Bandung,bewarajabar.com — Upaya ngaraharjakeun Guru hususna Guru honorer, Persatuan Guru Republik Indonesia (PGRI) Jawa Barat nga-apresiasi Pemerintah Kota Bandung. Salah sahijina nya eta milu kana standar Upah Minimum Kerja (UMR) Kota Bandung.
” PGRI Jabar nga-apresiasi Pemkot Bandung nu geus ngalakukeun torobosan anyar nyaruakeun para Guru honorer,” ceuk Ketua PGRI Jabar, Dede Amar, waktu silaturahmi jeung Wakil Wali Kota Bandung Yana Mulyana di Bale Kota Bandung, Kemis (18/6/2020).
Nurutkeun Dede, daerah sejen perlu nyonto kana upaya nu geus dilaksanakeun ku Pemkot Bandung. Tujuanana, supaya para guru honorer bisa leuwih sejahtera.
“ Urang cobaan kucara outsourcing. Honorna UMR. Memang rada beda jeung nu sejen. Tapi urang mekarkeun di Jawa Barat jeung urang tetapkeun di Kota lianna supaya diturutan. Muga muga bisa lancar turta bisa ditarima,,” Dede Amar ngajentrekeun.
Di sagigireun ti kitu, PGRI Jabar ngaku keur nataharkeun protokol kesehatan dina widang pendidikan. Utamana nyanghareupan taun ajaran anyar, dina mangsa usum pandemi Covid-19 saperti kiwari. Sakumna pihak kudu waspada, supaya teu katepaan atawa nepakeun eta panyakit.
“ Kuring geus diskusi panjang, antara kota, provinsi jeung pusat. Koordinasi ngeunaan protokol kasehatan nu kudu terus dijaga. Urang tetap kudu ati-ati supaya teu nimbulkeun cluster anyar,” ceuk Dede.
Jeroning kitu, Wakil Wali kota Bandung, Yana Mulyana ngajentrekeun, yen peradaban dihiji kota ditangtukeun ku guru. Kusabab kitu, Pemkot Bandung siap kolaborasi jeung PGRI Jabar, pikeun mere perhatian husus keur para guru kaasup guru honorer.
“ Prinsipna mah siap berkolaborasi. Alhamdulillah, salah sahiji program Pemkot Bandung diapresiasi ku PGRI Jabar. Salah sahijina nya eta guru honorer nu standarna UMR,” ceuk Yana.
Yana oge ngaku, yen status guru di Kota Bandung loba pisan. Lengkah Pemkot Bandung pikeun guru honorer, nya eta nerapkeun sistim outsourcing.
“Kahareupna aya role model. Engkena sistim outsourcing,” pokna.**