Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Sukrasana Lena di Disparbud Karawang dina Festival Dalang Muda Tingkat Nasional

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
1 November 2020
in Warta Sunda
0
Sukrasana Lena di Disparbud Karawang dina Festival Dalang Muda Tingkat Nasional

Pintonan dalang Akmal Nurwenda dina Festival Dalang Muda Tingkat Nasional, (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, bewarajabar.com — Di nagara Magada Bangbang Somantri nyanghareupan raja-raja sewu nagara nu ngalamar Dewi Citrawati sarta rek ngancurkeun Magada dumeh maranehna ngadenge  yen Dewi Citrawati narima lamaran Prabu Arjuna Sastrabahu ti nagara Maespati. Sakabeh raja taluk, eleh ku kasaktian Bangbang Somantri.

Waktu istrirahat jeung para panakawan, Bangbang Somantri nembrakeun yen dirina jangji rek babakti ka raja nu leuwih sakti ti dirina. Ku kituna Bangbang Somantri  nitip surat ka utusan nu eusina ngeunaan jangji dirina sarta miharep Prabu Arjuna Sastrabahu nyokot sorangan Dewi Citrawati sakaligus ngabuktikeun yen dirina henteu salah babakti.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Prabu Arjuna Sastrabahu paham yen Bangbang Somantri teu boga maksud nangtang parentah, tapi pikeun nedunan sumpah nu geus meungkeut dirina. Prabu Arjuna Sastrabahu miang diiring ku pasukan Maespati, nepungan Bangbang Somantri nu ngajak ngadu kakuatan.

Perang tanding antara Prabu Arjuna Sastrabahu jeung Bangbang Somantri saimbang. Bangbang Somantri ngaluarkeun senjata pamungkas nyaeta “konta baswara”. Prabu Arjuna Sastrabahu curiga yeh Bangbang Somantri lain rek nguji tapi rek mateni dirina.

Ketua Pepadi Karawang Waya Karmila, S. Pd., MM.

Sang Prabu ambek, tuluy dirina ngaluarkeun ajian Tiwikrama jadi Brahalasewu. Awakna jadi sagede gunung, leungeunna jadi sarebu, nyekel rupa-rupa senjata. Bangbang Somantri dirawu teu walakaya, menta ampun. Bangbang Somantri dileuspaskeun, Sang Prabu robah ka wujud asal.

Bangbang Somantri sujud tanda taluk. Prabu Arjuna Sastrabahu narima kalawan sarat Bangbang Somantri kudu bisa mindahkeun Taman Sriwedari ti gunung Untarayana ka nagara Maespati minangka hukuman kana kalakuan Bangbang Somantri. Bangbang Somantri bingung, sabab moal mungkin kahayang Sang Prabu bisa kalaksanakeun.

Keur kitu datang Sukrasana adi Bangbang Somantri nu wujudna buta cebol, beungeutna goreng rupa. Ngadenge ngangluhna Bangbang Somantri ngeunaan hukuman Sang Prabu, Sukrasana nyanggupan ngalaksanakeun eta hukuman.

Ku kasaktianna nu luar biasa Taman Sriwedari dipindahkeun ku Sukrasana  ti gunung Untarayana ka nagara Maespati. Tuluy kadenge ti kajauhan rombongan raja nu datang  pikeun nyaksian kaendahan Taman Sriwedari nu aya di wilayah Maespati.

Bangbang Somantri gugup sabab aya Sukrasana adina. Manehna hariwang  sabab wujud adina goreng rupa. Utamana Bangbang Somantri sieun kanyahoan ku raja  yen nu mindahkeun taman teh lain dirina tapi adina. Lamun raja nanya ka Sukrasana pasti bakal dijawab saujratna. Bangbang Somatri nyaho sipat adina nu tara bohong.

Bangbang Somantri menta Sukrasana sangkan nyingkah heula, tapi Sukrasana tetep embung nyingkah sabab manehna hayang salawasna deukeut jeung lanceukna nu dipikadeudeuh, sieun ditinggalkeun cara waktu lanceukna indit ka Maespati.

Rombongan raja mingkin deukeut. Sukrasana tetep teu daek nyingkah. Ahrirna bangbang Somantri boga niat rek nyingsieunan adina ku cara nodongkeun senjata “konta baswara” maksudna supaya adina nu ogoan teh nyingkah.

Tapi, Sukrasana lain nyingkah, dirina malah nangkeup lanceukna. Bangbang Somantri teu nyangka kana tindakan adina. Senjata konta nanceb kana dada Sukrasana. Saharita Sukrasana perlaya. Bangbang Somantri kaget, ngajerit nangkeup layon adina. Manehna ceurik balilihan bari nangkeup layon adina. Najan adina goreng rupa tetep dipikadeudeuh.

Tuluy layon Sukrasana leungit. Kadenge sora tanpa wujud, sora Sukrasana. Eta sora netelakeun yen dirina baris terus nungguan Bangbang Somantri sarta nyupata kataledoran Bangbang Somantri, jaga Bangbang Somantri baris ajal ku raja angkara sarta dirina bakal ngajemput lanceukna pikeun bareng ka alam baka.

Pelatih dalang Karawang Iman Rohendi

Kitu lalakon “Sukrasana Lena” nu dipedar ku dalang Akmal Nurwenda, dalang  muda ti Karawang dina acara “Festival Dalang Muda Nasional Taun 2020” sacara virtual nu diselenggarakeun ku Disparbud (Dinas Pariwisata dan Kebudayaan) Provinsi Jawa Barat, dilaksanakeun ku Disparbud Kabupaten Karawang di aula Disparbud, Jalan Alun-alun Karawang, Jumaah (23/10/2020) nu anyar kaliwat.

Acara dibuka ku Kepala Disparbud Karawang, Yudi Yudiawan, SE, MM, dihadiran ku rengrengan Disparbud Karawang, Ketua Pepadi  Jabar (Persatuan Pedalangan  Indonesia  Jawa  Barat) H. Darsa Wibiksana, Sekjen Pepadi Jabar Dr. Fadjri Rizkyanti, M. MPd. katut rengrengan, Ketua Pepadi Karawang Waya Karmila, S. Pd., MM. katut rengrengan, Kepala Disdikpora Kabupaten Karawang, Drs. Asep Junaedi, M.Pd. katut nu sejenna.

Nurutkeun pelatih dalang Karawang, Iman Rohendi, aspek pertunjukan festival nu diniley, nyaeta: Lakon/Cerita, Catur/Dialog, Sabet, Penguasaan Karawitan Pedalangan  jeung Video Pertunjukan. Dalang nu jadi wawakil Jabar ti Karawang  nyaeta Akmal Nurwenda (16 taun) siswa Kelas 1 SMKN Karawang.

Tags: bewara sundaDisparbud KarawangFestival Dalang Muda Tingkat Nasionalsunta atmajaWarta Sundawarta sunda online
SendShare196Tweet123
Previous Post

Salah Satu Rintangan Yang Dihadapi Satgas Pamtas Yonif 312/KH Dalam Melaksanakan Tugas Pengamanan di Perbatasan

Next Post

Polsek Lengkong Berikan Himbauan Protokol Kesehatan 4M Pada Masa AKB

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Polsek Lengkong Berikan Himbauan Protokol Kesehatan 4M Pada Masa AKB

Polsek Lengkong Berikan Himbauan Protokol Kesehatan 4M Pada Masa AKB

Launcing Komunitas Tohaga Lodaya, Warga RW 06 Sawah Lega Kel Ledeng 

Launcing Komunitas Tohaga Lodaya, Warga RW 06 Sawah Lega Kel Ledeng 

Polsek Ujungberung Gelar Operasi Yustisi Penegakan Disiplin

Polsek Ujungberung Gelar Operasi Yustisi Penegakan Disiplin

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.