Bewara Jabar – Nyah mata kuring beunta. Ti tadi sare dina sofa. Radio anu keur dibandungan geus dipareuman teuing ku saha. Pitunduheun leungit.
Awak nu tadi mah karasa cararangkel, ilang ayeuna mah. Nyaring. Ret kana jam dinding anu ngadaplok dina tembok.
Waktu nuduhkeun tabuh satengah satu peuting. Waktuna ngalaksanakeun solat Tahajud. Pamajikan teu digudagken, apal, manehna keur halangan geus dua poe.
Saban wayah kieu kuring sok nyaring pikeun solat Tahajud. Teu ukur solat Tahajud sabenerna mah, sok dituluykeun ngalaksanakeun solat Hajat, Istikhoroh jeung Witir.
Solat dina kaayaan simpe mah sok leuwih husyu. Wayah kieu ngeunahna dipake sare. Hawa karasa tiris, ayeuna geus asup usum ngijih.
Ti keur rumaja geus ditutumanan ngalaksanakeun qiyamul lail. Ema jeung bapa anu nyontoanna.
“Duh, nalangsa,” gerentes hate.
Geus lila ema maot. Dua taun ti tas kuring lulus kuliah ema tilar dunya. Kahayangna kuring geura rumah tangga. Tepi ka ema maotna, kuring can rumah tangga. Lain embung rumah tangga, lain teu payu, ngan kuring rek rumah tangga dimana geus diangkat jadi ASN.
Jadi ASN oge mangrupakeun kahayang kolot. Najan harita kuring lain ASN tapi gajih teh kaitung gede. Ngajar di hiji sakola milik yayasan anu muridna loba jeung geus kasebut bonafide.
Teu bisa disasaruakeun antara gajih guru honorer biasa jeung gaji honorer di eta sakola anu muridna ti mana-mendi.
Dua taun ti saentas ema maot, bapa nuturkeun. Ditinggalkeun maot ku ema masih keneh ninggalkeun rasa nalangsa dina hate, katambah ku maotna bapa. Ema jeung bapa geus karolot. Kuring budak bungsu ti lima sadulur.
Waktu kuring lahir umur ema jeung bapa geus teu kasebut ngora deui. Beda jeung waktu lanceuk-lanceuk kuring lahir.
Sataun ti tas bapa maot, kuring diangkat jadi ASN. Aya rasa bungah pacampur nalangsa. Saha anu henteu bungah diangkat jadi ASN.
Loba anu harayang diangkat, kuring lulus. Nalangsana, ema jeung bapa teu nyakseni kuring jadi ASN. Sataun ti tas lulus, kuring mungkas mangsa lalagasan. Dulur jeung baraya pada mantuan sagala rupana pikeun hajat. Teu mangkuk lila, kuring dibere turunan.
Pangalaman kuring jeung kolot bruh breh narembongan. Matak waas, matak kelar. Memang ari ngadoakeun mah saban poe hususna saban tas solat.
Ngan ari nyekar ka makam mah langka pisan. Papadaning kitu kuring sok nitah Ceu Aan, alona ema pikeun meresihan makam ema jeung bapa anu padeukeut.
Ti imah Ceu Aan ka makam teu jauh. Kungsi diniatan rek ka makam pikeun beberesih jeung ngembang saban poe Juma’ah, tapi sok teu kuat ku rasa nalangsa. Sok jadi remen hulang-huleng. Pitunduhkeun euweuh. Sare enggeus ieuh, kuring ngadon diuk bari ngahuleng dina sofa.
“Kang,” ceuk pamajikan ti jero kamer.
“Lan,” tembal kuring laun.
Pamajikan nyampeurkeun. Nyeh imut. Papada tas hudang sare ge katembong geulis.
“Sare deui atuh, kapan isuk rek ka sakola isuk keneh!” pokna.
Isuk teh poe munggaran Asesmen Sumatif Akhir Semester (ASAT). Kuring kapapancenan ngawas dina jam kahiji tepi ka jam kaopat.
“Geus teu tunduh,” ceuk kuring.
Pamajikan muru kamer mandi.
Dibandingkeun lanceuk-lanceuk mah kuring wungkul anu jadi guru. Lanceuk kabeh daragang di pasar. Ngan kuring anu sakola luhur, ngalaman diwisuda jadi sarjana.
Can aya samemehna di kulawarga bapa jeung ema anu jadi sarjana. Ema hayang kuring jadi pagawe negeri.
Basa kuring miluan tes ASN teu lulus, kuring kuciwa pisan. Ema ngabeberah sangkan kuring sumanget, aya keneh kasempetan pikeun miluan deui tes.
Doa ema dikabul, dikabulna waktu ema jeung bapa geus taya di kieuna. Aya keneh mah kuring bakal barangbere ka ema, sina ngarasakeun gajih kuring salaku pagawe negeri.
