Karawang, bewarajabar.com — Bendungan Walahar di Desa Walahar Kecamatan Klari, Karawang, kiwari beuki kamashur ka mana-mana, henteu ka wewengkon-wewengkon sejen di sabudeureun Karawang wungkul, tapi kamashur oge ka daerah-daerah di luar Karawang, di antarana ka daerah Bekasi jeung Jakarta. Buktina sok aya warga Bekasi jeung Jakarta nu ngadon pelesir ka Bendungan Walahar, utamana waktu libur.
Komo nu dareukeut mah, lain poe pere wungkul nu daratang ka bendungan teh, poe-poe biasa oge sok aya wae nu daratang, boh nu ngadon ulin boh nu ngadon dahar di tempat-tempat “wisata kuliner” sabudeureun bendungan nu nyadiakeun pais jambal, sate maranggi, beuleum nila, jsb.
Puguh deui poe Minggu jeung poe pere sejenna mah, isuk-isuk di sabudeureun bendungan jeung di jalan sapanjang sisi irigasi Walahar antara bendungan jeung lebah Kawasan Industri Citarum (Grup Texmaco), pinuh ku rebuan jalma nu jalan-jalan jeung lari pagi, pagaliwota diantara nu daragang.
Nu daragang, lian ti nu maneuh dadasar unggal poe teh aya oge nu mingguan, nyaeta daragang unggal poe Saptu jeung Minggu. Malah lolobana nu daragang teh dina poe-poe ieu, ahir minggu tea atawa “weekend” ceuk urang Inggris mah.
Daganganana sagala aya; kadaharan, papakean, parabot dapur, cocoan, jrrd. Geus puguh kadaharan model soto, baso, kupat tahu jeung dahareun sejenna mah pasti aya. Eta, cocooan budak mani rupa-rupa, nepi ka anak kalenci oge aya.
Ari nu daragang papakean, jiga nu rek “nyaingan” pasar tradisional, sagala disadiakeun, Warga nu dareukeut ka bendungan, di antarana, loba nu meuli sendal jeung sapatu henteu di pasar, tapi cukup di Walahar wae.
Kalereun bendungan, di sisi jalan sapanjang sisi irigasi Walahar antara bendungan jeung lebah Kawasan Industri Citarum (Grup Texmaco) ku warga sabudeureunna dibarangun jongko-jongko warung. Nu ngaraliwat, karyawan nu digarawe di kawasan industri Ciampel jeung di zona industri Klari jeung nu sejenna biasana sok ngadon reureuh di eta jongko.
Ayeuna, jongko-jongko warung sisi irigasi Walahar kalereun bendungan teh ku nu bogana dibalongkar, diruagan, sabab ku Pengairan (Perum Jasa Tirta II) irigasi dijeroan jeung dilegaan deui dumeh saluran irigasi teh ngadeetan jeung ngaheureutan balukar leutak jeung keusik nu namper jeung jujukutan nu bala. Warung-warung parindah ka wetaneun jalan di tanah kosong teu jauh ti saluran pipa gas Pertamina.