Sabtu, Oktober 31, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Ulang Taun Gedong Sadasa di Radio ADS Karawang

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
13 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Ulang Taun Gedong Sadasa di Radio ADS Karawang

Lalakon Ulang Taun Gedong Sadasa digelar ku trio dalang di Radio ADS. (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Di Karaton Duarawati Sri Maha Batara Kresna ngangkir Padma Nagara jeung Patih Udawa, ngayakeun sawala, rehna Batara Kresna ngarasa nyeri hate ku Pandawa, utamana ku Gatotkaca, dumeh kilangbara Samba Purwaganda dilantik jadi lurah tamtama di gedong Sadasa, ieu mah ulang taun ge teu ngondang-ngondang acan.

Batara Kresna boga patekadan rek ngagagalkeun ulang taun di gedong Sadasa oge dilantikna Gatotkaca. Padma Nagara teu satuju kana niat Kresna. Maranehna debat, Kresna bendu, ahirna Padma diasupkeun kana obag. Teu lila datang Kombayana, sarua ngarasa nyeri hate dumeh teu diondang. Ahirna maranehna sapamadegan rek ngacowkeun acara ulang taun. Tuluy ngabagi-bagi tugas, Kresna miang ka Awangga rek nginjeum senjata konta ka Adipati Karna, Kombayana langsung ka gedong Sadasa.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Di gedong Sadasa Gatotkaca   keur sasadiaan pikeun ulang taun, dibaturan para ponakawan, Cepot, Dewala jeung Gareng. Teu lila datang Kombayana katut wadya balad Korawa. Parea-rea omong ahirna der perang. Perang campuh antara Gatotkaca jeung balad Korawa. Balad Korawa bubar katawuran. Resi Kombayana menta bantuan ka balad Setra Gandamayit nu diluluguan ku putrana Gedeng Permoni, Ganda Setra. Balad buta bubar katawuran, Kombayana mundur.

Di Kasatriaan Awangga Adipati Karna kadatangan Batara Kresna. Batara Kresna ngarekayasa carita, ngabobodo Adipati Karna yen aya hiji karaman nu rek ngacowkeun ulang taun gedong Sadasa, oge rek mateni Gatotkaca. Ditingal dina ogan lopian pipatieun eta karaman teh ku senjata konta. Sanggeus sawatara waktu lumangsung debat, ahirna senjata konta diinjeumkeun ka Batara Kresna. Tuluy Batara Kresna miang ka gedong Sadasa.

Di gedong Sadasa Gatotkaca ngarasa lalungse jeung panas awak. Keur kitu, ajian-ajian jeung panca braja Gatotkaca kalaluar, nyaeta: Bajingkiring, Tapaknenggala, Saptapangrungu, Brajamusti, Brajawisesa, Brajadenta, Brajawilkapa, jeung Brajalamaton. Batara Kresna bari nyumput  maut senjata konta, tuluy dilempagkeun ka Gatotkaca. Gatotkaca ngemasing pati, awakna kabawa ku senjata konta ka awang-awang.

Di perjalanan Arjuna jeung Semar keur lumampah rek ka gedong Sadasa. Teu lila aya nu ragrag ti jomantara, taya lian layon Gatotkaca. Arjuna jeung Semar kaget. Berkah tarekah Semar, Gatotkaca hirup deui, sarta kanyahoan yen tiwasna Gatotkaca ku senjata konta. Arjuna jeung Semar ambek kacida. Semar miang ka Suralaya rek ngahujat para dewa. Arjuna miang ka Awangga rek menta pertanggung-jawaban Adipati Karna. Gatotkaca balik deui ka gedong Sadasa.

Dewa Jagatnata dibawa ku Semar, Adipati Karna diboyong ku Arjuna, ngariung, gunemcatur di Pandawa. Barang ditingal ku Semar, horeng Kresna teh lain asli. Katibanan ku pangawasa Semar, wujud Kresna leungit jadi Arwah Naga Percona anu gugur ku Gatotkaca dina lalampahan Jabangtutuka. Teu lila datang Batara Kresna anu asli ti lapisan bumi ka opat (Rotapala) tas kilir ti Dewi Pertiwi. Kresna dicarekan ku Dewa jeung Semar. Kresna tumarina kana kasalahanana.

Ieu lalakon wayang golek digelar mirip sandiwara ku tilu dalang babarengan, nyaeta, ku: Dalang Atam Setiawan ti Gentra Loka Klari Karawang (Juara I Binojakrama 2011), Dalang Asep Sehu ti Gending Pawitra Jatisari Karawang (Juara II Binojakrama 2011), jeung Dalang Acep Risnandar ti Tumaritis IV Telagasari Karawang (Juara III Binojakrama 2011),  di Radio ADS 105,2 FM Jalan Kolam Renang  Kotabaru Karawang.

Pintonan nu katembong beda tina pagelaran wayang golek umumna, utamana dina dialog  jeung perang. Dina ieu pagelaran, dialog leuwih hidup, silihtembalna para tokoh wayang leuwih nyata, perang wayang leuwih rame. Tilu dalang tapis naker ngagelar ieu acara, nepi ka para panongton parogot lalajo  nepi ka bubar.

Tags: artikel basa sundabahasasundaBasa Sundaberita basa sundabudayasundacarita basa sundakatasundaMancanagarangabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundaRadio ADS Karawangsajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare197Tweet123
Previous Post

Kring Serse Polsek Regol Antisipasi C3 dan Gangguan Kamtibmas Malam Hari

Next Post

Carpon (Carita Pondok): Lalajo Topeng

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Carpon (Carita Pondok): Lalajo Topeng

Carpon (Carita Pondok): Lalajo Topeng

Candi di Batujaya Naha Titinggal Karuhun Tarumanagara?

Candi di Batujaya Naha Titinggal Karuhun Tarumanagara?

Dangiang Subang Larang Ngalanglang Tatar Karawang

Dangiang Subang Larang Ngalanglang Tatar Karawang

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI
Regional

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

PWI Jabar mendorong pers aktif mencegah penipuan AI melalui verifikasi informasi, edukasi publik, dan penguatan literasi digital masyarakat.

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026
BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026
e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.