Sign in

Sign up

MUKA JATNIKA SASTRA : NYIAR LUANG TI MANG KABAYAN – (Bagian kaopat Bah Dĕdi)

By on November 17, 2019 0 66 Views

Urang tuluykeun  muka lampah Mang Kabayan dina jirangan ka opat ieu. Dina sinopsisna kieu “..Tutas para mojang jeung para bujang balik. Si Iteung kalah ngamuk sagala dibalangkeun bari hohoak nepi ka menta diserahkeun. Mang Kabayan tenang we niten nu ambek-ambekan teu galideur sanajan dianggap owah oge. Teu cukup pamajikan tatangga oge ribut milu ngabrul tatanya ka Kabayan bari nyalahkeun kabayan. Kabayan oge tenang deuih nyanghareupan tatangga. Tutas beres ceuk pamikir si kabayan salse tatangga teu ngaganggu atuh pamajikan oge asup ka jero imah. Ngan lep wae si Kabayan tĕh hĕĕs deui…” kitu ceuk sinapsisna dina jiranan ka opat. Lamun ku urang ditafakuran aya tilu hal nu dipilampah ku Mang Kabayan dina jirangan atawa episode ieu. Nyatana Kabayan nyanghareupan si iteung gambaran gogoda anu datangna ti jero, satuluyna tatangga pipilueun nyalahkeun kabayan ieu gambaran gogoda anu datanga ti luar anu teu nyaho pasualanna pipilueun milu ribut, stuluyna Mang Kabayan hĕĕs deui geus diwakcakeu ieu gambaran nyampurnakeun konsep atawa nyimpi deui.  Uraang papay hiji-hiji larap kahirupan dina hirup kumbuh nu kaalaman ku urang.

  1. Gogoda ti jero Moal dicatur ari gogoda ti diri pribadi mah ngedul, mumul, bodo, poho jeung karakter anu gorĕng sĕjĕn anu ceuk umum jiga si Kabayan. Ngan urang catur waĕ nu disebut gogoda ti jero nyaĕta gogoda tikulawarga jeung organisasi nu diheuyeuk ku urang, lamun urang geus boga organisasi tempat jeung alat perjuangan. Lamun urang nilik lampah para koruptor teu leupas ti gogoda kulawargana anu embung hirup sederhana, hayang mĕwah jeung sombong nĕmbongkeun pangaboga ka batur. Pejabat anu teu korupsi umumna pamajikan jeung anakna bisa hirup sederhana jeung wajar teu pupujieun. Abah pernah ngobrol jeung saurang Polisi anu boga pangkat AKBP, moal disebutkeun ngaran jeung dimana tugasna, sabab ieu saukur gambaran keur conto, lain keur gorengeun jadi hoax. Manehna pernah narima duit komisi 300 juta, tina hiji pembelian barang keur kaperluan kantor. Geus tilu bulan duit 300 juta can robah dina meja dikamarna. Nepi ka nanya ka pamajikanna naha duit teu dipake.

Pamajikanna kalah nanyakeun timana ĕta duit, kapan duit gajih anu wajar mah pamajikanna ogĕ wani makĕ. Kusabab pamajian teu narima duit 300 juta dianggap duit kongkalongkong. Ahirna dipake meuli mobil ku manehna “Ieu mobilna bah” cenah da waktu ngobrol the keur ka Sumedangkeun. Manehna oge janji moal rek narima deui duit komisi atawa naon wae ka manehna anu di luar kawajaran sabab pamajikanna embungeun di pangkorupsikeun atawa ngadahar harta anu teu luyu jeung Agama. Samalah pamajikanna oge embungeun lamun diajak numpak kana mobil anyar hasil komisi tea. Make mobil nu tiheula waĕ hasil krĕdit cenah. Jigana para koruptor oge lamun pamajikanna sadar embung narima duit haram mah bakal sarua saladar. Tapi dina ieu carita Mang Kabayan mere gambaran kumaha lamun pamajikan teu sadar geura urang guar hiji-hiji. Lampah iteung jeung cara kabayan pikeun ngarengsekeun pasualan jeung pamajikan.

