Bewarajabar.com — Paribasa “Cecencet mande kiara” nu hartina “Jalma leutik mapadani nu gede pangaruhna” geus dipikawanoh ku sawatara jalma, utamana ku nu resep ngabandungan “Dongeng” atawa nu sok maca Nopel Sunda. Kumaha ka tangkal cecendet? Jigana mah can pati warawuh. Komo kana jero-jeroanna mah.
Cecendet mande kiara, diadukeun “warugana” tangtu eleh cecendet, da cecendet mah keur leutik teh beye deuih tangkalna, ari kiara jangkung badag tur teuas.
Tapi, mun ditilik kasiatna, bisa jadi cecendet leuwih unggul, sabab cecendet bisa dipake ngubaran sawatara kasakit, diantarana: diabetes mellitus jeung nyeri paru-paru, kasakit nu dipikainggis ku balarea.
Cara ngubaran diabetes mellitus: Tangkal cecendet nu geus buahan dirabut jeung akar-akarna, tuluy dikumbah sing beresih. Diantepkeun sina peot. Digodog dina cai 3 gelas nepi ka caina tinggal sagelas, tuluy disaring. Diinum sapoe sakali.
Cara ngubaran nyeri paru-paru: Tangkal cecendet lengkep jeung akar, dahan, buah, katut kembangna dikumbah sing beresih. Digodog dina cai 3-5 gelas. Diinum sapoe 3 kali 1 gelas.
Cecendet ngandung sawatara zat senyawa kimia asam sitrun, fisalin, asam malat, alkaloid, tanin, kriptoxanin, vitamin C jeung gula.
Najan geus ti baheula dipake paribasa Sunda, cecendet lain asli tutuwuhan Sunda, tapi ti Amerika Latin. Di Amerika, cecendet disebut “Morel berry”. Ngaran ilmiahna dina basa Latin Physalis minina.
Cecendet tumuwuh di dataran rendah nepi ka daerah pagunungan nu jangkungna 1.550 meter tina beungeut laut. Jadi di taneuh nu kumaha bae, di mana-mana; di tegalan, di sawah garing, di kebon palawija, di reuma, dina kamalir sisi jalan, jste.