Sabtu, Oktober 31, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Sasak Eceng di Situ Leuwi Goong

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
13 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Sasak Eceng di Situ Leuwi Goong

Sasak Eceng di Situ Leuwi Goong. (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Sasak Eceng nyaeta ngaran landian kana hiji sasak luhureun situ urut galian keusik nu kenca katuhueunna pinuh ku eceng gondok, deukeut makam Leuwi Goong, di Kampung Kompa Desa Cimahi Kecamatan Klari Kabupaten Karawang, peuntaseun Situ Cipule. Ari Situ Cipule pernahna di Desa Mulyasari Kecamatan Ciampel.

Istilah “Sasak Eceng” jieunan para “pengunjung” nu ngaliwat ka eta wewengkon atawa ngadon ulin sarta ngadon “selfie” di eta wewengkon tuluy poto-potona dimuat di dumay (dunia maya), sumebar ka mana-mana, jadi kapanasaran balarea hayang ngabuktikeun aslina.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Sasak Eceng nu panjangna 180 meter teh dijieun tina kai papan nu ngembat luhureun situ urut galian keusik (urang sebut weh Situ Leuwi Goong) nu caina pinuh ku eceng gondok kenca-katuhueunna. Handapeun eta sasak dipasang 180 dreum nu ngambang. Ku sabab pinuh ku eceng gondok, nu ngaliwat situ teh asa ngaliwat rawa. Situ nu caina jero karasana deet. Mun taya eceng gondokan, nu ngaliwat tangtu lewang, ngarasa keueung, paur ragrag.

Tutuwuhan eceng gondok di kenca jeung katuhueun sasak lian ti “ngabeberah” nu ngaliwat supaya teu nganggap yen cai teh jero, oge nimbulkeunkeun kaendahan pamandangan. Tapi oge, nambahan suasana “serem” lamun dihubungkeun jeung makam Leuwi Goong.

Eceng gondok, salah sahiji tutuwuhan cai nu hirupna ngambang, aya oge nu akaran di jero taneuh.  Ngaran ilmiahna dina basa Latin “Eichhornia crassipes”. Di  Palembang ngaranna  Kelipuk.  Di Lampung ngaranna  Ringgak. Ku urang Dayak disebut  Ilung-ilung. Ceuk  urang Manado mah Tumpe.

Eceng gondok munggaran kapendak ku Carl Friedrich Philip von Martius, ahli botani Jerman basa manehna ngayakeun ekspedisi (ngalalana) di walungan Amazon Brazil Amerika taun 1824.

Eceng gondok mekar kacida gancangna, tereh gede jeung tereh loba. Kukituna eceng gondok dianggap “gulma” (tutuwuhan nu ngaganggu) nu bisa ngarusak lingkungan cai. Eceng gondok gampang sumebar dina saluran cai ti hiji tempat ka tempat sejenna.

Lamun rek ngajugjug Sasak Eceng, ti jalan raya Karawang-Cikampek, lebah parapatan Kopel atawa parapatan Kosambi mengkol ngidul, bisa ngajugjug Situ Cipule di Desa Mulyasari tuluy meuntas Citarum make parahu eretan ka Desa Cimahi, bisa oge langsung ngajugjug Desa Cimahi, lebah Kampung Lio mengkol ka katuhu ngaliwatan Kampung Kompa. Atawa meuntasna di pameuntasan husus pikeun ngajugjug ka eta lokasi, nyaeta nu disebut “Pameuntasan Sasak Eceng Leuwi Goong” nu pernahna lamun ti kaler memeh Situ Cipule.

Sabenerna Leuwi Goongna mah nyaeta leuwi di walungan Citarum lebah makam Leuweungjati Kampung Parakanterus Desa Kutapohaci nu napel-wates jeung Kampung Cipule Desa Mulyasari Kecamatan Ciampel. Ari tempat ieu mah (lokasi Sasak Eceng) nyaeta lelewek makam Leuwi Goong anu katelah “Karamat Leuwi Goong” tempat sawatara jalma “jarah” atawa nadran.

Sasak Eceng mangrupa sambungan ti pameuntasan parahu eretan deukeut Situ Cipule. Di lebah dieu aya tilu pameuntasan, kahiji, pameuntasan nu ngahubungkeun Kampung Cipule di luar situ ka Kampung Kompa, ngaliwatan makam Leuwi Goong, kadua, pameuntasan nu ngahubungkeun Kampung Cipule lebah situ ka Kampung Kompa, katilu, pameuntasan nu ngahubungkeun Kampung Kaum lebah situ ka Kampung Karajan.

Pameuntasan nu pangramena nyaeta pameuntasan lebah situ Cipule nu ngahubungkeun Kampung Kaum Desa Mulyasari ka Kampung Karajan Desa Cimahi. Ieu pameuntasan ngagunakeun parahu eretan ponton nu bareto mah lian ti bisa ngamuat motor oge bisa ngamuat mobil.

Nu daratang ka lokasi “ Wisata Sasak Eceng” lian ti hayang nyaho sasak bari  nguseup di Citarum oge  ngadon niis handapeun tatangkalan sisi cai. Nu dianggap lokasi “Wisata Sasak Eceng”  nyaeta “sasak luhureun Situ Leuwi Goong” jeung tanah sisi Citarum antara pameunatasan jeung eta sasak nu tempatna ariuh pinuh ku tatangkalan.

Ieu tempat mangrupa “tanggul alam” Citarum kuloneun “Karamat Leuwi Goong” nu kahalangan ku situ nu pinuh ku  eceng gondok sarta dijieun sasak di luhurna nu kiwari katelah “Sasak Eceng” tea. Di ieu tempat aya warung nu nyadiakeun karedok, bala-bala jeung sajabana, oge nyadiakeun tempat parkir motor pikeun nu ngadon reureuh.

Ramena ieu tempat utamana saprak aya lomba dayung di Situ Cipule dina PON (Pekan Olahraga Nasional). Harita ieu tempat estu rame ku nu arulin. Sedengkeun warung jeung tempat parkir di dinya ngan aya dua, nyaeta, Warung Ceu Lilis (lebah tanggul antara Citarum jeung Sasak Eceng) jeung Warung Bah Dapi (lebah “gerbang sasak” sisi “Karamat Leuwi Goong”.

Tags: artikel basa sundabahasasundaBasa Sundaberita basa sundabudayasundacarita basa sundakatasundaMancanagarangabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare198Tweet124
Previous Post

SDN Mulyasari I Ciampel Studi Wisata di Kampung Turis

Next Post

Kring Serse Polsek Regol Antisipasi C3 dan Gangguan Kamtibmas Malam Hari

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Kring Serse Polsek Regol Antisipasi C3 dan Gangguan Kamtibmas Malam Hari

Kring Serse Polsek Regol Antisipasi C3 dan Gangguan Kamtibmas Malam Hari

Ulang Taun Gedong Sadasa di Radio ADS Karawang

Ulang Taun Gedong Sadasa di Radio ADS Karawang

Carpon (Carita Pondok): Lalajo Topeng

Carpon (Carita Pondok): Lalajo Topeng

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang
Regional

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

Bandung, Giwangkara.com - Kabupaten Sumedang menjadi salah satu daerah yang mendorong transformasi digital pemerintahan hingga tingkat desa. Salah satu langkahnya...

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026
PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026
BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.