Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Basisir Cibendo di Tatar Kaler Karawang

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
11 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Basisir Cibendo di Tatar Kaler Karawang

Nu parihnik di basisir Cibendo. (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Cibendo, salah sahiji basisir di  Karawang tatar kaler nu pernahna di Desa Ciparagejaya Kecamatan Tempuran. Kiwari Cibendo mimiti rame didatangan ku jalma-jalma nu ngadon pihnik. Maranehna daratang ka eta basisir  utamana poe pere, Saptu jeung Minggu.

Tempat pihnikna basajan, ukur basisir biasa nu di sapanjang sisianna ngajajar warung-warung tempat reureuh sarta ngajual dahareun. Dahareun lian ti disadiakeun jajanan pikeun budak oge disadiakeun beuleum lauk tambak jeung lauk laut sarta hewan laut sejenna, kayaning beuleum bandeng, etong, kakap, hurang, cumi, kapiting, jsb.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Lamun pere taun baru atawa lebaran biasana nu daratang ka Desa Ciparagejaya loba pisan. Aya nu ngadon pihnik ka basisir Cibendo aya oge nu ngadon balanja lauk di Tempat Pelelangan Ikan (TPI). Mayar tiket kungsi tempatna di hareupeun kantor Desa Ciparagejaya. Ku kituna anu rek  meuli lauk ka TPI kapaksa kudu mayar, najan teu niat pihnik ka basisir Cibendo. Ayeuna mah tempat mayar tiket teh deukeut basisir. Jadi nu rek ka TPI teu kudu mayar.

Dina pere taun baru atawa lebaran biasana rebuan jalma parihnik di basisir Cibendo. Kandaraan ngajajar minuhan tempat parkir, boh motor boh mobil. Nu daragang oge loba pisan, lian ti warung nu maneuh oge loba nu daragang dadakan, diantarana, tukang baso, tukang cingcau, tukang cendol, jsb.

Nu parihnik, lian ti ngadon leuleumpangan di cai sisi basisir, oge aya nu ngadon ngojay atawa tumpak ban meunang nyewa. Aya oge nu tumpak parahu bargas, lalayaran ka tengah laut. Parahu bargas nu dina poe-poe biasa tara aya, dina poe rame model taun baru jeung lebaran, disadiakeun ku para pamayang pikeun nu parihnik nu hayang nyoba tumpak parahu.

Pikeun ngajugjug ka Cibendo. Ti puseur kota Karawang maju ngetan ka Kecamatan Telagasari. Ti parapatan Telagasari kebat ngaler ngaliwatan Desa Kalibuaya, Desa Pasirmukti, jeung Desa Pasirkamuning. Sanggeus ngaliwatan Kantor Desa Pasirkamuning, lebah Kampung Salem mengkol ngetan anjog ka jalan sisi irigasi pas B.Tls. (Bendungan Telagasari) 7. Ti dinya mengkol ngenca ka beulah kaler mapay jalan sisi irigasi nu  meunang ngecor.

Bisa oge  sanggeus ngaliwatan jambatan teu jauh ti pasar Telagasari mengkol ngenca mapay jalan cor sisi saluran irigasi Telagadari. Kiwari jalan ieu nu loba dipake ku nu ngaliwat ngajugjug Tempuran atawa sabalikna.

Wewengkon jalan di antara dua lembur nu kenca katuhuna mangrupa sawah, kebon atawa tegalan kosong (taya imahan), di Karawang disebutna “totoang”. Totoang antara Kecamatan Telagasari jeung Kecamatan Tempuran disebut “Totoang Layapan”. Baheula jalan lebah dieu (totoang) rusak parna, memeh dicor cara ayeuna. Lian ti eta di “Totoang Layapan” baheula kabejakeun sok aya begal megat nu ngaliwat. Estu matak keueung mun ngaliwat ka lebah dieu.

Kadieunakeun kakeueung teh lain ku begal, mangsa jalma-jalma nu baroga motor ngaliwat ka “totoang”, tukang tambal ban can aya. Kabayang keueung tur capena, lamun ban kempes di tengah “totoang”.

Tapi ayeuna “totoang” teh rame. Warung-warung sisi jalan jeung tukang tambal ban nungtutan ngaradeg. Kiwari loba kandaraan nu ngaliwat. Komo mangsa pere taun baru jeung lebaran, jalan nu bareto tiiseun teh ngadadak rame siga jalan raya di kota, loba kandaraan nu lalar liwat.

Lebah paratan Desa Pagadungan Kecamatan Tempuran mengkol ngetan ngaliwatan jambatan, meuntas walungan tapel-wates Kecamatan Tempuran jeung Kecamatan Cilamaya Kulon, nyaeta antara Desa Tempuran jeung Desa Sumurgede.

Di  jalan raya, walungan mangrupa tapel-wates Desa Tempuran Kecamatan Tempuran (beulah kulon) jeung Desa Sumurgede Kecamatan Cilamaya Kulon (beulan wetan). Tapi, sanggeus Kampung Babakan, najan ayana beulah wetan walungan, lembur teh kaasup Kecamatan Tempuran, nya, Desa Ciparagejaya tea lokasi basisir Cibendo.

Tags: #basasundaartikel basa sundabahasasundaBasa Sundaberita basa sundabudayasundacarita basa sundakatasundaMancanagarangabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare196Tweet123
Previous Post

Di Rengasdengklok Karawang Bandera Merah Putih Ngelebet 16 Agustus 1945

Next Post

Pameuntasan Situ Cipule

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Pameuntasan Situ Cipule

Pameuntasan Situ Cipule

Bank bjb Kembali Selenggarakan Bincang Jumat Bisnis Online, UMKM Diajak Susun Peta Usaha di 2021

Bank bjb Kembali Selenggarakan Bincang Jumat Bisnis Online, UMKM Diajak Susun Peta Usaha di 2021

Kapolda Jabar dan Forkopimda Cek Lokasi Longsor Bojongkondang – Cimangggung 

Kapolda Jabar dan Forkopimda Cek Lokasi Longsor Bojongkondang - Cimangggung 

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.