Karawang, bewarajabar.com — Tari Sugriwa Subali hasil kreasi pelatih tariĀ SDN Nagasari II Karawang Barat, Tatang Sukari, nu kungsi tandang dina lomba ātari kreasi baruā FLS2N (Festival Lomba Seni Siswa Nasional) Kabupaten Karawang, manggung di sawatara acara resepsi jeung nu sejenna.
Nalika lumangsungna pintonan tari Sugriwa Subali dina FLS2N para panongton katingal hookeun nyaksian kamaheran para penari. Boh para panongton awam boh para panongton lulusan STSI anu apal sual seni, mere kamandang yen ieu tarian hade pisan.
Kitu ceuk guru oge pelatih tari ieu SD, Imas Permasih, S.Pd.SD, katut pelatih tari sejenna, Kurnia Suciati, S.Pd. jeung Tatang Sukari, S.Pd.
āAlhamdulillah tarian murangkalih hasil didikan abdi saparakanca estu nyugemakeun. Abdi reueus unggal manggung pintonan tarianna teu weleh rame ku panongton. Diantarana, ieu tari kantos disaksian ku para wisatawanĀ Belanda di salah sahiji acara di Karawang Barat. Para wisatawan bengong bari keprok ningali tarian murangkalih,ā ceuk Imas Permasih.
Tari Sugriwa Subali nu dipintonkeun ku para siswa SDN Nagasari II mangrupa ātari kreasi baruā dina wanda jaipongan hasil kreasi pelatih tari Tatang Sukari. Seniman nu oge guru SMP katut pupuhu sanggar tari āPuspa Wangiā teh geus sataun ngulik ieu tari saprak inyana meunang lagu Sugriwa SubaliĀ tanpa tarian ti salah saurang siswa SMKN 10 (SMKI) Bandung.

Di āYoutubeā sumebar tari Sugriwa Subali versi SMKN 10 Bandung jeung versi sejenna. Tatang Sukari henteu engeuh versi mana nu pangheulana Ā medal, naha versi āPuspa Wangiā, Ā versi SMKN 10 Bandung atawa versi sejenna.
āAbdi āngreasikeunā ieu tari ti awal lagu Sugriwa Subali medal di Bandung sateuacan aya tarianna. Lagu nu masih kosong. Nalika abdi ningal tari Sugriwa Subali versi SMKN 10 Bandung sareng nu sanesna di āYoutubeā, versi āPuspa Wangiā tos aya. Masing-masing mibanda ciri mandiri. Mangga dibandingkeun video antara tari ākreasiā abdi sareng nu sanesna,ā ceuk Tatang Sukari.
Discussion about this post