tujuh taun “dikukut” ku salah saurang randa nu maksa dirina jadi tukang baramaen di jalanan sarta sering ngagebugan.
“Nalika Mary ningal indungna manehna ngagorowok ‘mamah’ tuluy lumpat, gabrug ngarangkul indungna” ceuk bapana, Tamirus. “Maranehna silirangkul bari ceurik,” ceuk Tamirus deui.
Indungna Mary, Yusnindar, netelakeun yen anakna tereh gede nepi ka manehna teu buru-buru wawuh ka anakna. “Tanda lahir dina beuteungna, hunung jeung codet dina beungeutna nu ngabuktikeun yen ieu pun anak,” ceuk Yusnindar. “Kuring kalintang ngahaturkeun nuhunna ka Nu Maha Kawasa,” cenah.

Kolot Mary, nu nyarita yen anakna embung ngomong jeung para wartawan sarta nyaho yen anakna sering digebugan ku randa nu “ngukutna”, netelakeun, Mary papisah jeung maranehna balukar kabawa caah tsunami.
Mary budak awewe umur tujuh taun nu leungit tur kapendak ku randa tea, dibawa ka ibu kota provinsi Banda Aceh, ngaranna dilandi jadi Herawati sarta dijadikeun budak tukang baramaen. Supaya nurut ka randa tea Mary mindeng digebugan ku manehna.
Salasa (20/12/11) anu kaliwat, Mary nolak embungeun jadi tukang baramaen deui. Hal ieu ngabalukarkeun timbulna kaambek eta randa nu naekkeun Mary kana beus jurusan Meulaboh. Tapi, eta randa teh teu bisa kumaha, Mary kabur ninggalkeun manehna.
Lembur tempat kolotna Mary pernahna lebah puseur bencana gelombang tsunami. Bapana Mary, Tamirus, inget keneh nalika kulawargana papisah kateumbag ombak nu kacida gedena. “Kuring sakulawarga aya dina mobil pick-up, satekah polah ngalawan ombak gede nu ngahalangan jalan,” ceuk Tamirus.
Hese beleke Tamirus nyetiran mobil kaluar ti lembur basa ombak gede neumbag. Mobil nu ngamuat kulawargana, dua urang anak awewe jeung saurang orok lalaki palid sababaraha kilometer. Mobil palih teh eureun sanggeus neumbag dua rumah toko.
“Kuring satekah polah naek ka luhur eta rumah toko, tapi pun bojo jeung orok kajebak di antara mobil jeung bangunan toko. Waktu kuring ngangkat dua anak awewe bari nangkeup orok aya deui ombak nu neumbag, ngabalukarkeun pun anak jeung pun bojo palid,” ceuk Tamirus.
Peutingna Tamirus balik ka imahna neangan pamajikan jeung dua anakna nu awewe. Manehna karek amprok jeung pamajikanna poe isukna. Duanana neangan anak-anakna nu leungit, ngaprak ka unggal kacamatan, ka tempat-tempat panampungan korban tsunami.
Teu kapanggih barudak awewe teh. Karek kapanggih saurang sanggeus papisah salila tujuh taun, nyaeta Mary Yuranda. Nu saurang deui anak awewe nu pangkolotna nepi ka kiwari can kapaluruh.
Ieu salah sahiji kajadian balukar ombak tsunami dina bulan Desember 2004, tina gempa bumi raksasa di Samudra Indonesia, lebah basisir provinsi Aceh tatar kaler Sumatra nu niwaskeun 222.000 jalma. (Sunta Atmaja/ABC News/AFP/Girl reunited with parents after 2004 tsunami)