Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Di Rengasdengklok Karawang Bandera Merah Putih Ngelebet 16 Agustus 1945

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
11 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Di Rengasdengklok Karawang Bandera Merah Putih Ngelebet 16 Agustus 1945

Tugu Proklamasi di Rengasdengklok. (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Soekarno jeung Mochamad Hatta “diculik”, dibawa ka Rengasdengklok, Karawang, ku sawatara pamuda, nyaeta, Soekarni, Wikanta, Aidit jeung Chairul Saleh ti perkumpulan “Menteng 31”, Kemis, 16 Agustus 1945 jam 03.00 WIB. Tuluy Soekarno jeung Hatta didesek supaya buru-buru ngalaksanakeun proklamasi kamerdekaan Republik Indonesia.

 Di Rengasdengklok maranehna baradami, nyaeta, antara golongan kolot nu diwakilan ku Soekarno, Mochamad Hatta katut Achmad Soebardjo jeung golongan pamuda ngeunaan iraha proklamasi rek dilaksanakeun utamana sanggeus Jepang eleh dina Perang Fasifik. Nyanghareupan eta hal, Soekarno jeung Hatta tetep teu robah pamadegan.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Sajeroning kitu di Jakarta, Chairul jeung babaturanna geus nyusun rencana pikeun ngarebut kakuasaan. Tapi, rencanana teh teu bisa dilaksanakeun sabab teu kabeh anggota PETA (Pembela Tanah Air) ngarojong kana eta rencana.

Hasil badami di Rengasdengklok, proklamasi kamerdekaan Republik Indonesia rencanana rek dibacakeun ku Bung Karno (Soekarno) jeung Bung Hatta (Mochamad Hatta) poe Jumaah, 17 Agustus 1945 di lapangan IKADA (nu kiwari jadi lapangan Monas) atawa di imah Bung Karno di Jalan Pegangsaan Timur 56. Ahirna dipilih imah  Bung Karno sabab di lapangan IKADA geus sumebar  beja bakal aya acara nu rek dilaksanakeun sarta nepi ka pihak Jepang, balukarna  para tentara Jepang geus siap jaga-jaga.

 Pikeun nyegah riributan antara warga nu ngahadiran waktu dibacakeun teks proklamasi, dipilih imah Soekarno di Jalan Pegangsaan Timur No.56. Teks Proklamasi disusun di Rengasdengklok, di imah  Tionghoa, Djiaw Kie Siong. Bandera Merah Putih geus dikelebetkeun ku para pejuang di Rengasdengklok poe Kemis, 16 Agustus 1945, minangka persiapan pikeun proklamasi kemerdekaan Indonesia.

Kusabab taya berita ti Jakarta, Jusuf Kunto dikirim pikeun badami jeung para pamuda  nu aya di Jakarta. Tapi, anjog ka Jakarta, Kunto ukur nepungan Wikanta jeung Achmad Soebardjo nu satuerusna maranehna miang ka Rangasdengklok pikeun ngajemput Soekarno, Hatta, Fatmawati jeung Guntur. Achmad Soebardjo ngondang  Bung Karno jeung Bung Hatta miang ka  Jakarta pikeun macakeun proklamasi di Jalan Pegangsaan Timur 56.  Kemis, 16 Agustus 1945 tengah peuting  rombongan teh nepi ka  Jakarta.

Isukna,  Jumaah 17 Agustus 1945 teks proklamasi kamerdekaan dibacakeun ku Soekarno. Ieu teks diketik ku Sayuti Melik ngagunakeun mesin ketik “meunang nginjeum” (nu sabenerna meunang nyokot) ti Kantor Kepala Perwakilan Angkatan Laut Jerman, Mayor (Laut) Dr. Hermann Kandeler.

Kasang tukang “penculikan”, harita  Soekarno jeung  Mochamad Hatta katut para tokoh sejenna miharep supaya proklamasi dilaksanakeun ku PPKI (Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia), sedengkeun  golongan pamuda hayangna proklamasi dilaksanakeun sagancangna  tanpa PPKI nu  dianggap minangka  badan buatan Jepang. Lian ti eta supaya Soekarno jeung  Hatta teu kapangaruhan ku  Jepang. Golongan pamuda hariwang lamun kamerdekaan nu sabenarna hasil perjuangan bangsa Indonesia, jadi  saolah-olah pamere Jepang.

Samemehna  golongan pamuda geus ngayakeun babadamian di salah sahiji lembaga bakteriologi di Pegangsaan Timur Jakarta, tanggal 15 Agustus 1945. Dina eta babadamian  diputuskeun supaya  dilaksanakeunna  kamerdekaan dibebaskeun tina  sagala  hubungan jeung  jangji kamerdekaan ti Jepang. Hasil kaputusan peutingna ditepikeun ka Ir. Soekarno, tapi ditolak ku Soekarno sabab anjeunnna ngarasa boga tanggung jawab minangka ketua PPKI.

Tags: #basasundaartikel basa sundabahasasundaBasa Sundaberita basa sundabudayasundacarita basa sundakatasundaMancanagarangabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare197Tweet123
Previous Post

Karawang Puseur Budaya jeung Wisata

Next Post

Basisir Cibendo di Tatar Kaler Karawang

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Basisir Cibendo di Tatar Kaler Karawang

Basisir Cibendo di Tatar Kaler Karawang

Pameuntasan Situ Cipule

Pameuntasan Situ Cipule

Bank bjb Kembali Selenggarakan Bincang Jumat Bisnis Online, UMKM Diajak Susun Peta Usaha di 2021

Bank bjb Kembali Selenggarakan Bincang Jumat Bisnis Online, UMKM Diajak Susun Peta Usaha di 2021

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.