Sabtu, Oktober 31, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Ka Tegallega Jalan Darat

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
8 Desember 2020
in Warta Sunda
0
Ka Tegallega Jalan Darat

Cacakan geus usum halodo, aya keneh mobil mater di Kampung Narogtog. (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Nu dimaksud ka Tegallega jalan darat, nyaeta ngajugjug Desa Tegallega Kecamatan Ciampel, Kabupaten Karawang, henteu ngaliwatan pameuntasan Citarum di Desa Cilangkap Kecamatan Babakancikao, Kabupaten Purwakarta. Ieu mah ngaliwatan jalan Desa Mulyasejati Kecamatan Ciampel.

Ngajugjug Desa Tegallega, ti puseur kota Karawang maju ngetan rada ngidul ngaliwatan kelurahan jeung desa-desa nu aya di Kecamatan Karawang Timur, nyaeta Kelurahan  Adiarsa Timur, Desa Warungbambu jeung Desa Kondangjaya.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Tuluy ka desa-desa di Kecamatan Klari, nyaeta Desa Anggadita, Desa Klari, Desa Gintungkerta nepi ka parapatan Kopel Desa Cibalongsari. Saterusna mengkol ngidul ngaliwatan bendungan Walahar nu oge disebut bendungan Parisdo di Desa Walahar. Tuluy meuntas sasak bendungan, nepi ka Desa Kutapohaci Kecamatan Ciampel.

[irp]

Ti Desa Kutapohaci terus ngidul ngaliwatan Desa Mulyasari, tempat lomba dayung tingkat propinsi, tingkat nasional  jeung tingkat internasional, nyaeta di situ Cipule. Ti dinya ngetan saeutik, terus ngidul mapay jalan cor sapanjang Desa Mulyasari, nepi ka jalan sisian Kalimalang (Tarum Barat). Lebah BTB 1 (Bendungan Tarum Barat Hiji)  meuntas sasak, asup ka wilayah Desa Mulyasejati.

[irp]

Lebah pasar Mulyasejati aya dua jalan, bisa langsung ngidul ngaliwatan tanah Kehutanan atawa ngetan heula mapay lembur-lembur sisi Citarum tuluy ngidul. Nepi ka jalan ieu, sawatara taun katukang, mun usum hujan moal bisa mawa kendaraan. Sabab jalan nu heureut teh turun-nanjak, bulat-beulit, sawareh henteu disirtu jeung kadangkala aya nu longsor.

[irp]

Harita, cacakan geus usum halodo, aya keneh mobil mater di Kampung Narogtog. Muatan mobil diturunkeun. Motor kahalangan, hese liwat, kudu naek pasir, mapay gawir kukurubutan di nu bala.

[irp]

Mun kakara sakali atawa dua kali ngaliwat ka ieu jalan, dijamin nyasab jeung keueung. Bisa nyasab ka lembur-lembur leutik sisi Citarum, bisa nyasab ka tanah Kehutanan. Sabab kadangkala jalan buntu leuwih mulus batan jalan utama. Keueungna, lebah tanah kehutanan tatangkalan caraneom, komo mun ngaliwat sorangan ti peuting.

Kiwari, jalan teh teu rusak teuing. Sabagian jalan geus dicor. Tapi, ari kakara ngaliwat mah angger kudu dianteur ku nu geus biasa ka lebah dinya atawa mun indit sorangan kudu loba tatanya. Kitu ge ari aya jalma. Seringna mah lebah tanah Kehutanan langka jalma ngaliwat.

Aya dua sakola di ieu desa, nyaeta SDN Tegallega I jeung SDN Tegallega II. Nu pangkidulna nyaeta SDN Tegallega II di Kampung Narogtog, peuntaseun Desa Cikaobandung Kecamatan Jatiluhur Kabupaten Purwakarta. Para siswa SDN Tegallega I jeung SDN Tegallega II  neruskeun sakola ka  SMPN 1 Babakancikao Purwakarta.jeung ka SMPN 8 Purwakarta.

Tags: #basasundaartikel basa sundabahasasundaBasa Sundaberita basa sundabudayasundacarita basa sundakatasundaMancanagarangabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare198Tweet124
Previous Post

Babinkamtibmas Polsek Cibeunying kaler Sambang Lembur Tohaga Lodaya

Next Post

Polsek Bandung Kidul Gelar Ops Yustisi Bersama Gugus Tugas Covid-19

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Polsek Bandung Kidul Gelar Ops Yustisi Bersama Gugus Tugas Covid-19

Polsek Bandung Kidul Gelar Ops Yustisi Bersama Gugus Tugas Covid-19

Kota Bandung Berlakukan Buka Tutup Jalan, Ini Jadwalnya

Kota Bandung Berlakukan Buka Tutup Jalan, Ini Jadwalnya

Satpol PP Jaring 112 Pelanggar di Perbatasan

Satpol PP Jaring 112 Pelanggar di Perbatasan

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum
Regional

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

Komisi V DPRD Jabar mendukung PWI Jabar merebut juara umum Porwanas 2027 di Lampung serta memperkuat kolaborasi diskusi publik.

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026
BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026
Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.