Mimitina si iteung nganggap si Kabayan jelema owah atawa gelo “Nanaonan kabayan runcad rencog jiga nu owah”. Kabayan nembalan “Da ngareunah”. Disebut gelo ku hiji konsep lain bobodoan nepi ka Abah ngalaman disebut ‘ngagigihan’, dugi ka pun biang nangis isin ku tatangga nyarek neraskeun cita-cita ngadegkeun Sakola. Sabab abah jelema sangsara anu teu mungkin sanggup ngadegkeun Yayasan jeung Sakola. Pon kitu pasti anu gaduh konsep jeung kahayang tur keur upaya ngawujudkeun kahayang pernah di sebut jelema pamohalan atawa jelema gelo. Kudu nurutan si Kabayan ulah rek kagebag ku batur urang kudu yakin jeung pengkuh wae kana cita-cita sangkan tĕrĕh ngawujud. Sanajan disebut gelo. Keun wae najan batur mangerakeun urang oge da moal untung jeung moal aya rugina keur urang. Asal urang ulah milampah hal anu nirca jeung nisca tina ajaran agama jeung budaya. Ari jelema miskin boga cita-cita luhur jadi Gubernur mah teu matak era teu sing. Sabab tangtu hiji perjuangan nu rek dihontal ukur nu arek berjuang anu geus nyiapkeun tahapan perjuangan nepi ka kahontal heula mah. Sedengkeun ari batur kapan ukur ningali mimiti jeung tungtung. Moal daek niten tahapan perjuangan anu keur disiapkeun ku urang mah. Najan tahapan perjuangan ku urang dibejakeun oge da moal kahartieun deuih. Keun we ulah rek kapangaruhan.

Si ietung ahirna menta diserahkeun jeung dianteurkeun. Si Kabayan ngajawa teu gampang nyerahkeun the sabab lebena paeh, biasana oge indit sorangan naha make kudu dianteurkeun. Tuluy waktu si iteung nyebut dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban. Si Kabayan ngajawab lain sato manehn the kapan manusa. Kitu kabayan ngajawab napsu pamajikan ku jawaban anu realitas jeung nyata, teu ngajawab nu lain-lain. Pon kitu lamun aya nu nyanya ka urang keur berjuang. Urang kudu boga pikir rangkepan manehna the lain hayang mantuan tapi ukur hayang nyaho atawa hayang ngageuhgeuykeun urang. Lamun Mang Kabayan ngajawabna teu meneran kana pertanyaa si Iteung tangtu matak jadi pasea rongkah. Tapi kapan dina malikeun pananya the heueuh ceuk si iteung oge kitu pisan sabenerna mah. Kitu deui urang kudu nyiapkeun argument atawa jawaban pertanyaan anu asup akal lamun nyanghareupan pananya batur.

Inget keur gambaran hal ieu waktu abah dipentse presentasi di BAPEDA urusan izin operasional sakola anu geus 15 taun teu rengse. Abah mere gambaran kudu nyogok ku duit sedengkeun perjuangan sakola lain rek usaha pedah di lembur loba budak nu teu nuluykeun sakola. Abah mere gambaran salila 15 taun prioritas utama lain izin tapi nyalametkeun budak nepi ka boga izasah resmi ku jalan nginduk ka SMPN nu geus aya. Abah netelakeun urusan izin rek beres rek hanteu teu masalah nu penting budak salamet boga izasah. Ahirna maranehna ngadu argumen jeung papada baturna. Bari menta dihampura sabenerna mah hal nu dicaturkeun ku maranehna the intern Birokrasi lain keur bandunganeun abah. Kitu lamun urang tokblak nyarita teu didingdingkelir hareupeun birokrasi oge tokblak nyaritakeun bokbrokna birokrasi sapanjang perjalanan ngajukeun zin anu kudu nyogok, nepi ka ngantep perizinan nepi ka lima belas taun. Ahirna kalawan teu hese ari geus ngarariung silit tuduh jeung silih salahkeun mah teu burung izin operasional sakola tĕh rĕngsĕ. Kitu urang sakapeung kudu nurutan si Kabayang dina nyanghareupan perjuangan.

  1. Gogoda ti luar Nu disebut gogoda ti luar, gogoda tinu teu mais teu meuleum. Dina carita si Kabayan digambarkeun gogoda ti tatangga. Kabayan ngarĕngsĕkeunna tenang wĕ teu ĕmosi. “Ku naon? Ku naon?” ceuk tatanggana Kabayan ngajawab “keur ceurik”. “dikumaha?” Kabayan ngajawan “Diantep”. Satuluyna tatanggana nyalahkeun si Kabayan. Ahirna si Kabayan nyanggakeun si Iteung ka Tatanggana sitah maraban jeung ngawarah hirupna. Dikitukeun mah kapan tatanggana ogĕ embungeun da kapan kabayan salakina. “Nya heueuh, ceuk saha lain”. Kitu lampah Mang Kabayan nu pikaseurieun saliwat mah tapi kapan kacida jero maksudna.

Gogoda ti luar gogoda tinu teu mais teu meuleum teu nyaho jeung teu penting nyaho. Tapi maranehna ngagoreng masalah urang nepi ka harĕnghĕng. Perjuangan abah mah can labas ka tahap nasional samalah regional oge biheung da saukur nyieun sakola gratis wungkul. Tapi mĕmang loba anu ngagorĕng. Ahirna loba pejabat anu hayang apal, samalah tembus ka Jakarta. Kalem wĕ ngajawab anggota DPR, Wartawan jeung sajabana ogĕ. Samalah ngahaja diajak ngabokĕr kabokbrokan pamarĕntah/dinas nepi ka kementrian urusan kasalahan kabijakan dina widang pendidikan. Nepi ka nyiapkeun sababaraha pawer point pikeun nembrakeun hal nu sabenerna urusan dunya atikan. Tah fitenah jeung harĕnghĕng ti jelema nu teu apal perjuangan urang tĕh jadi hikmah nu ahirna perjuanga urang pada mantuan jeung mĕrĕ prioritas nepi ka abah sanggup ngabangun Sakola anu mustahil diwaragadan ku abah.

