Sabtu, Oktober 31, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Sandiwara Sunda “Durjana” di Karawang

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
7 Desember 2020
in Warta Sunda
0
Sandiwara Sunda “Durjana” di Karawang

Adegan Sandiwara Sunda “Durjana”. (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Basisir kaler Karawang mibanda ciri mandiri, kahirupan pamayang nu heuras genggerong, heureuyna nu kasar, pakean  basajan ukur calana komprang jeung kaos oblong, dikopeah, nyolendang sarung jeung nyoren bedog, jadi ciri papakean lalaki.

Dangdanan awewe menor, kabaya merecet bari lahak, samping kebat jangkung jeung wedak medok, lipen burahay. Kabiasaan awewe, ngaromongna nengterewelang, cempreng, diantarana aya nu gehgeran, sok nyebut bobogaan lalaki atawa bobogaan sorangan. Tapi sanajan bari jeung kitu ari sipat nyaah jeung ihlas ka sasama  mah tetep aya sanajan kadang-kadang karasa kampungan.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

[irp]

Imah bilik Leman katempo sapotong. Dina bilik naplok lampu tempel nu kakalicesan katebak heor angin barat. Handapeun lampu aya korsi awi paranti Leman ngopi. Gigireun imah Leman aya imah Mat Kontan, jelema nu kasohor borongong sombong. Di hareupeun imahna aya bale awi panjang, sakapeung sok dipake naek lamun manehna ngaheotan manuk kameumeutna, nu digantung dina luhureun bale.

Gigireun imahna aya pamoean tina awi,  deukeut tihangna rajeg gagang baralak disarandekeun keur pisuluheun. Dina pamoean sing sarangsang papakean kolot jeung baju budak, pating kelebet katebak angin, kalan-kalan angin nebak rada tarik. Dua imah karosong, simpe, ukur heor angin sarenghapan.

Kitu diantarana carita sandiwara Sunda nu judulna “Durjana” nu ditarjamahkeun kana basa Sunda wewengkon Karawang sarta “diadaptasi” tur “settingna”-na di ka “basisir Karawangkeun” ku Abah Sarjang tina naskah “Malam Jahanam”  karya Motinggo Boesje,  disaksian ku panongton kurang-leuwih 800 siswa/mahasiswa jeung 700 masarakat umum di Hotel Swiss Belinn Karawang, sawatara waktu katukang

Ieu acara mangrupa salah sahiji kagiatan “Gebyar Budaya” nu dikokolakeun ku Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Kabupaten Karawang dina raraga ngareuah-reuah HUT Kemerdekaan RI jeung milangkala Kabupaten Karawang, digarap ku Komunitas Seniman Muda Karawang (KOSIM) kalayan sutradara Dicky P. Gumelar.

Para pamaen:  Imas Yuliani minangka Ijah,  Dede A. Saroni minangka Mat Kontan,  Mansyur Srisudarso minangka Leman,  Faizol Yuhri minangka Utay,  Dita Fatmawati minangka Babaturan Leman 1,  Faisal Ahmad minangka  Babaturan Leman 2.

Abah Sarjang

Nurutkeun Dicky P. Gumelar, ieu sandiwara Sunda dimaenkeun ku  para aktor ngora nu potensial (maher) kalayan proses garapan, ti mimiti persiapan casting aktor, analisa naskah, artistik, musik, panggung, nepi ka  rampung proses garapan, meakeun  waktu kurang-leuwih tilu bulan.

Proses garapanna teu pati hese ku sabab kabeh tim, aktor, artistik jeung musik, asli urang Karawang. Komo deui sual basa nu “diadaptasi” kana basa Sunda wewengkon Karawang, sama sakali taya masalah dina lumangsungna proses garapan.

Kahareupna mudah-mudahan ieu  acara nu  dikokolakeun ku Disparbud Karawang teh leuwih alus deui sarta “antusiasme” (rasa sumanget) masarakat Karawang nambahan deui, nu nongton acara model kieu leuwih loba deui. Dipiharep, mugia pucuk pingpinan Kabupaten Karawang (bupati jeung wakil bupati) sagancangna bisa “ngarespon” (mairan) ieu kagiatan mekarkeun seni budaya Karawang.

“Urang Karawang, utamana para nonoman, kiwari rea nu taya kawani ngagunakeun basa Sunda. Ngarasa basana kasar tur sieun salah. Antukna aranjeunna ngagunakeun basa Indonesia. Ku ayana ieu sandiwara mudah-mudahan nonoman Karawang timbul kawani tur daek ngagunakeun basana, basa Sunda wewengkon Karawang,” ceu Abah Sarjang.

Tags: artikel basa sundaBasa Sundaberita basa sundacarita basa sundaMancanagaraparibasa sundapelajaran basa sundasajaksajak basa sundaSate Entogsunta atmajaWarta Sundawarta sunda online
SendShare197Tweet123
Previous Post

Bersama Jabar Explore, bank bjb Siap Kembangkan Rute Pariwisata Baru di Jawa Barat

Next Post

Penyemprotan Disinfekktan di Kel. Pasirwangi Guna Cegah Covid-19

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Penyemprotan Disinfekktan di Kel. Pasirwangi Guna Cegah Covid-19

Penyemprotan Disinfekktan di Kel. Pasirwangi Guna Cegah Covid-19

Sekda, “Camat Harus Lebih Intens Sapa Warga”

Sekda, "Camat Harus Lebih Intens Sapa Warga"

PSBB Proporsional, Satpol PP Sasar Kecamatan Kasus Aktif Tertinggi

PSBB Proporsional, Satpol PP Sasar Kecamatan Kasus Aktif Tertinggi

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum
Regional

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

Komisi V DPRD Jabar mendukung PWI Jabar merebut juara umum Porwanas 2027 di Lampung serta memperkuat kolaborasi diskusi publik.

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026
e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026
BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.