Karawang, Bewarajabar.com — Kabiasaan kiwari nu keur “ngetren” di Karawang widang kuliner diantarana dahar sate maranggi sisi cai. Jigana, nu ngamimitian dahar maranggi sisi cai teh nu jarajan di warung sate maranggi sisi saluran irigasi, kalereun bendungan Walahar, tempat piknik nu ayeuna beuki rame.
Kadieunakeun, nu jajan sate maranggi sisi cai sumebar ka mana-mana, utamana di sisi cai saluran irigasi, nu di Karawang mah irigasi teh disebutna “ragasi”. Tangtuna oge sumebarna nu jarajan sate teh kumaha nu daragangna, hasil “survey” maranehna dagang sate sisi cai kawilang payu.
Geura weh, mun urang jalan-jalan mapay saluran irigasi ti sungapan irigasi di bendungan Walahar maju ngaler, aya wae nu jarajan sate maranggi sisi cai, diantarana, di Karawang Barat sisi irigasi tukangeun komplek Pemkab, di “totoang” Layapan sisi irigasi antara Telagasari-Tempuran jeung di sisi cai jalan raya antara Tempuran-Cilamaya Kulon.
“Suasana pikabetaheun. Di daerah panas model di Karawang ieu, jadi karaos tiis, digeberan ku angin nu ngahiliwir sisi irigasi di pasawahan,” ceuk salah saurang warga Karawang nu dahar sate sisi irigasi di “totoang” Layapan antara Telagasari-Tempuran.