Karawang, Bewarajabar.com — Salah sahiji kelas SMK Bina Karya 1 Karawang nu jumlah siswana 39 urang dibingbing ku Wali Kelas Mochamad Saeful Anwar, S.Pd. ngayakeun acara study tour handapeun tangkal ekaliptus sisi talaga Cihanjuang di Kutatandingan Karawang, sawatara waktu katukang.
“Tatangkalan ekaliptus ieu mangrupa “sampel hutan dunia” milik PT. Pindo Deli nu dipelak tur diresmikeun ku wakil bupati dina program “penanaman sejuta pohon” pikeun penghijowan” ceuk Koordinator lapangan Pindo Deli, Asep Doddy.
Saterusna, Asep Doddy netelakeun, di tanah nu legana 350 hektar ieu, tatangkalan nu geus jarangkung lolobana tangkal sengon (jeungjing bodas) wetaneun talaga jeung ekaliptus kuloneun talaga. Nu sejenna, tangkal akasia mangium jeung rupa-rupa tangkal bungbuahan. Saheulaanan ieu tempat dingaranan “Perkebunan Sengon Kutatandingan”.
Saterusna tempat teh baris jadi wisata leuweung diantarana pikeun kagiatan “outbond”. Pasilitas nu dijieun diantarana “flying fox” (rubah terbang, rase terbang, careuh bulan ngalayang), nyaeta, olah raga nyorosod bari ngagantung dina tambang (kawat waja) ti tempat nu rada luhur ka tempat nu rada handap, biasana diantara dua lamping pasir cara di luhureun ieu talaga.
Acara dipungkas ku balakecrakan, dahar sangu jeung daging hayam nu digelar luhureun daun cau “ponggolan” (daun cau jeung gagangna). Sangu, daging hayam jeung sambel kecap ngan sakoteap beak “diserbu” ku barudak nu meujeuhna beuki dahar.