Sajumlah pangalaman antara kuring jeung kolot hiji-hiji harayangeun narembongan kawas anu hayang paheula-heula.
Inget keneh, waktu ema ngadaptarkeun kuring ka SD. Sakola teh ka SD anu aya di desa tatangga. Nu jadi alesanna lantaran teu ngaliwatan jalan gede. Paureun kuring katabrak ku kendaraan anu liwat di jalan raya.
Ari sakola anu aya di desa tatangga mah jalan anu diliwatan teh kenca jeung katuhuna cai. Maksudna balong jeung tampian.
“Den,” kadenge aya sora ti luar ngageroan kuring.
Rey, bulu punduk kuring ngadadak cengkat. Sada sora ema. Ah, ema mah geus maot. Geus beda alam. Anyar maot ge euweuh nanaon. Tapi lila-lila mah kuring ngarasa keueung. Cengkat tina sofa murun kamer sare.
Pamajikan geus aya di kamer, teu kanyahoan liwat ka patengahan imah. Sigana saking ku antengna kuring ngumbar panineungan. Ah meureun dedengean wungkul. Kuring sare ngarengkol nyanghareup ka jandela.
Pamajikan jeung budak anu leutik keneh sare talibra. Mata kuring teu bisa dipeureumkeun. Pikiran inget ka bapa.
Beda jeung ema anu resep ngobrol, bapa mah nyarita teh saperluna. Keur hirupna bapa resep pisan kana ngaroko.
Rupa-rupa merk roko jigana kungsi diroko. Kuring sok bingung. Bapa sok menta dipangmeulikeun roko, diturutkeun sarua jeung nitah bapa hirup teu sehat. Teu diturutkeun karunya, piraku kolot batur tingkelepus ari bapa kalah manyun. Sabungkus roko bisa beak dina sapoe.
Malah leuwih. Lain nyaan duit pikeun meuli roko, ngan ari ngaroko teh dihenteu-henteu matak ngaruksak kana kasehatan awak. Teu aneh, waktu deukeut ka maot teh bapa katerap panyakit jantung. Ti keur rumaja ngaroko, puluhan taun zat bahaya tina roko asup kana awak.
“Den, can sare?” ceuk hiji sora ngagetkeun.
Holna eta sora ti deukeut jandela kamer. Apal kana eta sora anu geus lila teu kadenge. Eta teh sora bapa. Teu ditembalan.
Kakaraeun aya sora bapa sanggeus tilar dunya. Yakin, eta ge lain sora bapa. Ukur dedengean jigana. Atawa eta sora setan anu nurutan sora bapa.
Kasieun mah aya. Rasa sieun pacampur jeung rasa sedih. Ema maot teu gering lila. Wanci burit nalika keur hujan, ema gegeroh di luar imah ngamangpaatkeun cai hujan sangkilang di imah aya cai PDAM.
Kuring anu keur aya di imah digeroan ku bapa yen ema koma. Tepi ka maotna ema teu kungsi sadar deui. Dibawa ka rumah sakit, teu lilir deui tepi ka maotna dina poe Juma’ah Kaliwon pas adzan Subuh raeng di saban masjid.
Waktu layon ema dikuburkeun, kuring jeung bapa narangtung di luhureun liang kubur. Kuring nyekelan pageuh leungeun bapa dibarung kasedih anu pohara.
Kolot ngan sabeulah karasa ningnang, aya anu kurang. Rada leuheungna teh aya keneh bapa harita mah, aya batur pakumaha.
Ari ayeuna duanana geus taya di kieuna. Teu karasa aya anu ngalembereh kana pipi. Jarang-jarang kuring ceurik.
Geus lila teu ngeclakeun cimata. Ema jeung bapa teu nyakseni kuring rumah tangga. Teu nungkulan kuring mungkas mangsa lelengohan.
Keur dirahpalan karasa aya anu kurang jeung sedih pastina. Teu pedah dulur jeung baraya tumplek haladir.
Kungsi waktu memeh dirahpalan, siga aya ema jeung bapa diuk dina korsi di antara hadirin neuteup anteb ka lebah kuring bari paromanna cahyaan, kebek ku kabungah. Eta ukur tetempoan. Ayeuna geus rek taun anyar deui, teu karasa waktu majuna.
Asa kamari ieu kuring napelkeun kalender, baruk ayeuna geus ahir taun. Kolot maot narungtutan.Teu nyakseni kuring boga anak.
Ayeuna mah rek rajin ka makam ema jeung bapa saminggu sakali. Alusna mah poe Juma’ah. Meureun ema jeung bapa teh sonoeun kitu ka kuring. Mata teu bisa dipeureumkeun tepikeun ka kapireng sora adzan Subuh.