Bewarajabar | Bandung – “Aya tilu pamaksudan nu harayang jadi anggota DPR RI kahiji ekasistensi, bisnis, bumela ka lemah cai.” Kitu saur Dr. Ir. H Sodik Mudjahid, nu katelah Kang Sodik dina acara Kamalir Aspirasi Masyarakat (Asmas II) tanggal Poe Minggu tanggal 28 Mei 2023 di SMA Darul Hikam Jalan Supratman 88 Bandung.
Kang Sodik ayeuna kapercanten ngawakilan rahayat di Komisi X DPRRI parantos bade tilu Periode.
Ceuk Kang Sodik lolobana nu harayang jadi DPR RI tujuanna aktualisasi diri, nu tos teu butuh ku harta tapi perlu Tahta ngarasa reueus jadi wakil rahayat tur ngantor di Gedung DPR RI.
Aya oge nu tujuanna keur nguatkeun kakuatan Bisnis. Maranehna nepi ka sanggup ngaluarkeun duit 300 M keur ngahontal tujuanna.