Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Bantuan Toren ti Penguin ka SDN Kutamekar II Ciampel

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
20 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Bantuan Toren ti Penguin ka SDN Kutamekar II Ciampel

Kepala sekolah (tengah) katut guru-guru SDN Kutamekar II. (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — PT Penguin mere bantuan panampungan cai (toren) ka SDN Kutamekar II, Kecamatan Ciampel, Karawang, dina program “Penguin Peduli”. Eta panampungan cai dipasangkeun di tempat neundeun panampungan cai (tower) ku PT Mitra No Kai. Boh PT Penguin boh PT  Mitra No Kai mangrupa pabrik nu aya di kawasan industri tatangga SDN Kutamekar II.

 “Alhamdulillah, cai di ieu sakola lancar saparantos aya panampungan cai. Cai peryogi pisan kanggo kabutuhan di kamar mandi sareng wastafel (tempat kukumbah). Katambih  mangsa corona ieu kedah aya wastafel di payuneun kelas,” ceuk Kepala SDN Kutamekar II Ridaryani, S.Pd. nalika ditepungan Bewara Jabar kamari ieu.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

SDN Kutamekar II pernahna di tukangeun Kantor Desa Kutamekar Kecamatan Ciampel, teu jauh ti Kawasan Industri Suryacipta katut kawasan industri sejenna. Cai keur kabutuhan di kamar mandi jeung nu sejenna asalna ti saluran irigasi Kalimalang (Tarum Barat lebah BTB 9)

Cai disedot dua kali ku dua kompa cai. Kahiji, cai ti irigasi disedot ku kompa cai ka panampungan cai  di tukangeun kantor desa. Kadua, cai disedot deui ka panampungan cai di tukangeun sakola. Nu ngagarap saluran cai ti irigasi ka panampungan cai kahiji nepi ka panampungan cai kadua nyaeta PT Mitra No Kai.

Anggang antara irigasi ka komplek SDN Kutamekar II kurang-leuwih 150 meter. Cai disalurkeun ti irigasi ngagunakeun pipah paralon nu dikubur di jero taneuh, ngaliwatan jalan cor Kalimalang (jalan nu ngahubungkeun  puseur Kalimalang di Desa Curug Kec. Klari Kab. Karawang ka Jakarta)

SDN Kutamekar II taun 2020 meunang dana bantuan renovasi dua unit bangunan, nyaeta, ti Perum Peruri, bantuan dana renovasi saunit bangunan 4 lokal rohangan kelas jeung ti pamarentah, bantuan “dana alokasi khusus” (DAK) renovasi saunit bangunan 3 lokal rohangan kelas. Ku kituna, katiten, wangunan sakola weweg, meja jeung korsi siswa rapih, rohangan jeung buruan sakola beresih.

Lian ti lingkungan sakola nu beresih oge dipapaes ku pepelakan nu hejo ngemploh di emper-emper sakola, diantarana, aya pelak emes gede nu sok disebut oge “oyong” nu dina basa Indonesiana “blustru” (Luffa aegyptiaca). Blustru atawa “bulustru” nyaeta tutuwuhan ngarambat sabangsa bonteng nu buah ngorana sok disayur.

Ridaryani, S.Pd. nembongkeun buah bulustru. (Poto: Sunta Atmaja)

Warga nu sarakola di SDN Kutamekar II nyaeta barudak nu kolotna nganjrek di kampung sabudeureun sakola, nyaeta, di Kampung Cigempol, Kampung Sukasari, jeung Kampung Cikopo. Lulusan sakola 50 %  neruskeun ka SMP KIC (Kawasan Industri Ciampel), tatangga sakola, 50% neruskeun ka SMP Negeri 1 Ciampel di Desa Kutapohaci, tatangga desa.

 Jumlah siswa SDN Kutamekar II: 276, ngawengku; Kelas I: 48, Kelas II: 43, Kelas III: 50, Kelas IV: 37, Kelas V: 57, Kelas VI: 42, sumebar di 8 rombel (rombongan belajar), nyaeta: Kelas I, II, III-A, III-B, IV,V-A,V-B,VI.

Personal SDN Kutamekar II; Kepala Sekolah: Ridaryani, S.Pd.;  Guru-guru: N. Aris Rulinah, S.Pd., Sunandar, Masitoh Laelasari, S.Pd., Wasum, S.Pd., Iman Hilmansyah, S.Pd.I, Hardyah Dewi Ayu N, Sofia Dewi Nurhasanah, Made Ayu Novia Putri, Novian Nuranwar: Operator Sekolah: Raka Aditya. (Sunta Atmaja)

Tags: artikel basa sundabahasasundaBasa Sundabasa wewengkon Karawangberita basa sundabudayasundacarita basa sundaDisparbud Kabupaten KarawangFestival Teater Pelajar Basa SundakatasundaKomunitas Seniman Muda KarawangMancanagaramilangkala Kabupaten Karawangngabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare196Tweet123
Previous Post

Satgas Anti Rentenir Fasilitasi dan Berikan Solusi Kepada Para Korban

Next Post

Prabu Siliwangi Jatuk Rami di Masjid Agung Karawang

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Prabu Siliwangi Jatuk Rami di Masjid Agung Karawang

Prabu Siliwangi Jatuk Rami di Masjid Agung Karawang

Metode Pembelajaran Mangsa Covid-19 di SMPN 1 Ciampel

Metode Pembelajaran Mangsa Covid-19 di SMPN 1 Ciampel

Dengerin Lagu Nostalgia Emang Bikin Baper

Dengerin Lagu Nostalgia Emang Bikin Baper

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.