Karawang, Bewarajabar.com — Di Karaton Duarawati Sri Maha Batara Kresna ngangkir Padma Nagara jeung Patih Udawa, ngayakeun sawala, rehna Batara Kresna ngarasa nyeri hate ku Pandawa, utamana ku Gatotkaca, dumeh kilangbara Samba Purwaganda dilantik jadi lurah tamtama di gedong Sadasa, ieu mah ulang taun ge teu ngondang-ngondang acan.
Batara Kresna boga patekadan rek ngagagalkeun ulang taun di gedong Sadasa oge dilantikna Gatotkaca. Padma Nagara teu satuju kana niat Kresna. Maranehna debat, Kresna bendu, ahirna Padma diasupkeun kana obag. Teu lila datang Kombayana, sarua ngarasa nyeri hate dumeh teu diondang. Ahirna maranehna sapamadegan rek ngacowkeun acara ulang taun. Tuluy ngabagi-bagi tugas, Kresna miang ka Awangga rek nginjeum senjata konta ka Adipati Karna, Kombayana langsung ka gedong Sadasa.
Di gedong Sadasa Gatotkaca keur sasadiaan pikeun ulang taun, dibaturan para ponakawan, Cepot, Dewala jeung Gareng. Teu lila datang Kombayana katut wadya balad Korawa. Parea-rea omong ahirna der perang. Perang campuh antara Gatotkaca jeung balad Korawa. Balad Korawa bubar katawuran. Resi Kombayana menta bantuan ka balad Setra Gandamayit nu diluluguan ku putrana Gedeng Permoni, Ganda Setra. Balad buta bubar katawuran, Kombayana mundur.
Di Kasatriaan Awangga Adipati Karna kadatangan Batara Kresna. Batara Kresna ngarekayasa carita, ngabobodo Adipati Karna yen aya hiji karaman nu rek ngacowkeun ulang taun gedong Sadasa, oge rek mateni Gatotkaca. Ditingal dina ogan lopian pipatieun eta karaman teh ku senjata konta. Sanggeus sawatara waktu lumangsung debat, ahirna senjata konta diinjeumkeun ka Batara Kresna. Tuluy Batara Kresna miang ka gedong Sadasa.
Di gedong Sadasa Gatotkaca ngarasa lalungse jeung panas awak. Keur kitu, ajian-ajian jeung panca braja Gatotkaca kalaluar, nyaeta: Bajingkiring, Tapaknenggala, Saptapangrungu, Brajamusti, Brajawisesa, Brajadenta, Brajawilkapa, jeung Brajalamaton. Batara Kresna bari nyumput maut senjata konta, tuluy dilempagkeun ka Gatotkaca. Gatotkaca ngemasing pati, awakna kabawa ku senjata konta ka awang-awang.
Di perjalanan Arjuna jeung Semar keur lumampah rek ka gedong Sadasa. Teu lila aya nu ragrag ti jomantara, taya lian layon Gatotkaca. Arjuna jeung Semar kaget. Berkah tarekah Semar, Gatotkaca hirup deui, sarta kanyahoan yen tiwasna Gatotkaca ku senjata konta. Arjuna jeung Semar ambek kacida. Semar miang ka Suralaya rek ngahujat para dewa. Arjuna miang ka Awangga rek menta pertanggung-jawaban Adipati Karna. Gatotkaca balik deui ka gedong Sadasa.
Dewa Jagatnata dibawa ku Semar, Adipati Karna diboyong ku Arjuna, ngariung, gunemcatur di Pandawa. Barang ditingal ku Semar, horeng Kresna teh lain asli. Katibanan ku pangawasa Semar, wujud Kresna leungit jadi Arwah Naga Percona anu gugur ku Gatotkaca dina lalampahan Jabangtutuka. Teu lila datang Batara Kresna anu asli ti lapisan bumi ka opat (Rotapala) tas kilir ti Dewi Pertiwi. Kresna dicarekan ku Dewa jeung Semar. Kresna tumarina kana kasalahanana.
Ieu lalakon wayang golek digelar mirip sandiwara ku tilu dalang babarengan, nyaeta, ku: Dalang Atam Setiawan ti Gentra Loka Klari Karawang (Juara I Binojakrama 2011), Dalang Asep Sehu ti Gending Pawitra Jatisari Karawang (Juara II Binojakrama 2011), jeung Dalang Acep Risnandar ti Tumaritis IV Telagasari Karawang (Juara III Binojakrama 2011), di Radio ADS 105,2 FM Jalan Kolam Renang Kotabaru Karawang.
Pintonan nu katembong beda tina pagelaran wayang golek umumna, utamana dina dialog jeung perang. Dina ieu pagelaran, dialog leuwih hidup, silihtembalna para tokoh wayang leuwih nyata, perang wayang leuwih rame. Tilu dalang tapis naker ngagelar ieu acara, nepi ka para panongton parogot lalajo nepi ka bubar.