Bewarajabar.com – Buah ngora Balingbing warnana hejo kolot. Wangunna segi lima, rasana kesed. Biasana sok dirujak petis dicampur jeung bungbuahan sejenna, kayaning: jambu kulutuk, cereme jeung rea-rea deui.
Buah asak Balingbing warnana semu koneng. Rasana amis haseum tur gahar. Ku urang Amerika mah buah balingbing nu segi lima teh dikeureutanana siga bentang.
Dingaranan weh “buah bentang” (starfruit). Ngaran ilmiah Balingbing dina basa Latin nyaeta Averrhoa carambola.
Teu beda jeung bungbuahan sejenna, balingbing sok dipake “cuci mulut” sanggeus dahar.
Mangpaatna keur urang, lian ti matak seger oge ngabantu “pencernaan makanan” sarta ngurangan tekanan darah tinggi.
Melak Balingbing bisa sikina, bisa oge dicangkok atawa ku cara okulasi. Sangkan tumuwuhna alus, melakna, anggang antara tangkal jeung tangkal sejenna 6 meter.
Balingbing jadi di daerah dataran rendah nepi ka daerah nu luhurna 500 meter tina beungeut laut. Tangkal balingbing jangkungna antara 5-12 meter.
Balingbing mimiti buahan sanggeus umurna 3 nepi ka 4 taun.
Biasana balingbing sok dipelak di pakarangan imah, ngarah iuh tur pikabetaheun. Hawa disabudeureunana seger tur sehat, nyumponan oksigen nu dipikabutuh pikeun pernapasan urang.
Balingbing sejenna nu rasana amis diantara balingbing koneng, balingbing kapuk, jeung Balingbing jinggo. Balingbing koneng warna buah asakna koneng siga beuti koneng.
Balingbing kapuk buah asakna hipu sarta ngeunah pisan rasana. Balingbing jinggo warna buahna jingga.