Soreang, bewarajabar.com — Eksistensi program angkutan online dianggap teu boga konsep nu jelas, padahal geus ngaluarkeun anggaran nu kawilang gede. Hal eta dijentrekeun ku Anggota Komisi C DPRD Kabupaten Bandung, Toni Permana.
Nurutkeun Toni, program angkot online ngan saukur salah sahiji tindakan reaktif ti Dinas Perhubungan Kabupaten Bandung pikeun ngengklokan kamajuan teknologi. Lian ti kitu, teu diimbangan ku konsep nu kurang jelas. Komo deui dina waktu ayeuna masarakat leuwih milih ngagunakeun kendaraan pribadi tibatan angkutan umum.
“Program angkot online ieu ngagunakeun anggaran nu kawilang gede, antukna kudu sagancangna dievaluasi. Saupamana program angkot online ieu taya harepan pikeun dituluykeun, ku kituna Dinas Perhubungan Kabupaten Bandung kudu sagancangna neangan inovasi sejen deui,” ceuk Toni.