Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Papisah Balukar Caah Tsunami Patepung Sanggeus 7 Taun Jadi Galandangan

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
9 Desember 2020
in Warta Sunda
0
Papisah Balukar Caah Tsunami Patepung Sanggeus 7 Taun Jadi Galandangan

Mary Yuranda

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Mary Yuranda, mojang Aceh nu waktu umur tujuh taun papisah ti kulawargana balukar caah tsunami taun 2004,  kiwari patepung jeung kulawarga katut barayana sanggeus tujuh taun hirup jadi galandangan.

Mary Yuranda, nu kiwari umurna 14 taun, tembong aya di kafe di kota Meulaboh di provinsi Aceh, keur neangan kolotna. Tepung jeung supir taxi nu aya di dinya, manehna ditulungan dibawa  mulang ka imahna poe Rebo (21/12/11) anu kaliwat sanggeus manehna nyebutkeun ngaran desa jeung ngaran akina, tokoh agama nu kamashur di desana.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Tepung lawungna Mary jeung kulawargana mungkas siksaan dirina salila tujuh taun “dikukut”  ku salah saurang randa nu maksa dirina jadi tukang baramaen di jalanan sarta sering ngagebugan.

[irp]

“Nalika Mary ningal indungna manehna ngagorowok ‘mamah’ tuluy lumpat, gabrug ngarangkul indungna” ceuk bapana, Tamirus. “Maranehna silirangkul bari ceurik,” ceuk Tamirus deui.

Indungna Mary, Yusnindar, netelakeun yen anakna tereh gede nepi ka manehna teu buru-buru wawuh ka anakna. “Tanda lahir dina beuteungna, hunung jeung codet dina beungeutna nu ngabuktikeun yen ieu pun anak,” ceuk Yusnindar. “Kuring kalintang ngahaturkeun nuhunna ka Nu Maha Kawasa,” cenah.

Mary Yuranda (tengah) ngagoler dina dipan jeung indungna Yusnindar (katuhu) sarta barayana. (Poto: AFP/Dok: Sunta Atmaja)

Kolot Mary, nu nyarita yen anakna embung ngomong jeung para wartawan sarta nyaho yen anakna sering digebugan ku randa nu “ngukutna”,  netelakeun, Mary papisah jeung maranehna  balukar kabawa caah tsunami.

Mary budak awewe umur tujuh taun nu leungit tur kapendak ku  randa tea, dibawa  ka ibu kota provinsi Banda Aceh, ngaranna dilandi jadi Herawati sarta dijadikeun budak tukang baramaen. Supaya nurut ka randa tea Mary  mindeng digebugan ku manehna.

[irp]

Salasa (20/12/11) anu kaliwat, Mary nolak embungeun jadi tukang baramaen deui. Hal ieu ngabalukarkeun timbulna kaambek  eta randa nu naekkeun Mary kana beus jurusan Meulaboh. Tapi, eta randa teh teu bisa kumaha, Mary kabur ninggalkeun manehna.

Lembur tempat kolotna Mary pernahna lebah puseur bencana gelombang tsunami. Bapana Mary, Tamirus,  inget keneh nalika kulawargana papisah kateumbag ombak nu kacida gedena. “Kuring sakulawarga aya dina mobil pick-up,  satekah polah ngalawan ombak gede nu ngahalangan  jalan,” ceuk Tamirus.

[irp]

Hese beleke Tamirus nyetiran mobil kaluar ti lembur basa ombak gede neumbag. Mobil nu ngamuat kulawargana, dua urang anak awewe jeung saurang orok lalaki palid sababaraha kilometer. Mobil palih teh  eureun sanggeus  neumbag dua rumah toko.

 “Kuring  satekah polah naek ka luhur eta rumah toko, tapi pun bojo jeung orok kajebak  di antara mobil jeung bangunan toko. Waktu kuring  ngangkat dua anak awewe bari nangkeup orok aya deui ombak nu neumbag, ngabalukarkeun pun anak jeung pun bojo palid,” ceuk Tamirus.

[irp]

Peutingna Tamirus balik ka imahna neangan pamajikan jeung dua anakna nu awewe. Manehna karek amprok jeung pamajikanna poe isukna.  Duanana neangan anak-anakna nu leungit, ngaprak ka unggal kacamatan, ka tempat-tempat panampungan korban tsunami.

Teu kapanggih barudak awewe teh. Karek kapanggih saurang sanggeus  papisah salila tujuh taun, nyaeta Mary Yuranda. Nu saurang deui anak awewe nu pangkolotna  nepi ka kiwari can kapaluruh.

Ieu salah sahiji kajadian balukar  ombak tsunami dina bulan Desember 2004, tina gempa bumi raksasa di Samudra Indonesia, lebah basisir provinsi Aceh tatar kaler Sumatra nu niwaskeun 222.000 jalma. (Sunta Atmaja/ABC News/AFP/Girl reunited with parents after 2004 tsunami)

Tags: artikel basa sundaBasa Sundaberita basa sundacarita basa sundaMancanagaraparibasa sundapelajaran basa sundasajaksajak basa sundaSate Entogsunta atmajaWarta Sundawarta sunda online
SendShare196Tweet123
Previous Post

Bhabinkamtibmas Polsek Bojongloa Kidul Sosialisasi 3M 1T di LTL Kel Cibaduyut 

Next Post

Patani Sisi Kalimalang Karawang Dua Kali Ngamodal Nyawah Gara-gara Beureum Daun

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Patani Sisi Kalimalang Karawang Dua Kali Ngamodal Nyawah Gara-gara Beureum Daun

Patani Sisi Kalimalang Karawang Dua Kali Ngamodal Nyawah Gara-gara Beureum Daun

Bhabinkamtibmas Polsek Sumur Bandung Sosialisasi 3M 1T di Kel Babakan Camis

Bhabinkamtibmas Polsek Sumur Bandung Sosialisasi 3M 1T di Kel Babakan Camis

Pelaksanaan Operasi Yustisi Inpres No.6 Tahun 2020 Polsek Buah Batu 

Pelaksanaan Operasi Yustisi Inpres No.6 Tahun 2020 Polsek Buah Batu 

Leave Comment

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026
Prev Next
PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum
Regional

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

Komisi V DPRD Jabar mendukung PWI Jabar merebut juara umum Porwanas 2027 di Lampung serta memperkuat kolaborasi diskusi publik.

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026
Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.