Karawang, Bewarajabar.com — Basisir kaler Karawang mibanda ciri mandiri, kahirupan pamayang nu heuras genggerong, heureuyna nu kasar, pakeanĀ basajan ukur calana komprang jeung kaos oblong, dikopeah, nyolendang sarung jeung nyoren bedog, jadi ciri papakean lalaki.
Dangdanan awewe menor, kabaya merecet bari lahak, samping kebat jangkung jeung wedak medok, lipen burahay. Kabiasaan awewe, ngaromongna nengterewelang, cempreng, diantarana aya nu gehgeran, sok nyebut bobogaan lalaki atawa bobogaan sorangan. Tapi sanajan bari jeung kitu ari sipat nyaah jeung ihlas ka sasama Ā mah tetep aya sanajan kadang-kadang karasa kampungan.
Imah bilik Leman katempo sapotong. Dina bilik naplok lampu tempel nu kakalicesan katebak heor angin barat. Handapeun lampu aya korsi awi paranti Leman ngopi. Gigireun imah Leman aya imah Mat Kontan, jelema nu kasohor borongong sombong. Di hareupeun imahna aya bale awi panjang, sakapeung sok dipake naek lamun manehna ngaheotan manuk kameumeutna, nu digantung dina luhureun bale.
Gigireun imahna aya pamoean tina awi, Ā deukeut tihangna rajeg gagang baralak disarandekeun keur pisuluheun. Dina pamoean sing sarangsang papakean kolot jeung baju budak, pating kelebet katebak angin, kalan-kalan angin nebak rada tarik. Dua imah karosong, simpe, ukur heor angin sarenghapan.
Kitu diantarana carita sandiwara Sunda nu judulna āDurjanaā nu ditarjamahkeun kana basa Sunda wewengkon Karawang sarta ādiadaptasiā tur āsettingnaā-na di ka ābasisir Karawangkeunā ku Abah Sarjang tina naskah āMalam JahanamāĀ karya Motinggo Boesje,Ā disaksian ku panongton kurang-leuwih 800 siswa/mahasiswa jeung 700 masarakat umum di Hotel Swiss Belinn Karawang, sawatara waktu katukang
Ieu acara mangrupa salah sahiji kagiatan āGebyar Budayaā nu dikokolakeun ku Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Kabupaten Karawang dina raraga ngareuah-reuah HUT Kemerdekaan RI jeung milangkala Kabupaten Karawang, digarap ku Komunitas Seniman Muda Karawang (KOSIM) kalayan sutradara Dicky P. Gumelar.
Para pamaen:Ā Imas Yuliani minangka Ijah,Ā Dede A. Saroni minangka Mat Kontan,Ā Mansyur Srisudarso minangka Leman,Ā Faizol Yuhri minangka Utay,Ā Dita Fatmawati minangka Babaturan Leman 1,Ā Faisal Ahmad minangkaĀ Babaturan Leman 2.

Nurutkeun Dicky P. Gumelar, ieu sandiwara Sunda dimaenkeun kuĀ para aktor ngora nu potensial (maher) kalayan proses garapan, ti mimiti persiapan casting aktor, analisa naskah, artistik, musik, panggung, nepi ka Ā rampung proses garapan, meakeunĀ waktu kurang-leuwih tilu bulan.
Proses garapanna teu pati hese ku sabab kabeh tim, aktor, artistik jeung musik, asli urang Karawang. Komo deui sual basa nu ādiadaptasiā kana basa Sunda wewengkon Karawang, sama sakali taya masalah dina lumangsungna proses garapan.
Kahareupna mudah-mudahan ieu Ā acara nu Ā dikokolakeun ku Disparbud Karawang teh leuwih alus deui sarta āantusiasmeā (rasa sumanget) masarakat Karawang nambahan deui, nu nongton acara model kieu leuwih loba deui. Dipiharep, mugia pucuk pingpinan Kabupaten Karawang (bupati jeung wakil bupati) sagancangna bisa āngaresponā (mairan) ieu kagiatan mekarkeun seni budaya Karawang.
āUrang Karawang, utamana para nonoman, kiwari rea nu taya kawani ngagunakeun basa Sunda. Ngarasa basana kasar tur sieun salah. Antukna aranjeunna ngagunakeun basa Indonesia. Ku ayana ieu sandiwara mudah-mudahan nonoman Karawang timbul kawani tur daek ngagunakeun basana, basa Sunda wewengkon Karawang,ā ceu Abah Sarjang.































































Discussion about this post