Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Tilar Dunya di Jero Guha Kutatandingan Karawang

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
27 Oktober 2020
in Warta Sunda
0
Tilar Dunya di Jero Guha Kutatandingan Karawang

Lawang Guha Kutamasigit kacida heureutna. Mun asup, mimiti ajrut ka handap 2 meter, tuluy dongko bari ngigir. (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, bewarajabar.com — Guha Kutamasigit, tempat jarah di tanah Perhutani leuweung Kutatandingan lebah Desa Mulyasejati Kecamatan Ciampel, Karawang, geus ngabalukarkeun 4 urang tilar dunya, kakerem cai tina caah dengdeng nu minuhan eta guha,  poe Minggu sawatara taun katukang.

Kajadianana,  Poe Minggu rombongan jarah ti Desa Duren Kecamatan Klari miang ka Kutamasigit. Tabuh 14.00 dina kaayaan hujan, dipandu ku anak kuncen, nu jarah ngayakeun acara ritual, diantarana abdas di cai situ nu aya di jero guha.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Eta guha lawangna heureut tur rumpil. Sedengkeun jerona nu mangrupa situ lega pisan. Waktu rombongan abdas, ujug-ujug kaluar cai tina liang. Nu arabdas pahibut, paheula-heula kaluar ti guha ngaliwatan lawang nu heureut. Tilu urang teu kaburu kaluar, kakerem ku cai. Ditulungan ku anak kuncen, tapi nu nulungan ge sarua kakerem. Kabehanana tilar dunya.

Nu tilar dunya nyaeta Rahmat Saleh  (28) warga Kampung Walahar I RT 01/01 Desa Walahar Kecamatan Klari,  Rohim Saleh (37) warga Kampung Semang, Cikarang Selatan, Adi Setiawanardi (16) warga Kampung Duren RT 13/14 Desa Duren Kecamatan Klari, jeung Jaja (30, anak kuncen) warga Kampung Jati Desa Karangligar Kecamatan Telukjambe Barat.

“Nu angkat ka Kutamasigit,  11 urang. Aranjeunna diajak ku guruna, guru kabatinan, duka diajar naon nu saleresna. Nu kakuping mah saurna, diantarana, kantos newak jurig kana botolkeun. Guruna urang dieu. Murid-muridna oge seuseueurna urang dieu,” ceuk Wawan, mamangna Adi, salah saurang korban.

“Hanjakal, boh guruna boh rencangna nu salamet, teu langsung ngawartosan ka abdi dina dinten kajadian, dinten Minggu. Nembe ngawartosan wengi Salasa. Padahal dinten Senen enjing-enjing abdi nongton TV berita kajadian di Kutamasigit. Teu engeuh nu maot teh pun anak,” ceuk Aji bapana Adi.

Adi Setiawanardi, korban Guha Kutamasigit nu layonna kapanggih pangahirna ku Tim SAR. Layon Adi kapanggih ku saurang anggota Tim Taruna Siaga Bencana (Tagana) Karawang Salasa sore,  di satukangeun batu sanggeus guha nu banjir disaatan ku pompa cai. Layon nu sejenna kapanggih memehna, nyaeta, layon anak kuncen kapanggih tengah peuting malem Salasa. Nu duaan deui kapanggih poe Senen sore. Nu neangan layon mangrupa tim SAR gabungan, ngawengku: Tagana, Sagara, Zhadul, LSM Gibas, jeung warga sabudeureun eta tempat.

Tags: artikel basa sundabasa indungBasa Sundabewara sundacikahuripanGuha Kutatandingan Karawangsajarah basa sundasumber caisunta atmajaTatar Kidul KarawangWarta Sunda
SendShare196Tweet123
Previous Post

Cikahuripan Sumber Cai di Tatar Kidul Karawang

Next Post

Deklarasi Bersama Dan Sosialisasi 3M Guna Cegah Corona, Polsek Cicendo 

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Deklarasi Bersama Dan Sosialisasi 3M Guna Cegah Corona, Polsek Cicendo 

Deklarasi Bersama Dan Sosialisasi 3M Guna Cegah Corona, Polsek Cicendo 

Ops Yustisi Gakplin Polsek Bojongloa Kaler Tindak Langsung Bagi Pelanggar

Ops Yustisi Gakplin Polsek Bojongloa Kaler Tindak Langsung Bagi Pelanggar

Operasi Yustisi Gakplin Inpres No 6 Tahun 2020 Polsek Babakan Ciparay

Operasi Yustisi Gakplin Inpres No 6 Tahun 2020 Polsek Babakan Ciparay

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.