Gogoda ti luar kiwari urang titĕn kumaha sahĕngna anu ngagorĕng Gubernur Jakarta Anies Baswedan Nepi ka urusan Lĕm Aibon ogĕ jadi geuhgeuyan. Ahirna kapan tutas pada nyĕrĕd-nyĕrĕd ku sabab manehna pageuh kana aturan, neumbleuhna kanu sĕjĕn lain ka Anis. Kitu perjuangan lamun urang bener tong keueung jeung tong sieun. Sabab sagala fitenah jeung hoax bakal naplok kana beungeut batur moal naplok kana beungeut urang. Abah ogĕ pernah diancam. Nepi ka Pupuhu Sakola jeung Sekretaris ngundurkeun diri. Sabab aya ancaman bisa didenda jeung dipanjara lamun mĕrĕ izasah bari izin operasional sakola teu bĕrĕs. Teu gimir sabab kapan nu nadatangan izasah lain abah. Tapi SMP negri nu jadi induk barudak milu ujian. Satuluyna kabĕh ancaman tĕh ahirna diteureuy ku birokrasi sorangan waktu pamungkas kudu Presentasi di BAPEDA. Sekretaris mah kabur ngundurkeun diri sabab bayangan manĕhna mah abah bakal ĕlĕh Presentasi di Bapeda nu ngalantarankeun abah bakal disĕrĕd ka penjara. Buktina salamet nepi ka kiwari.

Kitu nu disebut gogoda ti luar tĕh nyatana, pitenah jeung serangan-serangan ti jelema anu ngĕwa nu hayang ngagagalkeun perjuangan urang. Komo lamun perjuangan urang bakal ngancam kapentingan bangsa sĕjĕn di nagara urang. Ku hal ieu urang kudu nyiapkeun jiwa jeung kakuatan aqal jeung pikiran nyanghareupan perjuangan. Kapireng kiwari aya rarancang hayang ngarobah ngaran Propinsi Jawa Barat makĕ ngara Sunda. Mun abah nu boga konsep geus nyelenep ti ayeuna kĕnĕh ngolongan para wakil Pasundan di Puseur Dayeuh. Ke cumarita lamun geus tuntas  kari nyaluyuan ku rahayat. Moal diumbar samĕmĕhna nepi ka sahĕng nu satuju jeung nu hanteu.

  1. Konsep kudu salawasna disampurnakeun Dina ieu carita si Kabayan mindeng hĕĕs jeung mindeng nyimpi. Hartina urang salaku konseptor perjuangan kudu salawasna nyampurnakeun konsep sabab bisa waĕ konsep kiwari bakal madeg mangkĕ. Lamun konseptorna tu nyampurnakeun konsepna tangtu konsep lajuning konsep saukur seug konsep lancar dilapangan. Dina waktu aya halangan nepi ka konsep teu jalan eta konsep bakal eureun. Ku hal ieu konseptor tong hayang jadi pupuhu. Tapi kudu nempatkeun diri dina hambalan anu pangluhurna konseptor atawa hiji lembaga anu saluhureun pupuhu, nu sanggup ngaganti jeung ngeureunkeun pupuhu dimana pupuhu teu napak dina aturan. Dina hal anu leuwih gede oge pasualan bangsa jeung nagara kitu. Urang sok nyĕrĕdkeun pasualan ka Presiden. Padahal kapan konsep berbangsa jeung bernegara teu dicepeng ku Presiden. Presiden saukur ngajalankeun wungkul. Lamun hayang wedel urang kudu ngajalankeun deui pungsi MPR jeung DPA luyu jeung UUD anu can diamandemen. Sabab didieu bisa robahna undang-undang, aturan jeung hukum anu teu bisa rĕngsĕ ku tekanan politik anu kapangaruhan ku kapentingan bangsa sejen.

Hayu urang larapkeun lampah mamang Kabayan dina kahirupan urang boh keur perjuangan pribadi, kelompok, organisasi, politik, bangsa jeung nagara. Sabab lamun konseptorna ipis parajina tangtu bakal ancur paburantak di tengah jalan. Keur hal ieu urang kudu ngahijikeun heula pamadegan memeh nangtukeun tujuan. Boh keur Sunda (Regional) atawa kuer bangsa (nasional) nepi ka urang diajĕn jeung idhargaan ku bangsa sĕjĕn. Ulah ukru jadi bahan guyonan jeung ulah daek jadi boneka bangsa asing makĕ alesan naon waĕ. (Hanca)

Leave a comment

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

%d blogger menyukai ini: